Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
POÈ ieu, urang geus nincak dina munggaran taun anyar taun 2016, ninggalkeun taun heubeul, taun 2015. Nempo nu mapagkeun jeung mièling taun anyar, di unggal temÂpat tina tipi, matak ngahuleng.
Kitu ogè di Kota Bogor, ti mimiti jam 09.00 kènèh jalma geus tingrariung, boh jeung kulaÂwarga atawa babaturanna pikeun mapagkeun ganti taun dina jam 12 peuting atawa jam 0.00. Di saÂbabaraha tempat.
jalma loba nu ngadadak ngajual areng jeung jagong amis,pikeun dibeuleum bari ngadagoan ganti taun. Naha enya kudu kitu? mapagkeun taun anyÂar tèh. Taun anyar anu dipièling ku urang dina peuting tadi, pasÂtina taun Masèhi, anu itunganna bèda jeung taun Islam.
Puguh wè rada himeng jeung hookeun, sabab mièling atawa mapagkeun taun anyar Islam mah, teu saramè mapagkeun taun Masèhi. Padahal mun diiÂtung-itung, jumlah pangeusi nagÂara Indonesia,leuwih ti 95 persèn Muslim jeung Muslimah.
Naha jadi kitu nya. PanyaÂbabna nya kabiasaan tèa, kusaÂbab taun Masehi mah dipièlingna tèh ku para pajabat, gegedèn jeung pamingpin daèrah jadi wè leuwih ramè. Lain ngan saukur para pajabat di daèrah wungkul, pan nepi ka Presidenn ogè milu mapagkeun ganti taun anyar tèh.
Ganti taun peuting tadi, pas maleman malem Jumaah, anu ceuk umat Islam mah, mangrupa saidull ayam atawa rajana poè, kitu ogè munggaran taun anyar tèh nincak dina poè Jumaah pisan.
Lamun tèa mah dina peuting tadi teu kaburu ngadu’a kusabab ngarriiweuh sorangan ku ngaluuhan atawa nyieun cara, malah loba anu nepi ka (mo)poho(keun) kawajiban. boh sholat Isya jeung Subuh, alusna mah dina poè ieu tèh ditobatan, sarta ngadu’a sangkan dina taun ieu.
(anu ceuk shio urang TionÂghoa mah tau monyet) dipapaÂrin kabarokahan, boh dina kaiÂmanan, rejeki sarta nu lianna. Sabab loba pisan di urang boh anu karolot atawa anu rumaja, mapagkeun taun tèh migawè lampah anu gorèng jeung teu uni. Ti mimiti mabok-mabokan, pèsta sabu nepi ka pèsta sèks sagala.
Tah kalakuan samodèl kitu tèh ulah nepi aya anggapan dina taun anyar atawa ganti taun mah dimeunangkeun. Kumaha lamu isukna atawa saentas migawè nu kararaitu, Allah ngutus Malaikat Maut pikeun nyabut umurna. Cilaka gedè pisan tah.
Ganti taun ceuk salah saÂhiji seniman Sunda anu kawènÂtar Mang Koko Koswara, ganti taun tèh sakuduna mah mangsa pikeun ngadu’a sangkan sakabèhÂna leuwih hade ti samèmèhna. Eta kaunggel dina kawih ciptaÂanna. Lagu Ganti Taun.
Ganti taun muga mawa kamajuan, ganti taun ngawujud karaharjaan Patani sing mukti babakÂti gumati,ngolah tanah laluasa Patani di sisi sing sepi karis, ayem tengtrem lalugina Ganti taun patani kasinugrahan, ganti taun ngawujud karaharjaan Ganti taun muga mawa kamajuan, ganti taun ngawujud karaharjaan Padagang sarenang, panÂtrang gede hutang, Babakti ka nagarana, PadaÂgang marukti Kuat ekonomi, nagara jembar raharja Ganti taun kama’muran sing ngabukti Ganti taun sarerea suka ati, ganÂti taun muga mawa kamajuan Ganti taun ngawujud karaharjaan, kaum buruh kukuh Teu ripuh rumahuh, rumah tangÂga lalugina Kaum buruh jujur, hirupna diatur Nyieun jasa ka nagara, ganÂti taun kaum buruh sarugema Ganti taun nagri pinanggih wibawa
Palebah dieu, Mang Koko ngajak urang sangkan ngadu’a babarengan sarta ngadu’akeun sakabèhna aya dina kabagyaan jeung karaharjaan. Ti mimiti,padagang, patani burug, kaasup kaayaan rumah tangga.
Mang Koko sang maestro seni Sunda hususna karawitan geus bisa ngagambarkeun jeung mere lolongkrang ka urang sakabèhna, sangkan nincak taun anyartèh kudu robah.ti anu asalna kurang alus jadi leuwih alus. Anu gorèng kalakuan dina taun samèmèhna dina taun anyar mah nya kudu diÂrobah, diganti ku nu alus.
“Anggursi anu geus dipigawè dina taun samèmèhna tè dipariksa ku diri sorangan, pikeun dihadèan atawa dironjatkeun dina taun anyÂar ieu. Lain ngan saukur mapagÂkeun jeung asup kana taun anyar bari taya niat ngarobah kalakuan pisan, Ulah ngan jogow wè, bisi teu kaburu dihadèan hèg umur urang geus dicokot ku Nu GaduhÂna,†ceuk Ki Ayub daria pisan.