Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
HIJI waktu, basa tas Ngawangkong di Radio Sipatahunan Pemkot Bogor, kuring diajak tukeur pikiran ku Ustadz Jamil Mustopa, atawa Ustad Cabè Rawit tèa.
Rada ngahuleng ngaraga meneng, bari garo-garo teu ateul mangsa, Kang Ustad nanyakeun naha kuring geus pernah zakat maal? Kuring gideug, sabab salila ieu mèmang teu pernah migawè nu èta. Sodaqoh, Infak?
“Osok tad, tapi tara remen jeung teu pernah loba,â€cèkèng tèh balaka. Rada èra ngajawab tèh. Rumasa, mangsa ngasupkeun sodaqoh ka koÂropak masjid tèh, sok nèangan rècèh dua rèbuan bari jeung anu panglecekÂna deuih.
Sanajan kuring ogè sadar yèn anu diasupkeun kana koropak tèh, tabunÂgan ahèrat. Sarta moal bakal nguÂrangan harta lamun disodaqohkeun, jangji Allah jelas pisan dina Al Qur’an sarta Hadist Kangjeng Rasul MuhamÂmad SAW, yèn bakal diganjar ku Allah SWT ku manglipet-lipet rejeki jeung kahadèan.
Ngasupkeun koropak kana masjid ceuk Ki Tatang, RT Lampu Beureum mah, ibadah muhlis pisan. Sabab anu nyahoeun ukur diri sorangan sareng Nu Maha Welas Asih tangtosna.
Mangsa keur diasupkeun kana liang koropak pan ditutupan ku leungeun kènca. Ari pikeun kuring kusaÂbab ditutupan tèh pèdah leutik, lain sangkan sieun kanyahoan gedèna.
“Tah alusna mah nu wajib heula, zakat maal, mèmèh shodaqoh jeung infaq tèh,†ceuk Ustad deui.
“Duh, Kang Ustad lamun di itung-itung salila sataun panghasilan kuring moal nepi ka genep puluh juta atawa 86,5 gram emaseun atuh. Jadi can nepi kana nisobna.â€
“Tah, èta pamahaman nu salah tèh,â€saurna deui. Kawajiban ngaluÂarkeun zakat maal nu utama ka musÂlim atawa nu ngagem agama Islam, satuluyna nisob. Lamun tèa mah urang meunang rezeki sabaraha waè, afdolna dikaluarkeun zakat maalna, ambèh anu didahar beresih, dina harti taya hak nu sèjèn.
“Misalna poè ieu urang meunang rejeki anu teu disangka-sangka, buru-buru kaluarkeun zakat maalna, anu loÂbana 2,5 persèn. Lamun diitung mah moal gedè ieuh, ulah nyaah. Asupkeun kana kotak anu disadiakeun di imah sorangan.
Mangsa geus rada gedè bikeun ka tatangga atawa saha waè anu perlueun,â€sanggemna deui. Kaperluan nyambung hirup pikeun kaum dhuafa, fakir miskin jeung anak yatim unggal poè, boh keur dahar, ongkos sakola atawa nu lianna.
Sawatara anu sok dilaksanakeun ku urang, umumna pan unggal taun, atawa sabulan dina sataunna. Rèk tiÂmana maranèhanna kudu hirup anu sabelas bulan deui. Contona ongkos pikeun budak sakola, rèk beunghar, rèk yatim angger kudu mayar.
“Taya hiji angkot ogè anu ngahaÂratiskeun mayar pikeun budak yatim. Taya hiji angkot ogè anu aya tulisan budak yatim haratis atawa teu kudu mayar,†sanggem Ustad.
Kuring ngahuleng bari ngabenÂerkeun pamadegan anjeunna. Enya timana manèhna nèangan ongkos unggal poèna, lamun tatanggana anu kawilang cukup, marantuan ku zakat maal tèa.
Pantes lamun kaum fakir miskin dina urusan pendidikan sarwa katingÂgaleun. Maranèhna mah bisa miluan les, meuli buku, mukaan internet suÂpaya pinter tèh.
Mangsa rèk ujian cukup sagalana, dahar, pakè, istirahat jeung nu sèjènÂna. Pantes lamun NEMna gedè tur bisa asup ka sakola alus jeung favorite, ku PPPDB On Line tèa.
Sedengkeun nu teuboga? rèk ujian kudu mantuan indungna heula, rèk les taya waragad, ka warnèt angÂger kudu make duit, maca buku, taya bukuna. Hasil NEM-na leutik pisan nepi ka teu bisa asup ka sakola anu fasilitasna lengkep. Kapaksa sakola di anu murah bari jeung fasilitas jauh tina cukup.
“Rèk iraha nu leutik palinter jeung bisa ngobah nasibna ?†ceuk gerentes hate kuring. Taya deui iwal ti nu baleunghar atawa nu cukup, bisa mantuan tatangga anu pangdeukeÂutna sina mararaju.
Sabab teu sakabèh program pamarèntah nepi ka dinya, kitu ogè program Baznas ti puseur jeung daèrah can nepi. (*)