Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BAHEULA, aya kana sapuluh taunna, kuring pernah katarajang panyakit eungap atawa sesek nafas, sarta geus uubar ka sababaraha dokter, rada anèh tah sakadang panyakit tèh, angger teu kapanggih waè naon pa­nyababna. Ubar mah ubar dileukeu­nan, tapi eungap angger. Panasaran ku naon panyabab jeung kudu kuma­ha ngubaranna, nya tatanya ka urang pinter ti Jasinga. Jawabna tèh rada anèh, kuring dititah ngurilingan Ke­bon Raya dina kayaaan nyèkèr, sarta kudu tepung gelang. Hartina lamun mimitina ti hareupeun Balèkota kudu eureun palebah dinya deui. Sabab ku hayang cageur tèa, nya dilakonan tah parèntah jalmi pinter tèh.

Teuing pèdah leumpang tèh nyèker sarta aya refleksi, kèsang anu kaluar atawa sabab sèjèn, bèrès ngu­rilingan Kebon Raya tèh panyakit eun­gap dadak dumadakan leungit. Awak cageur teu sakara-karra. Ceuk sakaol anu nyaho, di Kebon Raya Bogor, tem­patna para karuhun cicing, ogè aya nu nyebutkeun yèn puseur ènèrgi ayana di dinya pisan, Wallahu alam bisawab palebah dinyana mah, anging Allah SWT Nu Maha Murbeng Alam.

Tah kitu ogè kamari basa katara­jang batuk nu rada lila sarta dibarengan eungap, saentas ka dokter tèh ngaha­jakeun ngurilingan Kebon Raya deui. Ngan bèda jeung baheula anu dina poè Ahad tèh rada simpe, sabab tacan aya car free day harita mah, Ahad kamari mah ramèna tèh nataku. Katambah aya kagiatan nu rèk gerak jalan deuih, kitu ogè sigana mah Presidèn Joko Widodo aya di Bogor, jigana mah rèk olahraga isuk. Sabab di unggal tempat aya pa­sukan Paspampres, make kaos bodas calana training beureum, buukna pon­dok kumaha wè biasana tentara.

Baca Juga :  Menapaki Jejak Kamp Kedung Badak Bogor yang Diyakini Tempat Tawanan Bangsa Belanda

Nu dibaju kitu tèh aya kana sa­babaraha rombongan, sarombon­ganna aya kana tilu opat urangna. Rada ngèsang ogè tah nepi ka Tugu Kujang anu ayeuna mah luhurna tèh dièlèhkeun ku Hotèl Amaroosa, Teu salah geuning, sanggeus kaluar kè­sang mah, dada anu tadina nyesek tèh rada ngahampangan, teu eungap teuing mangsa mimiti ngalèngkah­keun suku di hareupeun Balèkota.

Palebah Jalan Jalak Harupat leumpang tèh rada dilaunkeun sabab loba anu keur arulin sapatu roda, Kuring diuk ngadeukeutan barudak laleutik anu keur ngarobrol, panasa­ran sabab geuning nyaritana tèh ku basa Sunda. Sanggeus yakin mara­nèhna ngobrol ku basa Sunda (sana­jan rada kasar) kakara ditinggalkeun. Kitu ogè di sapanjang jalan barudak rumaja (antara SMP jeung SMA) geuning ngarobrolna tèh lolobana ku basa Sunda, hate jadi rada reugreug.

Tètèla kabuktian pisan di Bogor (Kota) mah basa Sunda tèh geuning masih digarunakeun. Jadi kahariwang anu salila ieu jadi kahoncèwang yèn basa Sunda bakal tumpur tèrèh-tèrèh, kusabab nu ngagunakeunna kari saeu­tik teu kabuktian. Sabab boh nu laleu­tik (barudak) atawa rumajana masih kènèh resepeun ngagunakeun basa Sunda. Naha ieu pangaruh tina Rebo Nyunda anu geus dilarapkeun di Bo­gor kitu? duka tèh teuing.

Baca Juga :  Merawat Tradisi Membuat Dandang Nasi

Asa rada cangcaya tah kana hiji panalungtikan dina taun 2010 nye­butkeun yèn basa Sunda ukur di­gunakeun ku 20 %na warga Jawa Barat? hartina ukur 8 juta urang. Di Kota Bogor waè anu pangeusina kawilang hètèrogen (rupa-rupa), ba­rudakna masih kènèh ngagunakeun basa Sunda. Komo di Tasik, Ciamis, Cianjur, Sukabumi, jeung kota-kota lianna. Ulah-ulah hasil panalungtikan èta ngan saukur nyingsieunan wung­kul, atawa ngahinakeun urang Sunda anu dianggap geus ninggalkeun basa jeung budayana. Tapi sok sanajan enya kitu kuring mah angger teu hariwang, Sabab beuki dieu beuki loba organisasi kasundaan anu mer­juangkeun Ki Sunda sangkan henteu jadi sèmah di imahna. Hartina ma­cakal sarta boga jati diri sorangan. Malah lain saeutik jumlahna tèh loba pisan, tina nu resep iket waè pan jadi beubeungkeutan silaturahim, encan kasenian, atawa nu lianna. Reugreug palebah dinya n amah. Numatak teu perlu hariwang teuing nya! (*)