Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LANTARAN kakara katarima gawè di Jakarta, sarta sieun teu kapakè komo nepi ka dikalu­arkeun deui mah, cape-capè ogè ngawayahnakeun indit jam 3 sub­uh ti imahna di Jasinga ka Batawi. Puguh ku didugdag kitu tèh, loba kawajiban anu katinggaleun.

Mangsa azan subuh manèhna ngangkleung kènèh dina angkot, nepi ka statsion Bogor, geus jam genep isuk, karèta ka Jakartakeun geus nampeu rèk mangkat. La­mun kudu shalat Subuh heula geus pasti kabeurangan gawè. Komo deui pan manèhna mah masih dina mangsa panyobaan.

Sakurangna antra 3 bulan nepi ke 6 bulan mah, ulah nepi ka aya nilèy gorèng ti pingpinan. Rèk kost atawa ngontrak di Ja­karta ngadeudeukeutan tempat pagawèan can boga waragadna. Sabab mun diitung-itung sanajan cape leuwih kènèh kaharti bulak-balik atawa didugdag.

Urusan cape jeung jauh mah teu burung dilakonan. Komo deui bari ninggalkeun budak anu ma­sih cooeun mah, kaasup indung­na. Nu kaburu dipigawè tèh ukur Lohor, Ashar jeung Isya, kitu ogè Isya mah kakapeungan, lamun teu cape pisan. Wanci Magrib masih kènèh gugulantungan dina karèta api.

Tepi ka Bogor jam sapuluhan diteruskeun kana angkot ka Jas­inga, nepi ka imah tèh persis jam dua welas, atawa satengah hiji. Jam dua peuting kudu geus siap-siap deui. Kitu jeung kitu unggal poèna tèh. Ceuk nu ngalaman mah, kolot di jalan cenah.

BACA JUGA :  Sarapan dengan Pancake Pisang Sirup Maple yang Enak dan Simple

Dalah dikumaha deui, sakurangna sababaraha taun ka­hareup mah, samèmèh meunang jabatan anu anyar sarta panghasi­lanna ngaronjat, kaayaan kitu tèh nya kudu dilakoan. Atawa meu­nang pagawèan sèjèn anu teu pati “nyiksa” teuing, nepi ka kudu ngorbankeun urusan ahèrat. Nu rada paur mah kulantaran geus bi­asa kitu tèa, lila-lila jadi kabiasaan. Ninggalkeun kawajiban salaku umat Islam tèh geus dianggap bisa jeung teu ngaasa dosa deui.

Di tempat sèjèn, aya pimpi­nan salah sahiji pausahaan, anu gawèna ukur rapat jeung rapat, sa­bab pausahaann geus maju pisan, karyawanna ogè nepi ka ratusan urang. Bakating ku ngan saukur tu­tunjuk jeung mere parèntah pisan, tibatan gawè leuwih loba ulinna.

Ka imahna mah enya siga anu sibuk pisan, indit isuk balik ten­gah peuting, bari sakapeung mah teu balik aya kana tilu opat poè­na, ka pamajikanna mah nyebut­keun meeting di luar kota jeung kolègana, padahal mah meuting bari miting nu geulis, ngalanjur napsu ngumbar amarah. Lamun geus kitu sok poho kana sagalana, ceuk budak ayeuna mah,siga nu bakal hirup salilana. Tong boron­ing inget kana maot, anak pamaji­kanna ogè ngadadak poho.

Hirup mèmang pilihan, tapi teu sakabèh jalma bisa milih laluasa jalan hirupna. Tapi loba ogè manusa anu ku Allah dibèrè pikeun milih diantara dua èta, dunya atawa ahèrat. Loba anu salah pilih. Ngaheulakeun dunya tibatan ahèrat.

BACA JUGA :  Minuman Hangat Cegah Pilek dengan Teh Jahe Mint yang Mudah Dibuat

Padahal lamun pilihanna kitu, biasana dunyana teu beu­nang ahèratna leungit. Tapi saur para ulama ogè aya rèngkolna dina hadist, lamun ngaheulakeun ahèrat, geus pasti dunyana bakal kasampeur. Paribasa Sunda nga­jarkeun èlmu tungtut dunya siar.

Anu dimaksud èlmu ieu pas­tina lain èlmu anu umum wungkul, tapi kaasup èlmu pikeun ngajalankeun ibadah. Sabab ibadah teu jeung èlmuna, bakal kasarung-sarung. Sarèna jalma pinter leuwih alus tibatan iba­dahna jalma bodo (teu ngarti). Sawatara dunya kudu disiar (ditèangan) salian ti kudu nyuku­pan kabutuhan, pan syiar Islam ogè perlu waragad kaasup dina ngajalankeun ibadah.

Pikeun ngingètan èta, baheu­la di masigit (biasana samèmèh Magrib atawa Asha ) sok aya anu mèpèlingan sangkan jalma buru-buru datang ka masigit pikeun shalat berjamaah. Mun teu salah padalisanna kieu:

Sadèrèk Muslimin, buru-buru geura shalat, meungpeung aya kènèh waktuna samèmèh porot.

Sareng buru-buru sadayana geura tobat, meungpeung hirup kènèh, di dunya samèmèh maot.

Teuing tah di jaman kiwari aya kènèh kitu? Sabab tong boroning pupujian samodèl kitu, sanajan geus adzan ogè loba kènèh anu hare-harè. Contona mangsa keur wayah magrib di jalan, jalma pa­hibut kènèh ngagawèan urusan dunya. (*)

============================================================
============================================================
============================================================