Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR jongjon merhatikeun ucing anu leumpangna imgkud-ingkudan, ku sabab suku hareupna nyerieun (ceuk anak kuring mah leungeunna), bangun nu ripuh pisan, jol Mang Opik tatanggana Mang Tatang kènèh.

“Ningali Mang Tatang teu?”pokna tèh bari tuluy nyaritakeun yèn di lem­bur ieu tèh anu asup kana generasi matic geus aya sababaraha urang, diantarana Mang Tatang, Mas Amir jeung Kang Endang “Puguh ieu ogè keur ngadagoan, naon anu disebut matik tèh Kang,”cèkèng tèh.

“Enya pan motor matic mah hen­teu make huntu, kari ngagas,”tèmbalna tèh bari seuri nyikikik. Sanggeus ngarti mah kuring ogè teu burung miluan, sa­bab anu disebutkeun ku Kang Opik tèh, jalma-jalma anu geus ararompong.

Dasaar anu panjang umur, keur diomongkeun tèh (untung lain gibah), teu lila jol. Jiga anu surti Mang Tatang nyaritakeun ngeunaan MA. Salmun neruskeun hanca nu kamari katunda.

  1. Salmun kaasup anu milu ngawangun jeung medalkeun Ma­jalah Sunda Tjandra di Bogor dina tahun 1954 sarta Majalah Panglipur Mangle (1957) jeung Majalah Sari dina taun 1963.

Husus Majalah Manglè nepi ka kiwari medal kènèh, sanajan di Bogor mah geus rada arang. Baheula keur jenatna Ki Marko aya kènèh kawilang rajin ngèdarkeun jeung ngeusian ku bèja-bèja ti Bogor.

Karya-karyana anu mangrupa carita nyambung tur geus dibuku­keun dianatarana Budah Cikapund­ung (1965), Angeun Haseum (1965), Villa Bati Nyeri (1966), Neangan Bapa (1966). Salian ti èta, di taun samènèhna anjeunna ogè loba nulis naskah gending karesmèn anu diba­saindonèsiakeun ku sastrawa Armijn Panè, nyaèta Mundinglaya (1933), Kelenting Kuning (1933) jeung Leng­gang Kancana.

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

Dina mangsa saaentas perang MA. Salmun nulis Gending Karesmèn Arya Jalak Harupat anu ngariwayat­keun perjuangan Otto Iskandardinata dina taun 1954.

Hanjakalna karya-karya beunang MA. Salmun anu jumlahna ratusa ieu can sakabèhna kakumpulkeun ku­sabab loba kènèh karanganana anu kaclep saluyu dina majalah anu geus lila teu medal deui diantarana, Volk­salmanak Soenda, Parahiangan, Surat Kabar Sipatahoenan, Majalah Sunda, Candra, Sari, Mangle jeung nu lianna.

Bukuna ngeunaan sastra Sunda kungsi dimedalkeun di Bandung dina taun 1957 judulna Kandaga Sastra Sunda. Buku ieu eusina ngeunaan pana­lalungtikan sastra jeung tata basa Sunda.

“Anjeunna lain ngan saukur ahli nulis dina basa Sunda wungkul tapi ogè dina basa Indonèsia. Gaya nu­lisna salian ti loba humor tapi kacida dariana mangsa nyaritakeun ngeu­naan filsafat, etika kahirupan jeung agama,” saur Mang Tatang.

Malah dina urusan pawayangan jeung padalangan ogè kawilang ahli, pinuh ku nasèhat, pituduh jeung pal­safah kamanusaan. Dina taun 1971, sanajan panonna geus teu pati nin­gali, MA. Salmun ngarèngsèkeun Paribasa Sunda sarta dikirimkeun ka panerbit Sumur Bandung.

“Paribasa Sunda ieu mangrupa karya pamungkasna, sababaraha bu­lan samèmèh anjeuna tilar dunya.” Hasil karyana kurang leuwih aya 480 judul, boh anu ditulis dina basa Sun­da atawa basa Indonèsia, ti mimiti tahn 1929 nepi 1967, ngawengku gu­guritan 122 judul, wawacan 6 judul, sajak 25 judul, carita pondok (carpon) 103 judul, roman 7 judul, anekdot (unak-anik) 26 judul, drama dang­ding jeung gending karesmen 5 judul, bahasan 172 judul, pangetahuan ba­caan umum 6 judul sarta buku panga­jaran 8 judul.

BACA JUGA :  15 Kali Guguran Lava Diluncurkan Gunung Merapi, BPPTKG: Jarak Luncur Sejauh 1.800 Meter

“MA. Salmun beunang dise­butkeun pangarang tilu jaman anu kawilang produktif tur sarwa bisa Sawatara jasana dina ngadegkeun Sa­kola Dalang di Bandung ogè teu beu­nang dianggap èntèng.

“Tah pikeun mièling kana jasa-jasana namina dijadikeun salah sa­hiji jalan di sabudeureun Pabrik Gas tèa. Numatak lamun urang ngaliwat kadinya taya salahna urang ma­cakeun surat Al Fatihah sabalik mah,” saur Mang Tatang daria.

“Enya nya tètèla urang ogè boga ahli sastra anu kacida hèbatna, ngan hanjakalna salila ieu tèh ampir teu kahibarkeun. Padahal mah naon salahna lamun aya hiji dines atawa lembaga anu aya patalina jeung kese­nian kabudayaan atawa sastra nyieun hiji panghargaan.

Upamana tèa mah pikeun lomba ngarang dina basa Sunda boh carpon atawa sajak. Sakurangna jadi nyaho yèn saha MA. Salmun tèh,” ceuk Mang Opik mairan.

Tina sababaraha sumber (Tamat)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================