Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BASA, pikeun sabagèan jalma, saka­peung sok mangaruhan harti hiji ke­cap, tur ngarobah eusina jadi leuwih jero tina harti sabenerna, malah bisa jadi papalimpang.

Contona kecap karuhun, anu dina basa Indonèsiana, leluhur, pan asa jadi bèda. Sawaktu ngucapkeun karuhun, rarasaan tèh asa jadi kumaha, nu kaim­pleng, tina kecap ieu, nyambit-nyam­bitna tèh ka Eyang Prabu atawa èyang-èyang anu kawèntar dina mangsana, henteu ieuh, ka aki, nini, atawa kolot-kolot urang anu geus taya dikieuna.

Kecap leluhur, pikeun urang Sunda, sanajana nyarahoeun hartina sarua jeung karuhun, hartina tèh asa biasa-biasa waè, sigana tèh teu sajero “karuhun”, leluhur jigana tèh leuwih nyerep jeung ngabaju pikeun urang Tionghoa (sugan kitu gè) anu geus aya di alam sèjèn.

Karuhun, bisa waè, indung-bapa, aki-nini, uyut, jaringao, gantung si­wur, udeg-udeg, bau-bau sinduk ura­ng (anu tos tilar dunya) anu satuluyna ka Nabi Adam AS, minangka manusa munggaran anu diciptakeun ku Allah, jeung Siti Hawa.

Karuhun urang anu aya di Sunda (ulah jauh-jauh teuing heula) bisa jadi diantarana tèh can asup Islam sakumaha ajaran anu dicandak ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Aki Buyut Tirem anu hirup di wewengkon Teluk Lada, Pandèglang- Banten, mun teu salah dina abad ka 1, antara taun 1 nepi ka tahun 129. Dina taun 128 kadatangan “tamu” bangsawan ti ti India anu dipingpin ku Dèwawarman , sarta satuluyna ngadègkeun Karajaan Salakanagara dina 130 Masèhi.

BACA JUGA :  Komisi III DPRD Kota Bogor Soroti Pembangunan 2 Unit Sekolah Satu Atap

Geus pasti di jaman harita, tacan aya ajaran “Islam” sakumaha anu disarèatkeun ku Kangjeng Nabi Mu­hammad SAW (abad ka 5). Cindekna teu bisa disalahkeun lamun karuhun urang can asup Islam.

Tapi, pan di jaman harita geus aya budaya atawa peradaban, geus aya aturan anu ngabèdakeun yèn èta mah gorèng, ieu mah alus. Ngalakona pagawèan maling jeung ngagalaksak banda batur tèh teu meunang, jeung teu dimeunangkeun ngagunakeun atawa ngadahar anu lain hakna, ogè teu meunang madon, matèni, ma­dat, mabok jeng paripolah sèjènna anu teu saluyu jeung aturan agama (adat) anu lumaku di mangsa harita.

Satuluyna, ngadeg Karajaan Taru­managara, Kendan Galuh (Galuh Pur­wa). Sunda (Maharaja Turusbawa) jeung karajaan leutik sèjènna anu mangrupa karajaan mandala (bawah­an), Sunda-Galuh (Pakuan Pajajaran- Sri Baduga Maharaja Ratu (H) Aji Pak­uan Pajajaran) Dumasar kana catetan sajarah èta, tur disusud ka congona, karuhun urang Sunda, jelas aya can asup Islam (da can nepi nepi tèa, jeung can aya), kabèhdieunakeun aya ogè anu geus ngagem Islam.

Dina salah sahiji buku suluk, teuing taun sabaraha dijieunna, anu eusina nyaritakeun lalampahan Ki Bagus Percèka, aya hiji babasa anu nepi ka ayeuna teu wèlèh kapikiran. eusina tèh ngajèntrèkeun yèn dina hiji waktu, urang Sunda bakal ning­galkeun (basa?) kasundaanna bari jeung (basa)Arabna teu katepi.

BACA JUGA :  Tragis, Istri di Medan Tewas Tertabrak Kereta, Diduga Sedang Melamun usai Bertengkar dengan Suami

Patali jeung èta, aya dongèng kawèntar, samangsa imam di hiji lem­bur gering parna, nepi ka teu bisa ngi­maman Jumaah. Lar aya urang Arab, tukang dagang kitab jeung minyak seungit, lantaran harita masih “Arab minded” tèa, hayoh manèhna tèh di­sina jadi Imam jeung Khotib.

Sanajan nyaritana ku basa Arab, tapi eusina tèh, cenah mah, (dina hutbahna), lain sakumaha biasana khutbah Jum’ah ieuh tapi ngangluh lamun daganganana can laku. Eta mah baheula, keur jaman bangsa urang can palinter basa Arab.

Mana kitu ogè, jelas , jelas yèn umat muslim mah kudu bisa ngaji sakurangna bisa maca Al Qur’an. Tapi, lamun tèa mah can bisa, pan ngadu’a mah dina basa naon ogè tepi lin. Naha kitu èta tèh (carita Ki Bagus Percèka) mangrupa hiji gambaran yèn loba diantara urang (Sunda jeung sèkèsèlèr sèjènna) leuwih kataji ku budaya Arab, contona dina pakèan, gamis; jubah jsbna.

Tah du’a pikeun karuhun urang anu can asup Islam, asana tèh bisa ku basa sorangan, sabab mungguhing Allah mah Maha Uninga, sanajan teu ku basa Arab ogè nya. Tegesna lamun tèa karuhun urang can asup Islam, lain salah aranjeunna. (*)

============================================================
============================================================
============================================================