Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
HIJI waktu dina hiji pasamoan buÂdaya, aya budak ngora nanyakeun ka salah saurang budayawan anu hadir di pasamoan èta naha sakÂabèh budaya Sunda anu ayeuna aya asli pituin ti karuhunna, atawa mèmang aya budaya serepan ti sèkèsèlèr sèjèn? Nu ditanya teu buru-buru ngajawab, kalah ngahuÂleng salila-lila, sanggeus sababaraÂha jongjongan kakara inyana ngaÂjawab.
“Sajujurna teu sakabèh buÂdaya kaasup basa anu ku urang dikanyahokeun ayeuna, atawa anu diaku minangka budaya Sunda asli ti karuhunna, tapi aya dianÂtarana pangaruh atawa kacamÂpuran ku budaya sèkèsèlèr sèjèn, boh ti dulur urang atawa ti bangsa deungeun,â€pokna daria.
Saur anjeunna, kanyataan samodèl kitu tèh, taya anu bisa disalahkeun, sabab urusan sajarah atawa budaya mèmang geus ti diÂtuna, atawa anu disebut sunatulÂlah tèa. Lamun urang teu ngaku, sarta teu jujur kana kajadian anu sabenerna, bisa jadi matak, ogè teu ngajadikeun urang Sunda jadi gedè. Sabab sikep curang, atawa teu jujur kaasup anu teu diajarkeun ku karuÂhun.
Sabab sikep samodèl kitu tèh teu ngajadikeun bangsa urang jadi gedè, malah bisa disebutkeun agul ku payung butut adèan ku kuda beureum. Ngarasa gedè ku budaya warisan karuhun bari jeung aya diantarana lain pituin budaya sorangan, atawa budaya injeuman.
Inyana ogè teu ngaenyakeun jeung teu nolak basa èta budak ngoÂra nyaritakeun yèn kakawasaan milu mangaruhan kana kaayaan mangsa harita, atawa dina urusan sajarah aya icikibung jeung campur leungeun pihak pangawasa.
“Sajarah bangsa Indonèsia anu diajarkeun ka barudak ayeuna, aya anu teu saluyu jeung kanyataan sabenerna, kanyahoanana, saentas aya gegedèn nagara anu ningÂgalkeun, tur anu salila ieu sieuneun nyarita, baruka rusiah, bari nyebutÂkeun yèn kajadian anu sabenerna henteu kitu ieuh,†ceuk èta budayÂawan. Palebah dieu lumaku pariÂbasa buruk-buruk papan jati, anu salila ieu dihartikeun alus gorèng ogè dulur sorangan, tapi bisa ogè dilarapkeun kana alus gorèng ogè budaya sorangan. Anu alusana diÂpiara, anu gorèngna dipiceun.
Taya nu salah palebah dieu mah. Sabab di jaman harita mah mèmang kaayaanana kitu. Contona waè, lamun karuhun urang baheuÂla agemana lain kawas nu ayeuna, da mèmang anu lumaku di jaman harita mèmang kitu. Tapi nyimÂpangkeun sajarah anu sakahayang jeung pihak pangawasa, teu asup kana itungan èta.
“Naha èta teu jadi dosa?†ceuk budak ngora nyusul tepus.
“Tangtuna mah kitu, dosa atuh, sabab pan sajarah tèh cohagna mah geus dijieun skènariona ku Nu Maha Kawasa, tapi kulantaran aya kapentingan pihak pangawasa, anu sakuduna lempeng tèh dipaÂrungkal-parèngkolkeun. Anu sakuÂduna nu boga lalakonna itu, diganti jadi ieu, anu carita sabenerna kieu jadi kitu, antukna kulantaran kaÂjadian sabenerna geus kalimpudan, bukti sajarah anu sakuduna aya ogè, pan loba anu disumputkeun jeung dileungitkeun,â€pokna daria. Bisa jadi anu tumiba ka nagara ieu, kusabab dosa èta, nyaèta mèngÂkolkeun sajarah anu sakumaha mistina.
“Ari urusan budaya kumaha?â€
“Sarua waè atuh, palebah dieu mah, kudu sarua jujurna jeung lugiÂna hate, sabab taya anu sampurna, aya di urang euweuh di batur, kitu ogè sabalikna. Tah èta anu disebut silih eusian atawa silih lengkepan tèh. Sakumaha anu diajarkeun ku karuhun urang, anu disebut Silih Asih, Silih Asah jeung Silih Asuh.
Cohagna mah urang ulah ngaÂrasa keukeuh bener lamun nyata-nyata salah, jeung ulah asa bener sorangan. Keukeuh ngabèlaan buÂdaya sorangan padahal henteu jelas juntrunganana,â€tèmbalna deui. Kajujuran, sanajan pait jeung peuÂheur karasana, hasilna bakal leuÂwih alus tibatan ngabohong, atawa aku-aku angga.
Sabab lamun geus dimimitian ku ngabohong, bakal terus ngaboÂhong pikeun nutupan kabohongaÂnana. Malah baheula mah kungsi dihangkeutkeun budaya èra, èra lamun migawè korupsi, èra lamun migawè teu bener.
Rarasaan di jaman kiwari mah, geus loba jalma anu pegat urat kaèrana, orat bangun anu ngahaja ditempo-tempokeun, jalma anu geus ngalakonan korupsi malah geus ditibanan hukuman ogè, wani kènèh nyalonkeun jadi pamingpin. Ngabohong geus jadi lalab rumpah, teu daèk ngaku salah, sanajan geus jelas-jelas salah. Sawaktu diwawanÂcara ku wartawan tèh, bisa kènèh sura-seuri, jiga anu teu ngarasa salah. (*)