Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SANAJANA samanggar, kalapa tara sarua kabèh. Paribasa ieu lumaku pikeun salah saurang putra Raja Sunda Galuh, Ameng Layaran atawa Pangeran Jaya Pakuan anu leuwih kawèntar ku sebutan Bujangga Man­ik. Numutkeun Kang Hawe Setiawan dina Majalah Cupu Manik, Paneran Jaya Pakuan leuwih sagalana ti Silih Wangi jeung Banyak Citra.

“Kakuranganna” Bujangga Manik mah teu resepeun kana kakawasaan, sanajan boga èlmu cukup, jembar ku pangabisa, teu daèkeun nyekel kalungguhan atawa jadi raja. Padahal Karajaan Sunda Galuh di jaman harita pan lega jeung loba mandalana, jadi lamun tèa aya gerentes hayang jadi raja kari nyarita, rèk jadi raja di mana.

Salian ti kasèp, pinter sarta jem­bar ku pangabisa Ameng Layaran ieu bisa sababaraha basa, kaasup basa deungeun, bisa jadi basa Walanda atawa Portugis jeung nu lianna. Dina carita anu disusun ku anjeunna, Bu­jangga nyaritakeun kayaaan Kara­jaan Pakuan Pajajaran jaman harita. Samangsa keur gunem catur jeung indungna, aya salah sahiji awèwè anu datang, ngaranna Jompo Larang, salah sahiji among (dayang) putri Ajung Larang Sakèan Kilat Bancana.

Sadatangna ka dununganna, Ajung, Jompo sigana tèh nyaritakeun geus papanggih jeung Bujangga Man­ik, sarta nyaritakeun kumaha kasèpna Bujangga Manik, nepi ka Ajung lang­sung neundeun asmara, aya hate kad­ua leutik ka Bujangga Manik. Satuluy­na, Putri Ajung ngutus Jompo Larang, pikeun nepikeun pamaksudanna bari sagala dibawa, tue kaasup barang-barang mahal, diantarana keris baja, pakèan, perhiasan, bubuahan sarta nu lianna.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kota Bogor, Kamis 25 April

Ngan hanjakal, niatna teu kab­iruyungan, alias teu kauntun tipung katambang bèas, Bujangga teu daèkeun narima pamèrè ti Putri Ajung Larang. Sanajan ibuna, milu mere pè­pèling sangkan daèk narima tanda kadeudeuh èta, sarta ngajadikan Pu­tri Ajung jadi istrina. Bujangga Manik leuwih resep mandita, nèangan èlmu tur ngabaktikeun hirupna pikeun gug­uru, nèangan èlmu kaagamaan. maca kitab-kitab jeung tatapa.

Pikeun Bujangga Manik, urusan dunya, ti mimiti kakawasaan, campur gaul jeung kaum hawa, hiji pagawèan anu kudu dijauhan, komo deui dirina keur neuleuman bebeneran. Salah sa­hiji cara pikeun ngajauhanna nyaèta ngalalampah kamana-mana, nepi ka kacaritakeun, lamun Bujangga Manik ngurilingan Pulo Jawa, malah meun­tas ka Bali sagala lalakonna tèh.

Bujangga Manik, leuwih milih cic­ing, ngahuleng ngaraga meneng, tapa di tempat-tempat, anu diperkirakeun ngadeukeutkeun dirina jeung Hyang Murbawisèsa nyaèta anu disebut Ka­buyutan.

Gogoda tètèla lain ngan saukur di tempat anu ramè wungkul, sabab di tempat nyepèn ogè teu kurang-kurang. Kusabab tapa di hiji tempatna mangtaun-taun, nepi ka loba awèwè nu daratang ka tempat Bujangga Manik keur tapa, boh ngan saukur hayang nyaho kumaha kasèpna Bu­jangga Manik, nepi ka ngungkabkeun eusi hatèna langsung.

Salah sahijina, pamajikan tukang tapa, anu keukeuh hayang diaku adi ku Ameng Layaran atawa Bujangga Manik. Nalingakeun kayaan kitu, Bujangga Manik ukur nèmbalan ku salah sahiji bagèan tina Kitab Siksa Kanda(ng) Karesian anu eusina :

BACA JUGA :  Panas Siang Hari Paling Nikmat Menyantap Rujak Buah Bumbu Kecap Dijamin Bikin Melek, Ini Dia Cara Membuatnya

Kadiangganing ring geni, lamun padeukeut deung eu(n)juk

mu(ng)ku burung èta seungeut, kitu lanang deungeun wadon

(Kawas seuneu lamun padeukeut jeung injuk

pasti bakal hurung, kitu ogè lalaki jeung awèwè)

Ku cara kitu, diantarana Bujangga Manik nyanghareupan gogoda atawa ujian anu asalna ti kaum hawa. Sarta saentas tapa mangpuluh-puluh taun, tur ngumbara kamana-mana, anjeun­na nunda raga di bumi, sukmana nga­jaul ka langit, manggihan para dèwata di nirwana. Ku yasa Bujangga Manik, nyaritakeun lalakon hirupna sawaktu ngumbara kamana-mana, kayaan Pulo Jawa bisa kagambarkeun sarta kaimpleng. Ngan hanjakalna, ku lanta­ran teu kasohor, ku masarakat urang.

Nami Bujangga Manik ieu remen disamarutkeun jeung Sri Baduga Ma­haraja. Padahal lamun nitènan sikepna, anu resep ngumbara sarta nuliskeun lalampahanna, Bujangga Manik geus “ngarumpak” kabiasaan urang Sunda anu boga budaya mitutur sarta teu re­sep ngumbara nepi aya paribasa beng­kung ngariung bengkong ngaronyok.

Hèbatna lalakon Bujangga Manik, numutkeun salah saurang ahli saja­rah urang Bogor, DR. Ruhaliah, keur diusulkeun ka Rektor UPI jadi ngaran salah sahiji jalan di Bandung. Alusna mah, di Bogor anu boga kasangtukang Karajaan Pajajaran, kudu aya ngaran Bujangga Manik, salian ti Jalan Paja­jaran jeung Jalan Siliwangi. (*)

============================================================
============================================================
============================================================