BAMBANG SUDARSONO
Pemerhati Hukum dan HAM
KEUR ngarariung di Pos Ronda bari ngararasakeun nyecepna hawa Bogor, kusabab geus diÂguyuran hujan ti Magrib kènèh, jol Mang Opik jeung pamajikÂanna, mani angkaribung, mawa kopi jahè jeung pisang gorèng. Atuh anu keur ngarariung tèh, mani rikat harudang.
“Tah, tiris-tiris kieu mah mending ngopi jahè jeung piÂsang gorèng, ambèh ngarondana sumanget jeung teu asup angin,†ceuk Mang Opik bari nunda baÂbawaanna. Teu lila tuluy pamiÂtan deui jeung pamajikanna.
“Nuhun Mang Opik, nuhun pisan ieu mah ninggang kana paribasa keur tunduh aya nu nyÂorongkeun angel, puguh pelem. Keur tiris bari jeung lapar, aya kopi jahè jeung pisang gorèng, puguh wè pas pisan,†ceuk MoÂmon bari nyicikeun kopi jahè kana gelas.
Momon, Somad, Rohim jeung Ugan, sirikna nepi ka saÂbabaraha kali gideug, bangun nu ni’mat pisan. Teu ni’mat kumaha atuh, kopi jahèna panas kènèh pisang gorèngna cau oli anu geus ladu, salian ti amis tèh haneut kenèh.
“Tètèla kani’matan mah teu kudu mahal-mahal, teu kudu kaÂdaharan beunang masak urang bulè kayaning chiken-chiken kitu, pikeun lètah urang mah, cau oli tèh ni’matna luar biasa nya,†cauk Somad bari narik sarungna sangkan nutupan ceuÂlina, sabab hawana karasa beuki tiris.
“Aya deui panyababna tèh kang?†Momon mairan.
“Naon tah?â€
“Waktuna pas jaba haratis,†tèmbalna bari seuri. Nu aya di dinya, unggeuk-unggeukan, panujueun pisan kana omongan Momon.
“Eum tukang naon nya, anu geus tara aya ngulamÂpreng tengah peuting?†Somad nanya ka nu keur tingharuleng deui, saentas kopi jeung pisang gorèngna èrèp.
“Tukang Putu!â€
“Tukang Skoteng!â€
“Ah, ilaing mah ngan kana dahareun waè, nya. Lain èta.â€
“Teras tukang naon atuh kang?†nu tiluan mèh bareng.
“Tukang ngala bangkong deuleu. Pan baheula mah, mun urang keur ngaronda tèh sok aya tukang ngala bangkong atawa swikè, mamawa korang badag jeung senter gas, bari ramè tah,†ceukk Somad.
“Leres nya kang, ayeuna mah asa geus teu manggihan deui tuÂkang bangkong ngalanto tengah peuting tèh,†ceuk Rohim. DerÂekdek wè Somad nyaritakeun yèn tayana nu ngala bangkong atawa swikè tèh mangrupa ciri lamun sawah di wewengkonna geus bèak.
Sabab bangkong mah hirÂupna pasti di sawah, mangsa sawahna bèak diwangun ruko, komplèk paimahan, geus pasti sato anu samodèl kitu bakal kalabur nèangan tempat anyar pikeun kahirupanna.
“Naon deui tah anu karasa ku urang ayeuna?â€
“Hawa tambah panas.â€
“Bener. Nu lianna geus pasti loba reungit,†ceuk Somad. SaÂbab salah sahiji panyaimbang sangkan reungit reu loba tèh nyaèta bangkong. Teu pati baÂheula teuing, sapuluh taun kaÂliwat, ceuk Somad, lamun tas Magrib tèh di sakuriling lembur ramè ku sora bangkong jeung nu lianna, tanda kahirupan di sabudeureun lingkungan masih kènèh lengkep.
Numutkeun tiori èkosistim bangkong jadi salah sahiji sato panyaimbang, hususna nguranÂgan panyakit reungit. Tapi kulanÂtaran bangkongna bèak reungit napuk. Tah pikeun ngungkuÂlanna, loba anu leuwih resep ngagunakeun obat nyamuk ti mimiti anu dibeuleum atawa nu diolèskeun kana leungeun, anu sakabèhna tina bahan kimia.
“Enya lamun sakali dua kali mah, moal matak nanaon. Tapi lamun ku remen-remen teuing mah, bisa jadi panyakit diantaÂrana keuna kana paru-paru,†ceuk Somad.
“Atuh lamun kitu mah kudu aya kawijakan atawa peraturan anu ngatur nya kang,†ceuk Momon.
“Geus aya nu kitu mah, tapi gumantung kumaha pamingpinÂna. Atuan-aturan nu ngarumpak teu saeutik komo lamun geus aya urusan jeung duit mah sarta pamingpinna hèjo pisan kana duit.’ (*)