Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN salila ieu aya pamadeÂgan ngeunaan Kandaga Lantè anu meunang tugas ti Raja PakÂuan Pajajaran (Sunda Galuh) anu pamungkas Prabu Raga Mulya Surya Kancana yèn opat patih nyaèta Jaya Perkosa, Nangganan, Kondang Hapa jeung Tèrong Pèot meunang tugas pikeun masrahÂkeun kakawasaan jeung pusaka Pajajaran ka Karajaan Sumedang Larang anu dirajaan ku Prabu Geusan Ulun, sarta satuluyna aya lalakon Geger Hanjuang tèa, ngan saukur meunang parèntah wungÂkul, atawa aya ogè anu nyebutÂkeun yèn Kandaga Lantè tèh temÂpat jsb-na, Kang Wawan Khusnun anu salila ieu kacida merhatikeuÂnana kana urusan kabudayaan jeung kasenian, negeskeun yèn Kandaga Lantè tèh sarua jeung panitia adhoc, atawa panitia sawatara pikeun nyiapkeun kaluÂmangsungan Karajaan Pajajaran satuluyna.
“Anu pangasup akalna kusaÂbab Karajaan Sumedang Larang masih kènèh turunan ti PajajaÂran, nya pikeun sawatara waktu dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun,â€pokna daria. Hanjakalna, Prabu Geusan Ulun dianggap teu lulus kusabab henteu tigin jangjiÂna, ka Jaya Perkosa atawa gamÂpang kapangaruhan ngeunaan tangkal hanjuang anu dipelakna tèa. Padahal Jaya Perkosa kalayan teges nyebutkeun lamun tangkal hanjuang hèjo ngemploh tandana unggul di juritan. Sakumaha diÂcaritakeun yèn Prabu Geusan Ulun ninggalkeun Kutamaya pimÂdah ka Dayeuh Luhur.
Ngeunaan Karajaan SumedÂang Larang sorangan numutÂkeun catetan sajarah anu aya, diadegkeunana tèh ku Prabu Aji Putih mangrupa bagian ti KaraÂjaan Sunda Galuh mangsa harita. Ngaran Sumedang sorangan ngalaÂman sababaraha kali parobahan, samèmèhna Karajaan Tèmbong Agung rajana Pragu Guru Aji Putih.
Samangsa diparèntah ku Prabu Tajimalèla ngaranna diÂganti jadi Himbar Buana, harÂtina nu nyaangan alam. Mangsa harita Prabu Tajimalèla kantos ngadawuh Insun medal insun madangan anu harti kuring dilaÂhirkeun, kuring nyaangan.
Saterusna kecap Insun Madangan robah jadi Sundang kabèhdieunakeun jadi SumedÂang Larang, Larang hartina anu taya tandingna. Prabu Agung Resi Cakrabuana atawa leuwih kakonÂcara ku gelar Prabu Tajimalela gaduh putra tilu nyaèta
Prabu Lembu Agung, Prabu Gajah Agung, jeung Sunan GeuÂsan Ulun. Dumasar kana Layang Darmaraja, Prabu Tajimalèla mere parèntah ka dua putrana Prabu Lembu Agung jeung PraÂbu Gajah Agung sangkan jadi raja jeung patihna.
Hanjakalna duanana teu sadia jadi raja, kulantaran kitu, Prabu Tajimalèla mere ujian ka duaana, sarta diputuskeun anu èlèh kudu jadi raja. Lembu Agung jeung Gajah Agung diparèntahkeun pikeun ngajagaan pedang jeung dawegan di Gunung Nurmala kiÂwari Gunung Sangkanjaya.
Hanjakalna Prabu Gajah Agung, teu kuateun ku hawa haÂnaang, sarta dawegan anu aya dileueut caina.
Kulantaran èlèh, ahirna Gajah Agung kudu jadi raha Sumedang Larang bari kudu nèangan puraÂsaba sorangan, sawatara Prabu Lembu Agung jeung katurunaÂnana tumetep di Leuwihideung, tur jadi raja sawatara anu disebut Prabu Lembu Peteng Aji pikeun ngajalankeun wasiat Prabu TajiÂmalela.
Prabu Tajimalèla nyalira satÂerasna jadi resi. Sedengkeun Prabu Geusan Ulun jeung katuÂrunana sumebar di di LimbanÂgan, Karawang, jeung Brebes. Saentas Prabu Gajah Agung jadi raja, satuluyna purasaba jeung karajaan dipindahkeun ka CigulÂing sarta mangsa mantenna puÂpus dimakmamkeun di Cicanting Kacamatan Darmaraja.
Prabu Gajah Agung gaduheun dua putra, anu cikal istri, namina Ratu Istri Rajasumantri tur nikah jeung Prabu Siliwangi sarta ngirÂing ka Pajajaran. Anu kadua SuÂnan Giling neruskeun jadi raja Sumedang Larang, anu saterusna dituluykeun ku putrana Sunan Patuakan.
Sapupusna Sunan Patuakan karajaan diteraskeun putrana anu istri nyaèta Nyi Mas Ratu Patuakan anu carogèna Sunan Corenda, putra Sunan Parung. Nyi Mas Ratu Patuakan ngagaduÂhan putra istri Nyi Mas Ratu Inten Dewata (1530-1578) anu gumelar Ratu Pucuk Umun.
Ratu Sumedang Larang ieu nikah sareng Pangeran KusumahÂdinata, putra Pangeran PamalekÂaran (Dipati Teterung), putra Aria Damar Sultan Palembang katuÂrunan Majapahit.
Ibunaa Ratu Martasari/Nyi Mas Ranggawulung, katurunan Sunan Gunung Jati ti Cirebon. Pangeran Kusumahdinata dina lalakonna leuwih kakoncara ku jujuluk Pangeran Santri kusabab asalna ti pasantrènan sarta parÂipolahna kacida solèhna. (*)