Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

LAMUN salila ieu aya pamade­gan ngeunaan Kandaga Lantè anu meunang tugas ti Raja Pak­uan Pajajaran (Sunda Galuh) anu pamungkas Prabu Raga Mulya Surya Kancana yèn opat patih nyaèta Jaya Perkosa, Nangganan, Kondang Hapa jeung Tèrong Pèot meunang tugas pikeun masrah­keun kakawasaan jeung pusaka Pajajaran ka Karajaan Sumedang Larang anu dirajaan ku Prabu Geusan Ulun, sarta satuluyna aya lalakon Geger Hanjuang tèa, ngan saukur meunang parèntah wung­kul, atawa aya ogè anu nyebut­keun yèn Kandaga Lantè tèh tem­pat jsb-na, Kang Wawan Khusnun anu salila ieu kacida merhatikeu­nana kana urusan kabudayaan jeung kasenian, negeskeun yèn Kandaga Lantè tèh sarua jeung panitia adhoc, atawa panitia sawatara pikeun nyiapkeun kalu­mangsungan Karajaan Pajajaran satuluyna.

“Anu pangasup akalna kusa­bab Karajaan Sumedang Larang masih kènèh turunan ti Pajaja­ran, nya pikeun sawatara waktu dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun,”pokna daria. Hanjakalna, Prabu Geusan Ulun dianggap teu lulus kusabab henteu tigin jangji­na, ka Jaya Perkosa atawa gam­pang kapangaruhan ngeunaan tangkal hanjuang anu dipelakna tèa. Padahal Jaya Perkosa kalayan teges nyebutkeun lamun tangkal hanjuang hèjo ngemploh tandana unggul di juritan. Sakumaha di­caritakeun yèn Prabu Geusan Ulun ninggalkeun Kutamaya pim­dah ka Dayeuh Luhur.

Ngeunaan Karajaan Sumed­ang Larang sorangan numut­keun catetan sajarah anu aya, diadegkeunana tèh ku Prabu Aji Putih mangrupa bagian ti Kara­jaan Sunda Galuh mangsa harita. Ngaran Sumedang sorangan ngala­man sababaraha kali parobahan, samèmèhna Karajaan Tèmbong Agung rajana Pragu Guru Aji Putih.

BACA JUGA :  Liverpool Resmi Umumkan Arne Slot Sebagai Pelatih Baru

Samangsa diparèntah ku Prabu Tajimalèla ngaranna di­ganti jadi Himbar Buana, har­tina nu nyaangan alam. Mangsa harita Prabu Tajimalèla kantos ngadawuh Insun medal insun madangan anu harti kuring dila­hirkeun, kuring nyaangan.

Saterusna kecap Insun Madangan robah jadi Sundang kabèhdieunakeun jadi Sumed­ang Larang, Larang hartina anu taya tandingna. Prabu Agung Resi Cakrabuana atawa leuwih kakon­cara ku gelar Prabu Tajimalela gaduh putra tilu nyaèta

Prabu Lembu Agung, Prabu Gajah Agung, jeung Sunan Geu­san Ulun. Dumasar kana Layang Darmaraja, Prabu Tajimalèla mere parèntah ka dua putrana Prabu Lembu Agung jeung Pra­bu Gajah Agung sangkan jadi raja jeung patihna.

Hanjakalna duanana teu sadia jadi raja, kulantaran kitu, Prabu Tajimalèla mere ujian ka duaana, sarta diputuskeun anu èlèh kudu jadi raja. Lembu Agung jeung Gajah Agung diparèntahkeun pikeun ngajagaan pedang jeung dawegan di Gunung Nurmala ki­wari Gunung Sangkanjaya.

Hanjakalna Prabu Gajah Agung, teu kuateun ku hawa ha­naang, sarta dawegan anu aya dileueut caina.

Kulantaran èlèh, ahirna Gajah Agung kudu jadi raha Sumedang Larang bari kudu nèangan pura­saba sorangan, sawatara Prabu Lembu Agung jeung katuruna­nana tumetep di Leuwihideung, tur jadi raja sawatara anu disebut Prabu Lembu Peteng Aji pikeun ngajalankeun wasiat Prabu Taji­malela.

BACA JUGA :  Perjalanan Timnas Indonesia Menuju Piala Dunia 2026

Prabu Tajimalèla nyalira sat­erasna jadi resi. Sedengkeun Prabu Geusan Ulun jeung katu­runana sumebar di di Limban­gan, Karawang, jeung Brebes. Saentas Prabu Gajah Agung jadi raja, satuluyna purasaba jeung karajaan dipindahkeun ka Cigul­ing sarta mangsa mantenna pu­pus dimakmamkeun di Cicanting Kacamatan Darmaraja.

Prabu Gajah Agung gaduheun dua putra, anu cikal istri, namina Ratu Istri Rajasumantri tur nikah jeung Prabu Siliwangi sarta ngir­ing ka Pajajaran. Anu kadua Su­nan Giling neruskeun jadi raja Sumedang Larang, anu saterusna dituluykeun ku putrana Sunan Patuakan.

Sapupusna Sunan Patuakan karajaan diteraskeun putrana anu istri nyaèta Nyi Mas Ratu Patuakan anu carogèna Sunan Corenda, putra Sunan Parung. Nyi Mas Ratu Patuakan ngagadu­han putra istri Nyi Mas Ratu Inten Dewata (1530-1578) anu gumelar Ratu Pucuk Umun.

Ratu Sumedang Larang ieu nikah sareng Pangeran Kusumah­dinata, putra Pangeran Pamalek­aran (Dipati Teterung), putra Aria Damar Sultan Palembang katu­runan Majapahit.

Ibunaa Ratu Martasari/Nyi Mas Ranggawulung, katurunan Sunan Gunung Jati ti Cirebon. Pangeran Kusumahdinata dina lalakonna leuwih kakoncara ku jujuluk Pangeran Santri kusabab asalna ti pasantrènan sarta par­ipolahna kacida solèhna. (*)

============================================================
============================================================
============================================================