Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

IEU mah pangalaman Ki Sobat, tong disebutkeun namina mah, bisi jadi matak jeung ngajadikeun fitnah, malam Rebo kamari, an­jeunna nganjang ka sobatna, Abah Ucit, anu jadi kuncèn di pa­tilasan Eyang Rang Gading.

Kulantaran Abah Ucit mah, idek liherna tèh di tempat èta, jadi anu panggampangna tèh nya ka patilasan Rangga Gading tèa.

Patilasan Eyang Rangga Gad­ing, saur Kang Ucit, sakumaha anu dicaritakeun ku Ki Sobat tèa, baheulana tempat Raja Pajaja­ran mutuskeun hiji perkara anu aya patalina jeung jabatan atawa pangkat kanagaraan.

“Tah saentas diputuskeun kakara diistrènan di Batutulis,” saurna. Bari samèmèhna di musawarah­keun di Rancamaya, saturusna diputuskeun di Rangga Gading, anu ahirna diistrènan di Batutulis.

Katerangan ieu tèh, saur Ki Sobat tèa, beunangna tina impian jeung pituduh gaib lainna anu sumping ka Abah Ucit, saentas sali­la 48 taun, ngurus jeung nguncènan patilasan Rangga Gading.

Ngeunaan patilasan ieu, tètèla loba pisan versina, aya ogè anu nyebutkeun yèn, tempat ieu baheulana, jadi pangreureuhan para Raja Pajajaran, mangsa keur loba pasualan di Istana.

“Tah para raja tèh, sok ni­iskeun pikirna di tempat èta, bari dihariringan ku pupuh sarta dipi­rig ku kacapi suling,”saur salah sahiji kasepuhan anu teu welèh-welèh nggugulung kasundaan.

Numutkeun katerangan cari­ta sèjènna, Eyang Rangga Gading tèh, salah sahiji Patih anu kacida gagahna samangsa Karajaan Pak­uan Pajajaran, sawaktu dipingpin ku Sri Baduga Maharaja.

BACA JUGA :  Mahkota Binokasih dan Artefak Perjalanan Islam Dipamerkan di Perpustakaan Kota Bogor

Tah ngeunaan ha lieu mah, duka nu mana anu bener, sabab can kapanggih sumber anu ka­cida sahihna.

Anu dicaritakeun ku Ki So­bat ka kuring tèh, sabenerna taya patalina jeung urusan pergaiban atawa kaahèngan di Patilasan Rangga Gading, tapi papanggihan jeung manusa, anu ngahajakeun datang ka tempat èta bari tujua­nana tèh ngadon ngorèhan jeung survey adat atawa budaya Sunda.

“Anu matak hookeun tèh, sanajan asalna urang Batak, tapi apaleun pisan kana budaya Sun­da. Malah ngeunaan pangjarahan anu raket patalina jeung karu­hun Sunda ogè mani ngolotok. Ceuk pangakuanana mah ampir sakabèhna geus disumpingan, ti mimiti Leuweung Sancang Garut, Sagala Hèrang,Dalem Cikundul, wewengkon Sakawayana,” ceuk Ki Sobat.

Malah lain ngan tempat pang­jarahan wungkul, sakabèh kam­pung budaya anu aya di Tatar Pasundan, imeut taya nu kaliwat.

Bismar, ngaran tamu anu urang Batak tèa, tètèla fasèh pisan nyaritakeun sajarah Per­ang Bubat, Kendan Galuh, Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Karajaan Pajajaran anu dirajaan ku Sri Baduga Maharaja, atawa nu ku urang Sunda mah leuwih dipikawanoh ku name Prabu Sili­wangi.

“Sanggeus nitènan salila pulu­han taun, sabenerna urang Sunda kudu bangga( reueus) jadi urang Sunda, sabab mibanda adat istia­dat anu ajènna luhung tur karu­hunna kacida wijaksana, pinter, gagah jeung adil,”saur Ki Sobat nirukeun omongan Bintar.

BACA JUGA :  Jadwal SIM Keliling, Selasa 23 April 2024 di Kota Bogor

Ceuk Ki Sobat, anu tadina rèk mulang jam sapuluhan tèh, ku­lantaran kajojo tèa, undur ti tem­pat èta tèh jadi jam dua peuting. Samulang ka imah tèh, sakabèh anu diomongkeun ku Bismar teu welèh jadi pamikiran. Sèkèsèlèr sèjèn waè kacida katajina jeung nyaaheun kana budaya Sunda, naha bet urang Sundana jiga anu api-api pisan.

Urang Batak waè, ngarasa re­ueus ngagunakeun basa Sunda, naha ku urang Sunda kalah dit­inggalkeun? Malah urang luar nagri mah, anu disebut urang bulè tèa, geus loba anu dialajar budaya Sunda, boh ka Bandung, Cimandè di Bogor, ka Sanggar Seni Pakuan Pajajaran gaduhna Kang Wawan Dèwantara, atawa ka bumina Ma Ageung di Loader.

Malah dirina kungsi nempo dina tipi hiji pagelaran wayang golèk anu dalang, nayaga jeung sindènna urang bulè. Enggeus mah catetan-catetan ngeunaan Pajajaran jeung nu sèjènna diban­jut ka Walanda, cik atuh anu ara­ya kènèh mah, ulah diluli-luli.

Sabab lamun diarantepkeun, bisa jadi dina hiji waktu mah, urang anu dialajar kamaranèha­nana. Lain dina urusan budaya waè, dina urusan pertanian waè, urang tèh geuning tinggaleun ku tatangga urang, Malaysia. Ba­heula, maranèhanana tèh kungsi diajar ka urang. Kahadè Ah!. (*)

============================================================
============================================================
============================================================