Hariring-Dadang-HPDI  Bogor, sakurangna aya dua Arief anu resepna ngadongèng dina  Basa Sunda, nyaèta  Ki Haji Arief Balap (Mama) jeung Mama (Haji) Arief Hidayat. Nu kahiji, sok ngadongèngkeun sohibul hikayat, sarta tos taya dikieuna. Anu kadua mah, ahli dongèng isagala rupa, sarta aya kènèh, jumeneng tapi hanjakal geus tara ngadongèng deui. Ceuk almarhum pun bapa, Mama Arief Balap kungsi ditanggap mangsa kuring disunatan, hanjakal geus teu inget deui.  Ceunah lamun Mama Arief Balap geus ngadongèngkeun hikayat teu èlèh ramè ku dalang,sanajan teu dipirig ku gamelan atawa dipapaèsan ku sora sindèn ogè. Anu diriwayatkeunna ngeunaan agama, sarta diwakilan ku Ki Ahmad Si Kopèah beureum.  Biasana Mama Arief Balap dina nyuguhkeun sohibul hikayat sok macakeun solawa Nuril Anwar atawa solawat Badawi Sugro sabab nu nyusunna Wali Kutub Al-Imam Ahmad Al-Badawi ra. Rumpaka dina basa latènna kieu.

Allahumma shalli ‘alaa nuuril anwaari wasirril asraari, watiryaaqil aghyaari wamiftaahi baabil yasaari, sayyidinaa wamaulaana muhammadinil muhtaari wa aalihil ath haari wa ash haabihil ahyaari ‘adada ni’amillaahi wa ifdhaalih.

Kautamaan shalawat ieu diantarana,  lamun anu macakeun saentas shalat wajib, mangka èta jalma bakal dijauhkeun tina  sagala bahla sarta digampangkeun rejekina. Lamun  maca dina  beurang peuting saratus  kali, bakal meunang rejeki lahir batin  mujarab pikeun ngahasilkeun sagala pamaksudan  ngajauhkeun bahla, jeung meunang cahaya Ilahi. Alus ogè pikeun anu hayang  naèk pangkat jeung  jabatan, mangsa samèmèh mangkat gawè dibaca sakurangna 21 balikan. Ah, pokona mah leubeut pisan. Dina sohibul hikayat, anu dicaritakeun ku Mama Arief Balap, anu tokoh sèntralna Ki Ahmad tèa. Dicaritakeun Ki Ahmad Kopèah beureum anu bapana tukang mabok, ahli judi, tukang tarok sarta jauh pisan tina agama. Ari Ahmad, pagawèanna ukur nguseup di walungan. Mangsa Ahmad amitan rèk masantrèn bapana nanya kieu.

“Ari masantrèn bisa ngahasilkeun bèas henteu.?” Ah pokona mah teu nyatujuan lamun Ahmad masantren tapi bari jeung taya panghasilan pikeun indung bapana. Sahibul hikayat ieu ngagorolong kawas cai ngamalir bari dieusian ku heureuy anu nyeni, matak piseurieun, teu matak bosen sanajan  waktuna nepi ka jam-jaman. Ku pinterna Mama Arief Balap mawakeun sohibul hikayat bari dihaleuangkeun, dipapaès ku rupa-rupa ajaran agama, anu diajarkeunna tèh, kaciri pisan antara nu bodas jeung nu hideungna. Naha aya bawaeun balik? Pastina aya, sabab bakal ngandelan iman, hususna ku fadilah salawat Nuril Anwar jeung  kalakuan Ki Ahmad dina nanjeurkeun dienul Islam. Dina tungtung carita Ki Ahmad manggih bagya, nikah jeung santri anu geulis kawanti-wanti, turunan jalma beunghar sarta bisa nepi ka ngadegkeun pasantrèn sagala. Arief anu kadua, Mama Arief Hidayat, ahli dongèng  basa Sunda anu ogè kawèntar  kusabab remen ngadongèng dina sababaraha radio. Kalimah anu pangkawèntarna nyaèta. Euh waktosna seep……

Hèbatna Arief anu ieu dina mangsa keur jayana  ngadongèngna teu make konsep jeung teu maca. Dongèng anu dibawakeunna ngaguluyur anu datang  bawaning kilat, èstu datang saharita bari angger tetep nyambung jeung carita anu kamari. Dongèng Mama Areif Hidayat, nyaritakeun lalakon jawara, kahirupan rumah tangga sarta nu lianna. Hanjakalna mangsa anjeunna ngadongèng taya nu ngarèkam, padahal lamun dibukukeun hèg dijual pastina laku, sabab bakating ku ramè, tur matak pogot nu maca atawa mangsa di radio mah anu ngadèngèkeunna.

“Nyitak ahli dongèng” boh sahèbat Ki Arief Balap atawa Mama Arief Hidayat kawilang hèsè, hususna anu nyaritak ku basa Sunda kawilang hèsè, buktina nepi ka ayeuna taya deui ahli sahibul hikayat atawa ahli dongèng Sunda, komo bari bisa 18 sora kawas Mama Arief Hidayat mah. Padahal, basa Sunda atawa basa daèrah keur meujeuhna dihangkeutkeun, pikeun ngajaga ceuyah jeung mahabuna kabudayaan luar nagri anu tangtuna didasar, an ku basa Inggris. Kahareupna bangsa urang bakal dipaksa sina barisa basa Inggris kusabab pikeun kaperluan kabutuhan sapopoè, lamu teu kitu bakal tinggaleun, komo mangsa èra perdagangan bèbas geus lumaku di nagara urang. Basa anu mangrupakeun bagèan tina budaya bakal carem jeung tilem kasèrèd, kagusur ku budaya deungeun anu can tangtu cocok jeung budaya urang. Mugia wè kahareupna aya Arief-arief deui nya.