Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA
DIANTARA lagu-lagu kaagamaan (reliÂgi) Islam anu kawilang abadi tur matak ngageterkeun hatè mangsa si setèl (komo dina bulan puasa ) Sajadah PanÂjang anu dikawihkeun ku Bimbo Grup band asal Bandung. Sajadah Panjang anu lirik (sajak/padalisanana) meuÂnang panyair anu geus teu bireuk deui, Bapa Taufik Ismail, nyaritakeun hiji mahluk anu kudu “sujud†mangsana waktu pikeun ngajalankeun kawajiban geus datang. Kacatet aya sababaraha lagu Bimbo anu eusina pinuh ku nasiÂhat agama, nu teu lèah kahujanan, lèèh kapanasan, kasiksik wanci, katutuh waktu, laas dina ngigelan jaman, salian ti Tuhan, ogè aya lagu Bapak jeung Anak, anu nyaritakeun hiji budak nanÂyakeun ka bapana naon hartina puasa, kudu nuhan haus/hanaang jeung lapar.
Kawih-kawih anu digalindengkeun ku Bimbo jigana tèh dijieun ciri nu mustari kana datangna atawa mapag Ramadhan , geura wè lamun urang pareng ulin ka mall, ka tempat-temÂpat pangbalanjaan atawa di tempat-tempat umum sèjènna kawih-kawih di luhur asa remen kadèngè. Nyieun kawih anu matak ngageterkeun hate, tur matak muriding, muringkak bulu punduk, teu gampang. Salian ti eusi kawihna anu pinuh ku kalimah misteri, bisa mawa nu ngadèngèna ka hiji alam anu digambarkeun ku nu nyiptakeun, ogè kakuatan sora jeung musik anu mawakeun. Tilu sora sadudulur BimÂbo, Kang Sam, Kang Acil jeung Kang Jaka (baheula mah ditambahan ku Iin Parlina) jigana tèh geus “ditakdirkeun†pikeun mawakeun lagu-lagu kitu. BimÂbo kungsi ogè mawakeun pop kayaning lagu Tanteu Sun, tapi teu “ngabeledug†kawas lagu-lagu religina.
Sanajan sarua dibawakeun ku Grup ieu, kawih Anak jeung Bapa, teu pati ngageterkeun kawas Sajadah Panjang, da mèmang tujuanana ogè ukur ngingetkeun atawa ngabèjaan ngeunaan hikmah puasa teu kawas Sajadah Panjang anu mibanda panÂgjiwaan tur eusi anu kacida beuratna. Sanajan Sajadah Panjang teu dihuÂsuskeun kawas lagu anak jeung bapa, sajatina lamun diimplengan, dititènan sarta digalindengkeun mangsa keur ngalakonan ibadah puasa kawas ayÂeuna, saujratna bisa mawa hate ka dunya sèjèn anu bakal karandapan bari jeung teu nyaho gamabaranana, cohagna mah asa jararauh panineunÂgan. Lamun ceuk Kang Sam tèa mah, asa darareukeut kana maot. Padahal meureun Kang Sam ogè can apaleun kumaha deukeut kana maot, naha asa leumpang sosoranganan di tempat anu simpè èta roh tèh, atawa nganÂjang ka hiji rohangan anu kosong, taya tempoaneun, taya sora, taya anu bisa dipèntaan tulung, bari sakabèh gamÂbaran kagorèngan salila hirup ditemÂpokeun kawas filem hirup kitu ? SaÂbab anu kagambar umumna ku urang, mangsa geus diruang ku taneuh, tuluy ditaringgalkeun ku nu ngalalanteurna tèh, meureun di jero kubur tèh ukur cuang-cieung sorangan, jaba pararoèk deuih. Meureun pikeun anu kalakuaÂnana salila di dunya ukur nyiptakeun angkara murka anu nyampak tèh siksa kubur. Sabab loba nu ngadua, boh keur dirina atawa keur ngaduakeun ka anu geus mararaot, mudah-mudahan dibèbaskeun tina siksa kubur sarta diÂpaparin ni’mat kubur.
Komo deui salian ti ngalakÂsanakeun ibadah wajib tèh ditambahan ku amal-amalan sunnah lianna anu diÂlaksanakeun kalayan ihlas, meureun di alam kubur salila ngadagoan pangadiÂlan anu saèstuna tèh lir nu keur sarè. Hudang-hudang tèh geus babarengan ngariung di Padang Masyar, pikeun meuntas jambatan sirotol mustaqim.
Jadi sajadah panjang anu digamÂbarkeun ku Bimbo dina laguna tèh saÂbenerna alam dunya, anu sakabèhna bisa dipetikan ganjaranana, lamun urang ngajalankeun sakabèh rèngkak paripolah diawalan ku bismilah atawa sagalana pikeun Allah. Sabab saujratna manusa mah teu daya upaya, mungÂguhing dina prak-prakanana aya nu sirik pidik jail kaniaya ka sasamana. Ngan lamun nyawa geus dipisahkeun jeung ragana mah meureun kari dikubur sarta bakal ninggalkeun sajadah panjang anu salila ieu dijadikeun titincakan jeung amparan pikeun amal ibadah. Kitu ogè pikeun anu saladar jeung ngarti kana tugasna salaku khalifah. (*)