Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KEUR anteng mikiran kumaha carana, nyitak deui buku Sajarah Bogor yasana almarhum Kang Salèh Danasamita anu kiwari hèsè pisan dipanggihanana, jol Ki Mardud, sobat dalit.
Sanajan umurna saentragan aki kuring, tapi anjeunna mah jagjag waringkas kènèh. Panon jeung cepilna masih kènèh sabiÂhari, kitu ogè waosna, weuteuh kènèh.
“Tah baca, maenya sikep gegedèn tèh kawas kitu?â€pokna tèh bari ngasongkeun Koran au dibawana. Gancang Koran tèh ditampanan, tuluy dibaca lalauÂnan.
Dina Koran èta jelas pisan laÂmun Mang Udjo, anu geus nyipÂtakeun rekor dunia sarta ditulis dina buku Guiness of The ReÂcord, tur mawa seungit ngaran nagarana ,batinna ceurik.
Panyababna, saurna tèh mani taya perhatian pisan ti Gubernur Jawa Barat, Achmad Heryawan. Sababaraha taun kaliwat, mun teu salah, anjeunna ogè kungÂsi nyebutkeun yèn Jaipongan gorèng, meunang mulung tina runtah.
Malah kamari mah garwana kungsi nyebutkeun yèn Sintren anu aya di Cirebon tèh musrik, sanajan ucapan ieu kaburu diraÂlat deui, yèn anjeunna teu nyariÂos kitu.
Dina salah sahiji media on line, Miing atawa Didin Gumelar nyebutkeun yèn Sintren saujratÂna kudu dimumulè, malah mènta sangkan pajabat atawa tokoh masarakat anu henteu melèk buÂdaya, teu gancang monis kana hiji kasenian samodèl Sintren.
“Malah urang kudu ngarasa syukur mibanda kasenian model kitu,†tegesna basa jadi panyatur di STSI Bandung.
Kitu ogè, Kadisbudpar Kota Cirebon, Abidin Aslich, ngajelasÂkeun palsafahna tina kasenia SinÂtrèn tèh ma’nana nyaèta, manusa kudu bisa ngaleupaskeun diri tina kurungan mangrupa simbol dunÂya jeung norma.
Sawaktu manusa kakurunÂgan ku dunya jeung norma èta, manusa mibanda akal pikeun nyiasatanana tina rereged kahiruÂpan. Untung wè teu kapapanjanÂgan. Aya ogè harita anu ngaSMS, ngajakan cumarita ka Aki Mardud ngeunaan hal èta.
Tapi, pagètona aya bèja deui yèn Ibu Netty tèh teu ngaluarkeun kalimah anu ngamusrikeun jeung ngaharamkan Sintrèn.
Tah sakumaha anu diberitaÂkeun dina Koran-koran, ngeuÂnaan taya perhatian di Pemda Jawa Barat, Mang Udjo nepi ka nyebutkeun yèn lamun dirina mawa ngaran Indonèsia atawa bendera beureum bodas, lain ngawakilan Jawa Barat.
Anjeunna negeskeun yèn perÂhatian anu dimaksud lain urusan duit, tapi dorongan sumanget. Sabab ti mimiti persiapan, miang nepi ka Washington DC, GuberÂnur Jawa Barat tèh, teu kungsi manggihan-manggihan acan.
“Tah kumaha lamun kitu?†ceuk Ki Mardud deui, pèdah kurÂing ngan saukur olohok, teu nyarÂita sakemek-kemek acan.
“Duka atuh Ki, padahal dina raraga ngajaga deresna budaya bangsa deungeun anu ngagulidag dina saban panto informasi anu asup ka urang, ceuk anu dibarÂendo tèh cara anu pangafdolna ku nguatan budaya sorangan anu pinuh ku ajèn-inajèn ètika jeung moral,â€cèkèng tèh.
“Tah geuning ilaing ngarti.â€
“Sumuhun Ki, saur dina Koran-koran jeung lamun pareng ngirinÂgan pasamoan para gegedèn wè, boh pajabat, inohong atawa para budayawan. Nyariosna tèh kitu.â€
“Yeuh di jaman kiwari mah, geus lain waktuna ukur nyarita wungkul, perlu bukti jeung prak. Komo deui ieu mah, ngan saukur diperedih dorongan sumanget wungkul, teu mènta duit sagala, maenya embung, asa ku teungÂteuingeun pisan nya,†saur Aki Mardud deui.
Padahal salah sahiji tugas ti Pamarèntah Daèrah tèh nyaèta ngajaga sangkan budaya jeung seni satempat henteu nepi ka tumpur. Malah ayeuna mah keur ceuyah sangkan ngaguar kasurÂtian lokal anu sumberna tina buÂdaya karuhun.
Lamun Unesco waè ngaku yèn salah sahiji kasenian urang tèh buÂdaya anu adiluhung, diantarana Wayang Golèk, kuduna mah anu sakuduna reueus tèh milu ngamuÂmulè jeung nanjeurkeun.
Di Kota Bogor dina raraga milangkala Bogor, ampir unggal taun aya Wayang Golèk, naha di Gedong Satè kiwari aya acara kawas kitu? Ah, duka tèh teuing sabab mangsa di korèhan dina Koran wedalan Bandung mah, Ki Asep remen maèn di Cimahi.
Ceurik batin Mang Udjo, tangÂtuna jadi ceurik seniman Sunda, leuheung Mang Udjo mah, geus bisa hirup sorangan, teu perlu ilÂubiung pamarèntahan satempat.