Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
HIJI waktu basa keur nungguan anÂgkot, aya telepon anu asup kana HP kuring anu nomerna anyar, sabab pan anu geus aya dina HP mah pastina anu nonghol tèh ngaranna da geus diprogram tèa. Panasaran bis penting gancang wè diangkat.
Sanggeus nèmbalan ku salam deui, sanajan teu nyaho saha-sahana, sorana mah asa remen ngadèngè, ceuk basa kiwari mah asa familiar, henteu asing.
“Kang punten dipiwarang ngemÂpelkeun poto anu layarna beureum nya, ukuran 6 kali genep, mun bisa mah nu panganyarna pokona mah nu panggagahna wè lahnya,†ceuk anu nelpon.
“Na keur naon kitu,†cèkèng tèh hanjakal henteu sempet nanyakeun saha-sahana.
“Keur dina surat Yasin,†tèmbalna tèh bari seuri, tuluy nutup telponna. Panasaran disusul, jigana tèh tuluy dipaèhan. Mimitina mah rada sèwot ogè, ambek jeung keuheul, sabab maÂsang foto dina Surat Yasin tèh, pan biÂasana mah keur mièling 40 poèna anu maot. Teungteuingeun tah Ki Sobat tèh, nyangka uing geus opat puluh poèna.
Tapi sanggeus rada lila, kalahka ngehkey sorangan. malah meureun lamun aya nu merhatikeun, jiga anu katarajang panyakat gèlo anyar. Sabab yakin anu nelpon tèh maksudna mah heureuy, da nyaheoun lamun kuring tèh tukang heureuy. KabèhdieunakÂeun kakara nyaho yèn anu nelpon tèh sobat heubeul mangsa sakola di SD, ngan teu apal timana manèhna meuÂnang nomer kuring tèh.
Lamun ceuk kapercayaan agama sèjèn, èta tèh hukum karma, tukang heureuy biasana diheureuyan deui. Teu kudu ambèk, sabab kitu biasana. LaÂmun tukang heureuy ambek mangsa diÂheureuyan deui, ngaranna daèk nyiwit embung diciwit. Bisa jadi ogè disebut pinter kodèk ceuk urang Ciampèa mah.
Heureuy, gogonjakan, becanda, saujratna papaès kahirupan, sangkan hirup henteu nguluwut ngagugulung kabingung. Malah pikeun para seniÂman heureuy mah, geus heubeul heuÂreuy tèh dijadikeun pakasaban, anu ngajangjikeun. Contona Charlie ChapÂlin atawa Sir Charles Spencer Chaplin, Jr, anu lahir di lahir di East Street, WalÂworth, London, 16 April 1889 ieu, akÂtor komèdi Inggris anu kawilang sukÂsès ngabintangan film pireu ku jalan jadi badut anu pikaseurieun.
Kalakuan Charlie anu ngandelkeun bahasa awak jeung paripolahna anu kawilang “pikasebeleun†tètèla bisa diÂtarima ku sakumna nu lalajo, lain ngan di Benua Eroupa wungkul, tapi meunÂtas ka Benua sèjènna, kaasup ka nagaÂra urang. Salian ti suksès jadi aktor film layar hideung bodas, Kang Charlie ogè kawilang suksès jadi sutradara.
Sawaktu jadi Charlie Chaplin, ciri mandirina nyaèta topi jangkung, baju jas sempit, calana godombrang, saÂpatuna panjang jeung salawasna maÂmawa iteuk. Anu matak moal kapopoÂhokeun nyaèta potongan kumisna anu ngan saupil di handapeun irung. PanÂgaruh lawakan Charlie ieu di nagara urang, kacida nerapna, nepi ka aya istilah kawas Caplin waè, mangsa aya jalma nu kalakuanana piseurieun tapi ngabodor, oon meureun sigana mah.
Di urang anu nurutan make kuÂmis kawas kitu tèh nyaèta Jojon, anu ciri khas sèjènna calana ngatungna di pakè di saluhureun bujal. Rada nelah ogè tah pakèan Jojon tèh, nepi ka aya basa kawas Jojon make calana tèh.
Tina sakitu lobana palawak anu aya di nagara urang jeung di dunya, teu loba anu bisa jadi ciri tur dijaÂdikeun babasan tèh, dina ayana ogè lain tingkah paripolahna, tapi ungÂkeban anu dibawakeun, kawas alÂmarhum S. Bagyo anu nyarita kalau sudah duduk lupa berdiri.
Caritaan èta, sanajan (meureun) dimaksudkeun kana iklan tempat diuk wungkul, tètèla bisa disindirsamÂpirkeun ka para pajabat anu tipopoÂrosè nèangan jabatan ku sagala cara, malah bari samèmèhna tèh ngumbar jangji sorga.
Tapi saentas diuk mah, mo(poho) keun kana jangjina sorangan. Lawakan anu lucu tur pikaseurieun geus pasti bisa ngabeberah manah, sakurangna ngurangan stress, tapi heureuy anu dijieun ku tukangna, sok disebutkeun dagelan, biasana mah ayana tèh dina dunya politik.
Kawas anu keur ramèh ayeuna, bisa ogè disebutkeun di jerona tèh aya dagelan anu teu lucu, sabab rahayat anu nongton jeung ngadèngèkeunana mah, ukur bisa seuri maur bari jeung ngaragapan dada. Tah nu kitu disebutÂna Heureuy anu teu lucu. (*)