Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BI Emèh nepi ka sababaraha kali muka catetan balanjaan jeung ngiÂtung duitna anu masih kènèh aya, asa teu percaya, malah meureun asa di alam pangimpian, sabab daftar anu kudu dibeulina panjang kènèh sedÂeng duitna jauh tina pimahieun. MaÂnèhna ngarasa mokaha, marukanna mangsa pamarèntah ngabèwarakeun yèn BBM henteu tulus dinaèkeun, atawa ditunda salila 6 bulan kahareÂup, hahargaan langsung turun, tètèla jauh tina sangkaanana.
Dina hatèna kutuk gendeng teuing nyalahkeun ka saha, naha ka pamarèntah anu ngumumkeun ti heuÂla yèn bèngsin naèk, atawa ka Koran, radio telepisi anu remen teuing ngaÂberitakeun pasualan èta, nepi ka bisa mangaruhan kaayaan di pasar, tur ngÂabalukarkeun hahargaan nèrèkèl.
Uteukna anu ngan lulusan sakola dasar inpres, bari jeung ngumpulna ogè jeung papada tukang sayur, teu nepi ari kudu “nganalisa†kabijakan fiskal, monètèr, subsidi BBM, atawa BLBI anu cenah disawèrkeun ka jalÂma-jalma balaleunghar anu baroga bank, anu kasang tukangna pikeun nyalametkeun èkonomi nasional.
Pikeun manèhna mah itung-itunÂganan basajan pisan, nèangan panÂambahna pikeun nyukupan balanja sapopoè, sabab pamèrè salakina teu cukup pikeun sabulaneun. Unggal bulanna geus kajudi, saanu tah, ditÂambah ku buburuh nyeuseuh, cukup sabulaneun. Tapi itungan sabulan kulÂawargana geus pasti moal bisa ngungÂkulan balanjana Gayus Tambunan, atawa anggota dèwan, jauh tangèh pisan. Ku teu boga hutang ka warung ogè jeung nyakolakeun budakna lulus ti SMA, bari jeung ayeuna gawè jadi tukang kuli bangunan, ogè geus piÂrang sujud sukurna.
Rèk dikumahakeun deui usaha mah rarasaan geus cukup, sual budaÂkna mah, keun wè kumaha ketak maÂnèhna jeung nasib kahareupna. MaeÂnya teuing rèk kitu waè, ceuk pikirna, hiji waktu mah pasti nasibna tèh roÂbah. Sanajan hirupna beunang diseÂbutkeun pas-pasan, tapi ari mayer paÂjeg taneuh jeung wangunanana mah, tara kungsi elat, keur mah taneuhna ngan sacangkèwok, imahna ogè ngan sagowong, atawa dina mayar listrik, can pernah ngalaman didengda.
Salaku manusa manèhna ogè boga catetan, hususna ka jalma – jalma anu nawarna kadedemes, bisana nyawad dagangan, jeung mayarna kuled. Sakapeung mah, ceuk pamikirna sok teu asup akal ari mobil ngarèdès, imahna tohaga, emasna reunceum, palebah nawar dagangan matak pinyerieun hate.
Malah catetan hutangna ogè rèmbèl, paribasana tèh kagok taya duit leutik, mangsa ditagih, kalahka lewih galak manèhanana. Lantaran ngarumasakeun jalma leutik, mun dilawan mah lir iwak nangtang sujèn, cècèndè mandè kiara, jalan kaluarna mah nya ngèlèhan manèh, dagangna teu ngaliwat ka palebah dinya.
Bi Emèh ngan bati bingung wè anu aya, rèk ngadu ka saha urusan hutang sayur anu ngan ukur lima puÂluh rèbu pèrak. Ka pulisi ? ka RT, siÂgana moal aya anu ngadèngè, sabab pangajina teu sabaraha. Tapi pikeun maèhna mah duit sakitu tèh, salian ti untungna tèh, kaasup jeung modalna sabagèan.
“Emh kaya kieu mah dagang tèh beuki ngurangan baè atuh, kudu nèangan kamana deui, pikeun namÂbahan modalna?†ceuk gerentes hatèna. Maenya kudu ka bank kelilÂing mah, ti heula ogè kungsi nginjeum kapok cenah. Saentas nginjeum tèh, pikeun mayarna nepi ka kudu ngajual cingcin kawin pamèrè ti salakina.
Sigana mah, aya panyabab sèjèn anu ngabalukarkeun dagangna bangÂkrut, riba tèa. Pan geus jelas saur UsÂtad Tatang dina saban pangajian , yèn riba tèh haram sakumaha dijelaskeun dina Surat Al Imron 130, anu eusina ngalarang ka jalma-jalma anu ariman ngadahae riba kalayan manglipet-lipÂet sarta naritah taqwa ka Allah supaya meunang kauntungan.
“Kitu ogè Kangjeng Rasul ngadawuh dina salah sahiji hadistna, ngalaknat anu ngahdahar riba, anu mere dahar, ku hasil tina riba, juru tulis nuliskeun kajadinana, dua urang saksi, sarua dosana tèh,†ceuk Ustad Tatang. Numatak ti harita Bi Emèh buÂru-buru ngajual cingcin kawin pikeun ngalunasanana.
Ngan mangsa manèhna keur buÂtuh modal pikeun nambahan daganÂganana bari jeung jumlahna ukur raÂtusan rèbu, angger wè bingung kudu nginjeum ka saha. Aya kitu anu haat mere nginjeum bari jeung taya bunga jeung borgna?
Ah, hirup jadi jalma leutik mah tetep sarwa salah, bingung kamana kudu mènta tulung !