Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG HP

RADA bingung ogè basa Ki Mardud nanyakeun naon bèdana birokrasi sipil jeung militèr, sabab da saenyana kuring mah teu pernah nyaho pasti kana urusan èta. Ngan untungna ka­buru aya Ki Sobat, Kang Ujang Asmu anu remen maca Koran, jeung mu­kaan internet, sakurangna rada nyay-nyayan kana nu kararitu tèh, sanaja can tangtu sagemlengna bener ogè. Sabab manèhna ogè lain ahlina, ukur sakadar nyaho sigana mah. Mangkan­ing saur Kangjeng Rasul lamun rèk tatanya atawa nempatkeun hiji jalma tèh kudu ka ahlina, lamun henteu da­goan wè kaancuranana.

“Ieu mah babalèdogan wè, sugan keuna,”ceuk Kang Ujang Asmu.

“Enya naon tah?”cèkèng tèh pa­nasaran.

“Mun nitènan kajadian kajadian anu eunggeus-enggeus jeung caritaan ti sababaraha jalma, bèdana tèh dina militèr mah, taya anak buah anu salah atawa bodo, lamun èta anak buahna nyieun kasalahan, èta kasalahan ko­mandanna cenah. Numatak, lamun aya kasalahan di anak buahna, sok ko­mandanna kahareup, nangkes sagala kasalahan, bari sanduk-sanduk mènta dihampura,”

“Ari birokrasi sipil?”

“Biasana sok nyalahkeun bawa­hanana, ti kepala nepi ka pang­handapna. Anu dikorbankeun tèh pagawè panghandapna tèh, malah sok dijieun kèkèsèd. Sabab nu pang­gampangna tèh, beberesih leungeun bari nèangan embè hideung tèa. Mangsa disusul tepus, alesanana tèh pan juklak-juknisna geus dibèjaan, kitu cenah,”tèmbal Ki Ujang Asmu bangun nu enya. Rada ngahuleng ogè basa ngadèngè jawaban Ki Sobat tèh. Naha bener kitu, sabab sigana tèh teu sakabèhna kitu, aya ogè di­antarana pajabat birokrasi anu ngaku yèn kasalahan tèh mutlak kasalahan dirina salaku pamingpin anu kurang mere arahan ka anak buahna. Sana­jan loba anu neumbleuhkeun ka bawahanana. Dina paribasa Sunda nyebutkeun ciri sabumi cara sadèsa, hartina bèda bangsa bèda budaya atawa paripolahna. Di Nagara Sakura Jepang remen kacaritakeun mangsa aya pamingpin anu gagal dina ngalak­sanakeun pancènna, biasana sok tu­luy ngundurkeun diri, malah saking ku èrana, nepi ka hara kiri, maot ku cara maèhan manèh kusabab ngarasa èra. Geus pasti cara kitu tèh teu saluyu jeung adat sarta agama urang, sabab maot dina kaayaan kitu tèh naraka ja­hanam bagèanana.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Selasa 16 April 2024

Di Malaysia, cenah kitu ogè, la­mun aya pamingpin anu salah ngitung, atawa salah nerapkeun kawijakan sok buru-buru dititah eureun, dianggapna kurang mampu. Lamun diteruskeun tur meunang tanggungjawab anu leuwih gedè, dianggapna bisa ngaba­hayakeun. Di urang? rada bèda tah, sanajan nyieun kasalahan, boro-boro ngundurkeun diri, anggursi kalah kas­rak-kusruk, nèangan pamuntangan. Malah teu saeutik anu ngagunakeun èlmu bangkong tèa, anu handap ditin­cak, sagigireun atawa satata disieuh­keun saluhureun disembah-sembah, sangkan salamet. Geus kitu mangsa nyieun kasalahan tèa, jajauheun tina ngèncagkeun jabatanana.

BACA JUGA :  Taburi Garam ke Mesen Cuci saat Mencuci Baju, Ini Dia 4 Manfaatnya

“Lamun kuring mundur dina wak­tu kieu, sarua jeung teu tanggung jaw­ab, pengecut, lumpat tina tanggung jawab,”kitu jawabna tèh. Naha enya kitu? Tapi kètang ulah waka suudzon, boa teuing enya niatna tèh kitu. Atawa bisa ogè sieuneun kaleungitan jabata­nana, sabab lamun geus teu jadi paja­bat mah, sagala fasilitas anu dibikeun ku pamarèntah tèh nungtut laleungi­tan, ti mimiti tunjangan, mobil, jeung nu sèjèn-sèjènna.

Sababaraha kajadian di weweng­kon urang, leuwih deukeut kana ny­alahkeun sahandapeun bari ngagu­nakeun jurus sabun colèk. Teu kudu dibèjèrbèaskeun naon kajadianana, pastina ogè pada apal lah, komo anu sok maraca Koran jeung nongton tel­episi mah. Salian ti èlmu sabun colèk anu pangmatihna tèh jurus gegerin­gan, lain ucing gering. Mangsa rèk di­calukan ku nu berwajib pikeun nang­gungjawabkeun paripolahna, hayoh ngadon gering. Padahal alesan èta tèh ukur saheulaanan, teu saendeng­na. Dina enyana ogè, leupas tina jire­tan hukum dunya, bari ngagunakeun sagala cara, pan di Pangadilan Akhir mah, mangsa biwirna rapet, sungutna dibekem, moal aya nu bisa ngabèlaan. Nu bakal cacarita ukur leungeun jeung anggota awak lianna. Kitu ogè urusan duit bakal ditanyakeun ti mana asalna jeung dipakè naon salila di alam, du­nya tèh. Moal bakal aya nu kaliwat, sagalana lengkep pisan. (*)

============================================================
============================================================
============================================================