Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BIASANA tas jumaahan tèh sok tuluy ngopi, ngan kulantaran maÂsih loba kènèh daging kurban atuh kopi tèh ditunda heula, lèbar emÂpal jeung sop hulu èmbè can kaasÂaan. Jadi kusabab nu beukina ngan sorangan, atuh ngawayahnakeun manèh, ti mimiti ngurus nepi ka ngolahkeun tèh ku sorangan. Dua poè kamari mah mani asa weureu, lain ku ngadahar tapi ku ngurusan. Keur anteng ngahanju sop hulu, jol Ki Tatang dulurna Ki Madi, malah meureun kapiadina, sabab indungna Ki Madi tèh lanceuk indÂungna Ki Tatang. Sanajan sesebuÂtanana Aki, lain hartina geus kolot, komo pikun jeung geus katerap paÂnyakit B tilu, nyaèta bèsèr, boson jeung bubudakeun deui. Ieu mah landian loma wè, geus kitu sanaÂjan ogè geus incuan, tapi ari kana urusan nèangan èlmu mah, kacida resepeun kènèh. Kaasup ngalangÂlang ka “alam gaibâ€, dina dunya internet. Ngan ari palebah fèfèsbuÂkan mah teu daèkeun, pajarkeun tèh miceunan waktu wungkul.
“Coba wè itung sabaraha jam waktu anu dipiceunan di haÂreupeun layar komputer, ngan saukur kikituan. Tibatan kitu mending nèangan èlmu-èlmu kaagaamaan. Peupeuriheun keur ngora mah teu kaburu saÂbab kasiwer ku pagawèan. Tah ayeuna meungpeung loba waktu, naon salahna ngagunakeun kacanggihan tèknologi pikeun nambahan èlmu pangaweruh, da èlmu mah teu beurat ieuh dibawaÂna. Ongkoh lamun uteuk teu digunakeun, sok tèrèh pikeun,†pokna tèh. Aya benÂerna, tah omongan Ki Tatang tèh. Bèdana tèh, lamun Ki Madi mah kurang pati reseÂpeun kana dunya tèknologi kayaning ngagunakeun comÂputer jsbna.
“Lah euweuh gawè, keur anu saumuran urang mah, teu kudu kikituan, kudu jeung prakna. HayÂang nambahan èlmu agama sakaÂlian bari jeung datangna ka majlis ta’lim. Hayang nyaho ngeunaan bab-bab agama, kari datang nanÂyakeun ka kiaina. Ku niat, gidig jeung hadirna di majlis ta’lim mah geus meunang pahala. Tong boÂroning ngadèngèkeun, dina nunÂdutanana ogè pan geus diganjar ku Gusti Allah,†pokna tèh sababaraÂha waktu kaliwat basa papanggih di Kampus IPB, harita anjeuna keur nganteur incuna nèangan buku anu keur dipamèrkeun di Graha Wisuda.
Enya teu salah, pan nèanÂgan èlmu mah wajib hukumna, ti mimiti gubrag dilahirkeun nepi ka rèk diasupkeun kana liang lahat. Malah sabda kangjeung Rosul, sarèna ahli fikih leuwih utama tiÂbatan ibadahna jalma bodo.
“Kamari tèh kuring mukaan sababaraha situs ngeunaan dosa-dosa badag, masya Allah, geunÂing loba kacida aya kana tujuh puluhna. Jigana saÂbagèanana tèh remen diÂlakonan ku urang,†ceuk Ki Tatang.
“Aya sabaraha, tuÂjuh puluh ?†cèkèng tèh, ngarènjag sabab kakara nyaho.
“Enya, mun tah ieu catetanana,â€pokna tèh bari ngasongkeun catetaÂnana anu meunang nyoÂkot tina sababaraha situs. Dina kertas sacewir aya tulisan anu eusina ngeuÂnaan dosadosa gèdè diantarana, syirik (ngaduakeun Allah), maèhan jalma, migawè sihir,ninggalkeun shalat, teu ngaluarkeun zakat, teu migawè puasa dina bulan ramaÂdhan bari jeung taya alesan anu kuat, teu ngalaksanakeun ibadah haji sanajan geus mampu, dorÂaka ka indung bapa, mutuskeun silaturahmi,zinah, ngayakeun hubungan jeung sasamana (lalaki jeung lalaki)ngadahar riba, ngadaÂhar harta anak yatim, ngabohongÂkeun Allah SWT jeung RasulNA.
“Ieu tèh kakara opat belas, mangkaning aya kana tujuh puluhÂna nya?†cèkèng tèh bari nempoan catetan Ki Tatang.
“Tah ngeunaan syirik dawuÂhan Allah dina Surat An-Nisaa ayat 48 tèh eusina kieu, saenyana Allah moal ngahampura dosa syrik jeung Mantenna ngahamÂpura kana sagala dosa salian ti èta (syrik) èta, ka saha waè anu dipiÂkahoyong-NAâ€.
“Tah anu diantara anu opat beÂlas di luhur aya anu teu sadar dilakÂsanakeun bari alesanana tèh kulanÂtaran kasibukan tèa nyaèta ibadah haji, padahal geus mampuh. LoloÂbana mah lain sieun ku hukum AlÂlah, sieun ditèwak ku pulisi tuluy diasupkeun pangbuian.â€
“Enya lamun kitu mah, leuÂwih sieuneun ku hukum manusa tibatan hukum Allah nya. Padah di lebak mah, moal aya anu nulunÂgan. Iwal ti amal-amalan!†(*)