Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji anu matak ngabetahÂkeun jalma nganjrek di Bogor, nepi ka embungeun balik ka lembur bali geusan ngajadina tèh, nyaèta samangsa tas turun hujan, langitna malik bèngras. Duh èta mah hawa tèh mani karasa seger, komo lamu hujanna tèh tas panas entrag-enÂtragana, sok kaangseu bau taneuh.
Nu dimaksud tèh bau taneuh sabenerna, lain babasan pikeun jalma-jalma anu geus karolot tapi kalakuanana masih kènèh ‘pikaresepeun’jurig. Tah kecap bau taneuh di dieu mah ditujukeÂun ka jalma anu geus kolot umurÂna (sanajan urusan maot mah pan rusiah Nu Maha Kawasa, lamun takdirna geus kudu maot mah, nya maot wè sanajan ngora kènèh gè, nya).
Malah ku pikasebeleunana Ki Sobat, anu mèmang sapopoèna tukang heureuy, mun kapangÂgih jeung aki-aki anu rada mahiÂwal tèh, sok tuliuy didatangan. leuheung lamun geus wawuh, ieu mah jeung anu nyar pinanggih gè kitu. Biasa wè sakumaha mistina datangna tèh bari jeung nyium leungeun sagala.
Ngan sakitu-kituna tah Si OnÂtohod tèh, teu lemèk teu nyarèk. Ngan basa ditanya, kunaon panÂgna milampah kitu. Celengkeung tèh manèhna ngajawab.
“Bener euy anu geus karoÂlotmah leungeunna tèh bau taneuh,â€pokna tèh teu euleum. Kituna tèh ngan ka jalma-jalma geus karolot hèg ningkah kènèh, masih kènèh ngagugulung sifat-siÂfat jaman keur ngora baheula, asa gagah kènèh, asa masih kènèh jadi pajabat luhur(padahal geus pangÂsiun), masih ngarasa ieu aing uyah kidul, wah pokona mah sikep-sikep keur ngora jeung jumeneng tèh masih kènèh dipakè, padahal dina enyana maung ogè, geus omÂpong taya huntuan.
Tah ka aki-aki, atawa nini-nini anu kalakuanana kitu, si èta mah, sikepna tèh sok kitu. Jadi ieu mah bau taneuh anu sabenerna, anu ceuk basa kiwari mah disebutna bau alami tèa. Hawa sabada huÂjan èta, karasana matak seger kana awak, jeung pipikiran, komo mangsa keur tanggal ngora, bari jeung teu loba hutang mah.
“Asa di alam baheula, mangsa anak keur sarakola di SMP kènèh, jalan-jalan di Bogor tèh can kawas ayeuna, mani heurin usik, komo palebah rèk meuntas mah, mèmèh nepi ka nu dituju tèh geus sawan mantèn. Klakson mani tingjarerit, jalma loba anu patinggorowok bangun teu sabar. Naha teu nyaÂhoeun kitu anu keur meuntasna tèh, aki-aki,†ceuk Aki Mardud.
Caritaanana tèh teu salah-salah teuing, jalma ayeuna gamÂpang pisan arambek jeung kaÂsabaranana ipis pisan. Geura wè talingakeun mangsa di lampu beureum, sabot anu dihareup ngasupkeun gigi maju, ih mencet klaksonna tèh bangun nu ambek.
Padahal, pan meureun persenelingna ogè dina kaayaan perè, sakurangna kudu ngaleuÂpaskeun rèm leungeun heula, kakara bisa maju. Padahal anu marencèt klakson tèh lain ku rusuh-rusuh teuing, pèdah kaÂbeurangan gawè, ieu mah bakat ku teu sabar wè di jalanan.
Saur Aki Mardud hawa kawas kitu tèh kungsi kaalaman di taun 80-an, mangsa tatangkalan di unggal tempat loba kènèh pisan, pan ayeuna mah di sababaraha tempat kayaning di wewengkon Jalan Sholèh Iskandar, KedunghaÂlang, Tajur, mani geus arang pisan tatangkalan, bèakeun ku ruko anu anyar pisan diwangunna.
Munasabah lamun di Bogor karasana rada bayeungyang jeung hareudang. Untungna wè aya kèÂnèh Kebon Raya, anu jadi paru-paru di tengah kota, jadi anu di sabudeureun èta mah karasana masih kènèh rada tiis.
Pikeun ngakalanana, loba kanÂtor anu nyadiakeun AC, padahal loba teuing nyeuseup AC, anu hawana kukulibekan, bari jeung teu gunta-ganti hawa, bakal cepet pisan sumebarna virus lamun salah saurang diantaran boga panÂyakit anu nular.
“Jadi lamun tèa mah loba jalma anu katarajang panyakit kitu tèh, panyababna nya èta, hawa anu ngan sakitu-kituna diseuseup ku lobaan,â€saurna daria. Pastina ogè pikeun mulangkeun alam mangsa ka tukang, hiji pagawèan anu musÂtahil, sabab Bogor ayeuna mah geus robah sagala rupana.
Kitu ogè kataatan kana RenÂcana Tata Ruang jeung Wilayah, geus dirarumpak ku pangawasana sorangan. Anu sakuduna, jalur jeung wewengkon hèjo, pan dina kanyataanana mah, geus dirobah ku rupa-rupa wangunan.
“Pikeun ngajagana nya taya deui iwal ti melak tatangkalan jeung taat kana aturan.â€