Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BAHEULA mangsa keur budak, karasana tèh mani bungah basa digeroan ku pa­nitia dititah naèk ka panggung pikeun narima hadiah atawa panghargaan, boh panitia tuju belas Agustusan, atawa naon waè. Kitu ogè basa di SMP, naèk ka kelas 3, dititah ka hareup kelas meunang bingkisan anu mangrupa alat-alat tulis ti kapala sakola yèn dina taun èta nilèy rapor kuring pangluhurna sa-sakola. Kitu ogè ngarasa reueus, basa di TK jeung SD, nyaksian budak ka hareup kulanta­ran geus bisa ngèlèhkeun babaturanana dina widang mata pelajaran.

Panghargaan dina naon waè, sau­jratna mangrupa hiji ciri atawa tanda yèn èta jalma, instansi atawa organisasi geus hasil ngawujudkeun sakumaha anu diharepkeun saluyu jeung katangtuan. Pastina matak reueus komo lamun dina meunangkeunana tèh èstuning meu­nang usaha anu jujur teu dicampuran ku titipan-titipan ti pihak sèjèn sangkan meunang.

Kabèhdiheunakeun saentas nyaho je­roeunana, kuring jadi rada ngahuleng nga­raga meneng. Sababa tètèla geuning ayeu­na mah, panghargaan tèh bisa “dibeuli” ku cara ngaluarkeun duit, atawa nyumponan kahayang pamènta ti panitia. Lain dina bidang pamarèntahan waè deuih, tapi geus ngarambah ka dunya seni. Padahal kalakuan kitu tèh nyidraan nilèy-nilèy kaju­juran. Kalakuan anu kitu tèh salian ti geus ngabohongan batur, diri sorangan hakèkat­na mah ka Nu Maha Agung. Leuheung la­mun ngan saukur pikeun hal-hal anu teu ngalibetkeun jalma rèa, kumaha lamun “bohongna” tèh ka masarakat, pangeusi lembur jeung nagara. Wah, teu kacipta kumaha ngitung dosana.

Lamun enya “kongkalikong”na tèh nepi ka palebah dinya, naon atuh uda­ganana? lamun lain pupujieun wungkul, ambèh ka pajah yèn meunang panghar­gaan itu, panghargaan ieu, sedengkeun anu dikokolakeunana henteu kitu ieuh. Naha ngan saukur ngudag gèngsi, atawa disatukangeun èta tèh aya maksud sèjèn?

Numatak rada ngahuleng basa nya­ho dina urusan budaya jeung seni aya nu kitu tèh, cenah ceuk bèja ti manuk, bisa waè dijadikeun juara ka hiji sana­jan gorèng ogè, asal pamarèntahanana sanggup ngalumangsungkeun anu sa­rupa kitu dina waktu anu bakal datang. Beuh kateuteuari ari kitu mah. Komo deui basa meunang harèwos bojong ti urang jerona pisan, yèn sabenerna mah, pamarèntahan satempat urang tèh teu meunang nomer sakitu.

“Ngan basa ditawaran ku pihak anu aya patalina reujeung èta yèn urang sanggup kitu kieu, bisa jadi ro­bah tah,”pokna daria. Pastina sumber anu ngomong kitu tèh lain ngan saukur nyatur tanpa catur nyarita bari jeung taya kanyataanana. Sabab geus pasti, moal aya haseup lamun taya seuneuna. Naon hartina hiji panghargaan anu geus leungit nilèyna, sabab meunangna ogè dièmbèl-èmbèlan ku aya jangji disatu­kangeunana. Sabab lamun kitu mah, sanajan ditèkèn jeung dicap ku panga­gung nagara ogè taya hartina pisan. Aya hartina sotèh pikeun anu teu nyahoeun kumaha cara meunangna. Balarèa anu “dibobodo” pastina ogè bakal cruk-crek, muji, kabèhditueunana ngacungkeun dua jempol. Tapi pikeun anu nyaho mah, ukur ngajèbèan, bari gegerendeng. Sa­bab pikeun meunangkeunana tèh nga­luarkeun duit anu teu saeutik bari jeung sumberna tèh tina kas daèrah, duit rahayat anu digadèkeun pikeun nebus “kahèbatan” pamingpinna. Puguh wè jadi patanyaan, naha dirina ogè ngarasa reueus kitu? api-api teu nyaho, atawa disajeroeunana mah hate ngajerit, nga­rasa dosa jeung rumasa?

Lamun teu ngarasa hanjakal, beu­nang dipastikeun èta pamingpin tèh geus teu boga hate nurani, sabab geus ngabobodo jalma rèa. Padahal yakin pisan, hiji waktu, boh mangsa manèhna masih kènèh jumeneng atawa geus teu nyekel kakawasaan deui, nu kitu tèh bakal timbul, lir bisul anu hiji waktu mah bakal bucat. Sabab aya paribasa, sabuni-bunina mungkus tarasi pasti kaambeu, sapinter-pinterna nyumputkeun kago­rèngan hiji waktu mah bakal katohyaan. Sabab didunya mah taya anu mustahil, hate jalma hiji waktu bisa robah. Loba kajadian yèn betusna tèh datangna ti jalma-jalma deukeut anu salila ieu pan­gdipercayana. “Tah anu ayeuna ramè di luhur awalna ti teu bener jeung teu jujur. Pikeun nutupanana pastina tèh ku bo­hong jeung bohong deui.” (*)

============================================================
============================================================
============================================================