Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA
ISUKAN, Kemis (sabagèan aya anu Rebo) di nagara urang bakal ngalakÂsanakeun Shalat Iedul Adha, sarta saterusna motong sato qurban. Di lembur kuring ogè teu jauh bèda, aya anu motong sapi, domba, teu bèda ti taun-taun samèmèhna, sok kabagèan nyisit bari jeung teu bisa ogè. Quban anu ayeuna dilaksanakeun ku umat Muslim sa-dunya, dikasangtukanÂgan ku lalakon Nabi Ibrahim AS anu diparèntahkeun ku Allah, meuncit putrana Nabi Ismail.Ujian anu rohaka pisan, ka mahluk Allah anu pangÂsabarna, boh ka Nabi Ibrahim atawa putran, Nabi Ismail AS. Kacaritakeun samèmèhna, Nabi Ibrahim AS meunÂcit qurban fisabilillah nyaèta 1.000 domba, 300 sapi sarta saratus unta. Puguh wè anu aya di dinya tèh ngarasa kagugu. Saur Kangjeng Nabi Ibrahim yèn qurban sakitu tèh dianggap can nanaon.
“Demi Allah,lamun tèa mah kuring boga anak lalaki, hèg ku Gusti Allah diparèntahkeun pikeun dipeuncit, pasti ku kuring dilaksanakeun,â€sanggemna, kusabab istrina, Sarah tacan kakandungan kèÂnèh. Ahirna, Sarah mènta sangkan Nabi Ibrahim nikah jeung Hajar salah saurang budak anu meunang ti Mesir. Mangsa Kangjeng Nabi Ismail umurÂna 7 taun (aya anu nyebutkeun 13 taun),dina peutingan Tarwiyah, poè ka 8 bulan Dzulhijjah, Nabi Ibrahim AS ngimpèn sangkan nedunan nadzarna. Dina malem ka ke-9 di bulan DzulhijÂjah, manetanna ngimpen sarua jeung peuting samèmèhna. Lantaran terus-terusan ngimpi anu sarua, ahirnya Nabi Ibrahim meunang katetepan hate pikeun ngalaksanakeun nadzarÂna. Sabab dina impian anu katilu, aya parèntah jelas pisan yèn saenyana AlÂlah SWT marèntah manèh, sangkan meuncit anak manèh, Ismail.
Dina riwayat sèjèn dicaritakeun mangsa ngimpi anu munggaran, Nabi Ibrahim AS, milihan domba anu lintuh pikeun dipeuncit , jumlahna nepi ka saratus sikina. Mangsa Subuh, Ibrahim mendakan istrina sangkan ngadangdanan anakna, Ismail bari nyebutkeun bakal diajak natamu ka Allah SWT, sarta ngajugjug salah sahiji tempat di Mina bari mawa tali jeung pedang. Niat Nabi Ibrahim anu bakal meuncit anakna, geus pasti meunang halangan, boh ti dirina, istrina jeung iblis anu bulak-balik nganaha-naha make meuncit anakna.
Malah Kangjeng Nabi Ismail nyalira anu nyandak batu leutik sarta dibalèÂdogkeun ka iblis-iblis anu ngagangguÂna. Nabi Ismail meredih, sangkan pedÂang pikeun meuncitna seukeut, sarta bajuna dipasihkeun ka ibuna. Tapi ku izin Allah SWT, Nabi Ismail diganti ku domba. Kumaha carita di jaman kiÂwari? bisa deukeut bisa jauh. Patali jeung qurban anu dilaksanakeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim AS, saujratna urang kudu bisa neuleuman, kana kaiÂmanana nu dicaritakeun boh ku Nabi Ibrahim atawa Nabi Ismail AS.
Di jaman kiwari puguh ogè kawilang anèh, dasarna pangorbaÂnana tèh lain katakwaan tapi bisa ogè sabab nu sèjèn. Aya anak tega mergaÂsa bapana, alatan dipinuhan ku nafsu angkara murka. Kitu ogè sabalikna, aya indung anu miceun anakna, kusaÂbab dicampuran ku sètan anu nyaliara dina jero dadana.
Su’al qurban ogè bangun anu nyaaheun, padahal Allah geus mere kani’matan ku harta anu loba, jeung kani’matan sèjènna, anu geus past moal bisa diitung ku manusa, Padahal dina salah sahiji Hadist jelas pisan yèn Kangjeng Rasul mahing umatna anu geus kawasa qurban tapi teu daèkeun qurban pikeun ngadeukeutan tempat sholat.
Sakumaha dina iklan anu remen aya dina telepisi lamun waè ieu qurÂban tèh qurban anu pamungkas, saÂbab taun hareup mah tacan tangtu umur urang nepi ka Iedul Adha anu bakal datang. Ieu mah meungpeung aya di hareupeun panon, hèg waragad pikeun meulina aya, matak naon dibuÂru-burukeun. sabab migawè kahadèan mah ulah sok ditunda-tunda, bisi teu kaburu, atawa nyawa dipisahkeun jeung raga, Sanajan aya catetanna mah, sabab mungguhing kaadilan AlÂlah, ku niat hade wungkul ogè geus diÂcatet jadi amal kahadèan. Tapi, afdolÂna mah nya dilaksanakeun sacepetna èta niat tèh, sanès?
Wilujeng Iedul Adha, Wilujeng QurÂban, mugia sadayana ditampi tur dibales ku Allah SWT manglipet-lipet. Amien. (*)