Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LISTRIK pikeun masyarakat kota, geus jadi bagian anu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan (di Kabupatèn Bogor, dumasar bèja ti televisi aya kènèh anu can ngaÂrasaanan listrik). Mun pareng paÂreum listrik karasana ripuh pisan, komo pausahaan anu garawèna atawa ngahasilkeun produkna ti peuting, bisa lapur. Salian ti teu bisa ngahasilkeun ogè, matak ngarugikeun.
Pikeun anu teu biasa “popoèkan†mangsa listrik keur pegat atawa paèh tèh, bisa jadi sikÂsaan, kitu ogè anu biasa on line, facebook, twiter, maèn games, nongton tipi, komo palebah kaÂsawelasan anu dipikaresepna rèk maèn, moal teu kutuk gendeng tah, nyalahkeun PLN. Malah bisa jadi mangsa keur kitu mah, ngaÂran sato anu aya di Taman Safari tèh kalaluar ngadadak. Bisa ogè nuduhna macem-macem wah poÂkona mah ramè wè.
“Geus dua peuting listrik ngan paèh waè, keur mah hujan ngaririnÂcik, salembur pararoèk, beuh asa cicing di sisi gunung,â€ceuk Kang Acoen kutuk gendeng. KahanjeluÂna tèh, nambahan basa patih goÂahna meneran keur pelat beureum atuh jadi samar polah, teu bisa hiÂburan pisan. Daèk teu daèk manuÂsa di jaman kiwari mah dipaksa teu daya upaya sarta leupas tina kabiasaan ayana listrik.
Dina mangsa keur poèk kitu (komo bari jeung hujan ngaririnÂcik) bisa jadi kajahatan mahabu, komo anu mèmang usahana nu kitu mah, jadi sèmah anu teu diÂondang, jadi kasempetan pisan. Lamun enya ogè kanyahoan, siÂgana tèh nu ngudagna ogè rada sarangheukeun, kudu mamawa sentèr bari kukucrutan jeung kuÂkucuprakan.
Tapi pikeun ibu-ibu jamaah Al Hasanah mah, pareum listrik jeung hujan anu teu eureun, tètèla teu ngurangan niatna pikeun ngaji. Basa meunang ondangan pikeun ngadu’akeun nu keur munggah haji tèh, ih bring wè arindit.
“Meungpeung keur sèhat jeung kuat kènèh mah nya pasti dilakonan. Sabab lamun geus teu bisa nanaon mah, ukur bisa ngucap hanjakal,†ceuk Bi Emèd. Sigana anjeunna mah baheulana remen ngaregepkeun pupujian pupujian di maasjid samèmèh magrib. Geuning sok aya “kaÂkawihan†samèmèh azan nu rumpakana mun teu salah kieu :
Sadèrèk muslimimin buru-buÂru geura solat, meungpeung aya kènèh waktona samèmèh porot. Sareng buru-buru sadayana neda tobat meungpeung hirup kènèh di dunya samèmèh maot.
Tah dumasar kana èta, sigana tèh anjeunna boga prinsip ngaÂmangpaatkeun salila hirup di duÂnya ku kagiatan anu positif. Pan ngaji mah salah sahiji kawajiban umat Islam, ku loba ngajai salian ti manjangkeun silaturahim, ogè bakal ngaleuleuykeun hate, henteu teuas kawas batu, jadi saÂmangsa aya tausiah ti Ustad tèh gampang pisan narimana.
Carita ringkesna, bèrès wè ngaji tèh, ti mimiti maca surah Yasin, tahlih jeung tausiah, sarta ditutup ku du’a. Ngan mangsa rèk baralik raribut, soalna aya salah sahiji jamaah anu sendalna bèda sabeulah, anu hiji beureum saÂbeulah deui hèjo.
“Coba pariksa ka nu dina mobil bisi pahili,†ceuk Bu Haji Nènèng anu kapeto pingpinan rombongan marèntahkeun salah sahiji anak buahna. Atuh mobil anu rèk miang nganteurkeun jaÂmaah tèh, kapaksa dieureunkeun heula, dipariksaan sukuna, bisi sendalna pahili. Saentas diparikÂsa hiji-hiji, tètèla taya saurang ogè anu sendalna sisirangan.
Lantaran teu kapanggih waè, sanajan geus dipariksa diunggal tempat, nya ahirna mah anu senÂdalna sisirangan tèh milu balik ogè. Untungna wè aya jemputan, jadi teu èra teuing, teu kacipta lamun naèk angkot. Beuh kacida teuing wirangna, malah bisa jadi wiwirang di kolong catang cenah. Kanyahoan yèn salah, sendalna teu pahili di pangajian tèh, basa balik ka imahna.
Horèng kasalahan tèh lain dina pesawat telepisi Anda, tapi mèmang keur miangna rèk ka pangajian. Sigana tèh bakating ku rusuh jeung kaayaanana keur poèk mongklèng buta ngedul, jadi salah make sendal. Puguh wè sanajan ditèangan sataker kebek di imah anu diayakeun pangajian tadi, pastina ogè moal kapanggih.
“Hampura pisan, sendal tèh mèmang pahili ti imah kènèh, saÂbab tadi keur rèk mangkatna paÂreum listrik,†ceuk manèhna SMS ka sakabèh anggota rombongan.