Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BAHEULA keur sakola di SMP, ku kolot tèh dititipkeun di nini, saÂbab cenah nini geus teu bogaeun batur. Palaputrana geus mariÂsah, kaasup nu pangbungsuna Bibi kuring anu bumèn-bumèn di Bogor. Nu maturan nini tèh lain kuring wungkul, aya anak uwa, bibi, ah pokona sabada Magrib mah ramè wè. Dapur imah nini tèh lega pisan, aya hawu, para seuneu, paragi nyimpen kadaÂharan anu sakirana kudu rada diawètkeun, atawa diteundeun rada lila, sabangsa lauk asin. (Ogè tempat ngagaringkeun suluh anu masih kènèh baseuh).
Sabab harita mah kulkas tèh tacan lumaku di kampung mah, tacan aya listrik. Tah di dapur anu masakna ku suluh, meunang ngaÂrorotèk ti kebon, pasir jeung leuÂweung Ciung Wanara (ayeuna mah katèlahna Cagar Budaya), aya goah, tempat panyimpenan husus pikeun bèas. Jadi lamun nini rèk popolah, nyokot bèasna tèh dina padaringan (tempat bèas anu bahanna tina taÂneuh) sarta disimpenna di goah.
Di Kampung Budaya anu masih kènèh makèkeun adat karuhun, samemèh jadi bèas, pare tèh diteundeunn dina leuit. Sigana di Tatar Pasundan aya kèÂnèh diantarana di Kampung Urug Kacamatan Sukajaya Kabupatèn Bogor, atawa Cipta Gelar Banten Kidul jeung Cigugur Kuningan. Leuit biasana diteundeun di paÂkarangan atawa di buruan.
Mangsa pare ieu geus jadi bèas, nya diteundeunna di goah, salah sahiji tempat husus anu aya di daÂpur. Padaringan ieu dipahing pisan nepi ka kosong, istilahna mah paÂmali, kudu aya tunggul kuras, saliÂter dua liter mah. Samalah lamun perlu, tacan aya pikeun ngeusianÂna, sakulawarga kudu daèk puasa, utamana dina poè Senèn jeung KeÂmis. Sabab pikeun patani anu salilÂana jadi bulu taneuh, pamali pisan kudu “nguyang, meuli bèas ka waÂrung. Bisa jadi ceuk kulawarga tani mah, meuli bèas tèh aib leutik anu kudu disinglarkeun.
Tah sigana, istilah atawa keÂcap Patih Goah anu aya dina basa Sunda tèh asalna ti dapur. Patih atawa pangawasa goah, beunang dipastikeun ahli manajemen, paham pisan dina ngokolakeun barang-barang anu aya di dapur sangkan cukup nepi ka bakal datangna bèas, atawa kadaharan anu masih kènèh di luar.
Di dapur (salian ti di goah) bisa dipakè nyimpen barang sèjèn, kayaning kalapa, bungbu, sampeu, peuteuy, ah pokona mah hasil tatanèn wè. Naha geuning bèas mah rada diisÂtimèwakeun, diteundeunna teu dihijikeun jeung nu sèjèn. Tètèla aya aturan anu ngan saukur diÂcaritakeun ka pala putrana anu istri urusan èta tèh. Sabab nanya ka uwa pameget mah, jawabna ogè teu pati nyambung. Ceuk Uwa istri, bèas mah kadaharan poko jadi kudu dibèdakeun jeung kadaharan anu lian.
“Pan dina urusan sapopoè ogè anu penting mah anu poko heula. Dina dagang anu pokona modal, dina urusan dahar anu pokona sangu atawa bèas. Geus aya sanguÂna mah dahar jeung uyah atawa kècap wungkul ogè jadi,â€saurna tèh. Rusiah lianna, tètèla aya paÂtalina jeung Nyi Pohaci atawa Dewi Sri. Nyi Pohaci (ceuk Urang Sunda) raket pisan patalina jeung urusan pare atawa bèas.
“Numatak Nini mah pan cèrèwed pisan lamun dahar ngarèmèh tèh, komo nepi ka nyèsakeun sangu dina piring mah. Paribasana tèh lamun nepi miceunan sangu Nyi Pohaci sok ceurik,†saur Uwa deui. KabèhÂdieunakeun rada ngarti urusan siloka èta tèh.
Kahiji lamun urang ngamuÂmubah kadaharan atawa naon waè, ceuk ajaran Islam sarua jeung baturna sètan. Kadua dina urusan nyiuk sangu aya èlmu manajemen, ngukur ka kujur ngÂaji diri. Sabab lamun dina urusan nangtukeun atawa nguruskeun eusi beuteung waè geus teu bisa (loba teuing nyiukna nepi ka nyèÂsa) kumaha ngokolakeun urusan anu leuwih gedè?
Kitu ogè pola masak sangu urang Sunda baheula jauh tina panyakit, ti mimiti digigihan, ditagogkeun kana sèèng dina aseupan nepi ka diakeulna, bisa ngaluarkeun kadar gula nepi ka 50 persenna. Pan ayeuna mah panas-panas kènèh langsung tina magic jar. Soal nyimpen bèas (tunggul kuras) urang Sunda ayÂeuna neundeunna di warung balÂanja bèasna ngètèng, geus taya goah deui. Numatak ayeuna mah geus taya Patih Goah. (*)