Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
RADA reugreug ogè basa nempo Ki Madi keur ngadu bako jeung dulurna, Ki Tatang di tepas imah Ki Madi. Matak kitu ogè, meureun Ki Tatang aya perlu ka kapilanceukna.
Sabab ceuk pangakuanana, boh Ki Madi atawa Ki Tatang, nyebutkeun yèn duanana tèh atah anjang. Kituna mah ku kasibukan tèa, meureun, da manusa mah teu leupas tina sagala kasibukan.
Anu gawè harianeun, anu teu boga pagawèan tetep ogè, tetep wè nyibuk-nyibukeun manèh. NupentÂingmah kabutuhan hirup kulawarga kacumponan, urusan gedè-leutik, jeung ukuran kabutuh mah da bèda-bèda. Nu bisa nèangan rejeki gedè, gèdè deui kabutuhan anu kudu diÂcumponana.
“Era euy, geus karolot kieu maÂsih kènèh teu paheuyeuk-heuyeuk leungeun, komo lamun kanyahoan ku anak incu,†tèmbal Ki Tatang basa diÂtanya ku kuring pangna aya di dinya.
“Ah, ieu mah keur ngobrol wè, huÂsusna urusan agama, da geus pantar kieu mah naon deui atuh, ngudag uruÂsan dunya mah geus pijauheun. Kuring mah jadi inget kana carita Mas Yanto, yèn kabungahan jalma anu aya pataliÂna jeung tanggungjawa tèh dibagi tilu bagèan, kahiji mangsa keur budak, nu gèlo jeung anu deukeut ka Allah.
“Tah ngeunaan èta jadi inget kana riwayat Imam Ghazaly,†saur Ki Tatang bari tuluy nyaritakeun riwayatna.
Umat manusa, komo kaum musÂlimin mah, pastina apal ka Imam Ghazaly, ahli filsafat jeung tasawuf anu kacida kakoncarana. Malah pikeun kaum Muslimin mah, Imam Ghazaly tèh beunang disebutkeun huÂjahna umat Islam.
Sawaktos Imam Ghazaly naroÂskeun naon anu pangdeukeutna jeung diri urang di dunya ieu, murid-muridna ngajawab, indungbapa, guru, babaturan jeung dulur-dulur.
Anjeunna, ngalereskeun sadaya waleran para muridna, mung sauÂrna anu pangcaketna mah , maot, sabab sakumaha jangji Allah yèn anu nyawaan pasti bakal maot kaunggel dina Surah Al Imaran 185.
Patarosan kadua, anu pangjauhna di dunya ieu, para muridna ngawaler, Negri Cina, Bulan, Matahari sareng Bèntang-bèntang. Waler Imam GhazaÂly, sakabèh jawaban èta teu salah, tapi anu pangleresna tèh mangsa katukang.
Sabab naon waè kandaraan urang, moal mungkin bisa balik deui, ngajugjug ka alam ka tukang. Kusabab kitu, anu perlu dijaga tèh nyaèta poè ieu, jeung nu bakal datang sarta ngalaÂkonana saluyu jeung aturan agama.
Nalika, anjeunna naroskeun anu pangbadagna, para murid ngajawab, gunung, matahari, bumi. Al Imam, angger ngalereskeun tapi anu panÂgleresna tèh nyaèta hawa nafsu, kuÂmargi hawa nafsu anu teu dijaga bakal mawa diri urang ka naraka.
Kitu ogè dina patanyaan sèjènna, anjeunna teu nyalahkeun, namung masihan keterangan kayaning anu pangbeuratna tèh, nyepeng amanah, anu panghampangna saur anjeunna, ninggalkeun shalat, sabab ngan sauÂkur ngagugulung dunya, loba anu ninggalkeun shalat, sedeng anu pangÂseukeutna saurna, lètah manusa, kuÂmargi, lètah mah gampil pisan nganyÂenyeri hate manusa sareng raraosan dulurna sorangan.
Ku patarosan èta, saleresna Imam Ghazaly tèh keur nganasèhatan para muridna jeung kaum muslimin yèn saenya-enyana urang kudu ngaloÂbakeun amal ibadah sabab sabenerna maot èta tèh kacida deukeutan.
Taya bèja, taya carita samèmèhna, sarta kudu bisa ngagunakeun waktu sakumaha mistina jeung saalus-alusÂna, tur sing ati-ati jeung hawa nafsuÂna, sabab bisa mawa jalma tikunclung kana naraka anu panghinana.
Ogè dina urusan nyekel amanah kudu sing iatna, waspada ulah nepi ka hianat. Ngeunaan anu panghamÂpangna, ninggalkeun shalat, di jaÂman kiwari, loba anu ninggalkeun, sakurangna diluli-luli, ukur pikeun ngaheulakeun urusan dunya.
“Duh, puguh abdi ogè dina uruÂsan èta mah kitu, paribasa tèh kagok, tuluy dièngkè-èngkè, antukna nepi ka teu digawèanana,â€cèkèng tèh.
“Mun kitu mah leres saur manÂtenna, anu panghampangna tèh ningÂgalkeun shalat nya, padahal èta tèh kaasup dosa gedè pisan. Sakabèh amal-amalan bakal taya hartina lamun teu migawè anu hiji ieu,†saur Ki Tatang. (*)