Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
JENATNA indung baheula, sok “gegerendeng†, ulah kawas jogÂjog mondok cenah, mangsa kurÂing jeung sadudulur samèmèh sarè, ararocon heula, silih aluÂngkeun bantal, guguling, malah sakapeung mah kasur ogè jadi korban, urungna nepi ka soèh, eusina murudul, atuh mangsana geus kudu istirahat tèh, indung kapaksa ngaputan heula urung kasur anu soèh tèa.
Sabab lamun diantepkeun, bisa jadi mangsa keur hudang, eusina kari saparo, sarèna maraÂrotah. Tapi nu ngaranna indung, sanajan sakumaha tunduh jeung capèna ogè, ih paromanna tèh angger wè taya sari-sari keuheul jeung ambek.
Padahal ti isuk jeput, malah ti subuh kènèh geus popolah, nyÂiapkeun kadaharan anak-anakna, ah pokona mah. sigana tèh mangÂsa keur kumelendang di alam duÂnya, komo anu anakna rèa mah, asa taya reureuhna.
Tanaga, pikiran, sakabèhn dibikeun pikeun anak salakina. Komo mangsa nempo budakna balangor, teu nurut, basangkal, sigana tèh leuwih ti dua kali lipet. Kitu ogè kumaha kudu ngatur anggaran, ngeureut neundeun, padahal panghasilan salakina tèh teu nyukupan pikeun sabulaÂneun.
Meureun indung mah, kudu ngaduakeun huap, ngatur bahan asakeun, bari jeung duitna kurat-karèt.
Reureuh nu sabenerna mah, nya mangsa geus dipundut yusÂwa, ngadeuheus ka Nu Maha MurÂbeng Alam, bari tangtuna maÂsih kènèh “nyaksian†kalakuan anakna nu masih kènèh harirup.
Mangsa keur kitu, anu diarep-arep tèh ukur du’a ti anak-anakna anu sarolèh tur ngadu’akeun koÂlot-kolotna.
Saur Ustad Dudi anus ok ngeusian tausiah di majlis deukeÂut imah, unggal poè Salasa, ngeuÂnaan ieu aya corètna sakumaha dina Hadist Riwayat Muslim anu nètèlakeun yèn lamun anak Adam maot, pegat sakabèh amalÂna, iwal ti sidekaj jariah, èlmu anu mangfaat jeung du’a anak nu salèh anu ngadu’akeun kolotna.
Nu jadi pasualan, naha anak-anakna tèh inget pikeun ngadu’akeun kolotna anu geus teu araya, sawatara loba anu geus ninggalkeun kawajibanna (MusÂlim-muslimah) anu lima waktu. Hadist ieu sabenerna daèk-teu daèk, “maksa†ka anak-anakna Adam, anu masih kènèh harirup sangkan jadi anak solèh.
Sabab meureun lamun nyaah ka indung-bapana, pastina kudu ngadu’akeun, teu pira ukur du’a, tapi du’a anu ditarima ku Allah sarta ditepikeun ka kolotna, du’a anu didasaran ku kaihlasan tur dilaksanakeun saentas ngalakÂsanakeun kawajiban anu mutlak pisan, nyaèta shalat lima waktu.
“Jadi lamun èta budak geus teu daèkeun Shalat-shalat acan, kumaha rèk ngadu’akeun indung bapana, sawatara maÂnèhna sorangan geus teu bisa ngadu’akeun dirina,â€tegesna dina speaker.
Teu salah lamun karuhun urang Sunda nempatkeun indung jeung bapa dina kalimah sakti, indung kudu dipunjung bapa kudu di puja, munjung lain ka guÂnung muja lain ka sagara.
Anu leuwih jero deui, indÂung tunggul rahayu, bapa tangÂkal darajat. Supatana ogè beurat kacida, lamun doraka ka nu jadi indung, ka luhur teu sirungan ka handap teu akaran.
Naon jadina tatangkalan anu diibaratkeun manusa lamun teu sirungan jeung teu akaran. MeuÂreun ninggang di hirup teu neut paèh teu hos, salawasna aya dina sakaratul maut, diganggayong dina kasangsaraan.
Nu cilaka pisan, henteu semÂpet mènta dihanpura mangsa indungbapana ninggalkeun alam dunya, ukur bisa ceurik jeung minangsaraya dina tutunggul.
Su’al kumaha nasib kahareÂupna, mangsa asup ka taneuh heureut, dua kali hiji meter bari jeung poèk mongklèng, kari kumaha pangersa Allah SWT. Teu salah geuning ajaran karuhun urang tèh loba ajènna, ulah los-los ka luar nagri lah, diajar tèh !