Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji kabiasaan atawa kaulinan barudak jaman baheula anu geus tara dipigawè ku baruÂdak ayeuna tèh nyaèta tatarucÂingan atawa teteguhan. Padahal, kagiatan ieu cukup alus pikeun ngasah uteuk sangkan leuwih pinter. Panyababna teu pati dipiÂkawanoh tèh, salian ku kolot-koÂlotna teu diwawuhkeun, ogè geus loba kaulinan anu leuwih modÂern. Tas balik sakola tèh, anu diÂudagna warnèt, lamun teu maèn game on line, facebookan atawa twiteran. Da saenyana atuh, di hareupeun computer anu nyamÂbung kana internet mah, dunya tèh aya dina tungtung curuk. Ku tilu rèbu bisa ngambah ka tungÂtung dunya, sagala kajadian boh cikènèh atawa ratusan, malah rèbuan katukang ogè nyampak.
Geus kitu aya nu mangnèanÂgankeun deuih. Padahal layar kaca, boh televise atawa computÂer tèh aya bahayana sakumaha hasil panalungtikan Teresa OrÂange jeung Louise O’Flynn, panuÂlis buku “The Media Diet for Kids†nyatet aya sababaraha pangaruh gorèng diantarana. Sikep gorèng tongtonan sok ditariron, kasèhatÂan awak kaganggu, kusabab loba teuing diuk, kadituna manÂgaruhan kana prosès diajarna. Mangaruhan kana dunya atikan barudak, sabab jadi hèsè mikir, sabab sarèna henteu sèhat. Komo deui dibarengan ku hanteu resep maca, alatan loba teuing nongton.
Nu loba teuing nongton tipi tètèla ngurangan kana hubungan jeung sasamana, barudak jadi kurang resep ngobrol, boh jeung kulawarga atawa babaturanana. Jadi leuwih konsumtif, sabab kaÂpangaruhan ku iklan, Ogè jadi boga panutan anyar anu dicipÂtakeun media, kadituna aya rasa minder atawa rendah diri sabab kahirupan sapopoèna teu kawas anu dina tipi.
Sedengkeun tatarucingan salian ti ngasah uteuk, imajinasi jeung daya pikirna ogè, interaksi jeung babaturana jadi leuwih hade. Kukituna hubungan jeung sasamana jadi leuwih ngaronjat, boh dina silih simbeuhan èlmu atawa nu saèjènna. Unsur ngaÂdidik kayaning Kognitif, Affektif jeung Psikomotorik kapinuhan dina ulin tatarucingan. Unsur ieu ogè kawengku ku sasmita urang Sunda anu dipercaya datangna ti Prabu Siliwangi, nyaèta Silih Asih, Silih Asah jeung Asuh.
Susunan ieu saujratna teu bisa dirobah-robah jeung teu bisa dibulak-balik. Loba diantaÂrana anu nempatkeun Asah ri heula, kakara Asih jeung Asuh. Asah jeung Asuh moal bisa dilakÂsanakeun lamun teu didasaran ku Asih heula. Kawas ka budak anu kakara lahir, pan anu pangheulaÂna tèh nyaah (Asih) heula, kakara Asah jeung Asuh. Kitu ogè dina dunya atikan atawa pendidikan, pindahna èlmu tèh didasaran ku asih ti guru ka muridna.
Di jero Asih guru èta aya berÂekah guru anu nepi ka ayeuna henÂteu pernah lèah. Salah sahiji buktiÂna lamun urang ijid, ngèwa ka guru atawa nu ngajarna, èlmu tèh hèsè pisan nerapna. Urang Sunda nemÂpatkeun kadudukan guru sarua jeung kolot, pan aya paribasana Guru Ratu Wong Tua Karo. Lain ti ayeuna wungkul, geus ti babaheuÂlana, malah beunang disebutkeun sanajan ti datangna ti kaum cacah, mangsa geus jadi guru mah harkat darajatna tèh langsung naèk, jadi juragan guru.
Sababaraha taun katukang, wibawa guru tèh kungsi nguranÂgan, salah sahjina ku alatan facÂtor èkonomi, mangsa gajih guru masih kènèh leutik jeung kurang perhatian ti pamarèntah, profèsi anu mulia ieu tèh kagèsèr ku nu sèjèn. Ngeunaan hal èta seger kèÂnèh dina ingetan mangsa sakola di SMP, guru kuring harita anu ka nepi kudu nambangan (ngoÂjèg) pikeun nambahan panghasiÂlanana. Sabab cenah, lamun ngan saukur ngandelkeun tina ngajar wungkul mah, teu nyukupan.
Rèk teu kitu kumaha, ari guÂruna ukur naèk motor butut, muridna dina mobil weuteuh kaluaran anyar. Padahal, moal aya Presidèn,menteri pangusaha lamun taya guru. Lamun baheula cenah, anu asup ka Fakultas Ilmu Pendidikan tèh, lain mahasiswa pilihan atawa pinter, saluyu jeung lobana perhatian ti pamarèntah, guru diharepkeun jadi hiji pilihan pagawèan anu utama. Lain ngan saukur, tempat panglumpatan, pèÂdah teu ditarima di Fakultas sèjèn.
“Malah baheula mah lamun keur teu sakola hèg paamprok di jalan, tara wanieun manggihan sok tuluy malipir nèangan jalan sèjèn,†saur Mang Tatang. Mugia wè atuhnya, kahareup mah, ngatik tèh lain ngan saukur mindahkeun èlmu wungkul, tapi ngeusian jiÂwana ku kaluhungan budaya. (*)