Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
MUSEUM Perjoangan Bogor (MPB) anu pernahna di Jalan Merdèka Nomer 58 Kota Bogor, di wangun di luhureun taneuh anu legana kurang leuwih 650 mèter ieu, mibanda sajarah anu kacida panjangna. BaheuÂlana Jalan Merdèka tèh ngaranna Jalan Cikeumeuh nomer 28. AnÂtara taun 1879 nepi ka taun 1967, sarta kabèhdieunakeun robah jadi jalan Merdèka.
Tangtuna aya kasangtukangna pangna di ngaranan MuÂseum Perjoangan Bogor tÄ•h. Dumasar kana catetan anu aya, MPB diadegkeun dina bulan juli 1879, wangunan ieu bogana WilÂhem Gustaf Wissler, urang WaÂlanda tur harita mah dijadikeun gudang panyimpenan barang. Teuing geus sabaraha kali ganti nu bogana, nu jelas di hareupeun geÂdong ieu baheulana aya kuburan Walanda, anu ayeuna paenteung eunteung jeung Merdèka Mall. Dina awal Juni 1938, gedong ieu kungsi dijadikeun kantor PerÂsaudaraan Parindra Cabang BoÂgor, anu mangrupa kantor bank simpen pinjem jeung kagiatan lianna.
Samangsa Jepang ngawasaan nagara urang, tegesna dina tanggal 9 Maret 1942, gedong ieu dijadikeun guÂdang ku tentara Dai Nippon. Tah ti saprak 1945, gedong ieu diÂgunakeun pikeun kagiatan-kagiaÂtan kantor Komite Nasional, BP 3 sarta markas perjuangan Kota jeung Kabupatèn Bogor ogè KanÂtor Perjuangan Karesidènan BoÂgor, sarta laskar rahayat Bambu Runcing ku para pemuda.
Kulantaran pihak WalanÂda jeung Inggris terus-terusan ngadesek perjuangan bangsa urang, dina tanggal 13 Februari 1946, gedong ieu kapaksa ditingÂgalkeun ku para perintis perÂjuangan. sarata antara 1948 nepi ka taun 1949 digunakeun pikeun kagiatan gabungan Serikat SeluÂruh Indonèsia, anu dipingpin ku Priyatna. Saentas perang campuh antara Tentara Nasional IndonèÂsia ngalawan Walanda dibèwaraÂkeun, gedong ieu ditetepkeun jadi kantor PamarÄ•ntahan Darurat KabupatÄ•n Bogor jeung KMDJ lilÂana kurang leuwih 3 taun. Dina taun 1950-an, kalayan saran ti Mayor Usman Abdullah kungsi dijadikeun sakola rahayat nomer 34, nyaèta sakola husus pikeun anak-anak tentara, satuluyna diÂbuka pikeun umum. Dina tanggal 16 Dèsember 1953, gedong anu dipibanda ku Umar bin AlbahaÂwab ieu, dihibahkeun ka Yayasan Museum Perjoangan Bogor.
Satuluyna, para pamingpin Perjuangan Kamerdèkaan 17 agusÂtus 1945 di Karesidènan Bogor, kempel di bumina Bupati Bogor mangsa harita, R.E. Abdullah di Jalan Panaragan No. 31 pikeun nyawalakeun tur hasilna netepÂkeun gedong di Jalan Cikeumeuh nomer 28, jadi Gedong Monumèn Nasional, nyaèta Museum PerÂjoangan Bogor, ogè mangrupa museum perjoangan pangheuÂlana sa-Nusantara.
MPB ieu dibuka ku ibu KarÂtina Muslihat, garwana almarhum KaptÄ•n Tubagus Muslihat, tabuh 8 enjing, ping 10 November 1958, diprakrasaan ku Mayor Ishak Djuarsa, sarta diresmikeun ku Kolonèl R.A. Kosasih harita nyangking kalungguhan Panglima Teritoritorial III Siliwangi.
Saentas maca sababaraha doÂkumèn anu aya, Komandan KoÂrèm 061 Surya Kancana, Mayor Oyik Suroto, dina Surat ParènÂtahana nomer 663/VIII/1981/ ngeunaan pembentukan penguÂrus Yayasan Museum Perjoangan Bogor. Di MPB ieu disimpen rupa-rupa barang-barang perjoangan, ti sababaraha para pejoang anu geus ngorbankeun harta banda jeung ragana pikeun ngamèrdèkakeun bangsa Indonèsia, diantarana raksukan Kaptèn Muslihat, raksuÂkan sababaraha pejoang sèjènna, korsi paragi ngahukuman bangsa urang, jeung rèa-rèa deui.
Kayaan MPB ayeuna keur tunggara alias pikahariwangeun, luhurna bocor sarta caina ningÂgang lomari tempat panyimpanan barang-barang anu mibanda nilèy kasajarahan. Ogè nu jagana mun teu salah geus lila teu meunang honor anu gedèna teu sabaraha.
Salian ti sababaraha bagèan wangunanna geus loba nu rukÂsak, museum ieu teu boga tempat pikeun parkir. Puguh perlu perhaÂtian anu daria ti pihak pamarènÂtahan satemapt, lain ngan saukur pinter basilat lètah. Di jero museÂum ieu disimpen barang-barang anu mibanda sajarah tur nu boÂgana tèh pan pahlawan bangsa anu nandonkeun nyawa pikeun kamerdèkaan bangsa ieu.
Naha urang anu harirup ayÂeuna tur bisa ngarasakeun kumaÂha ni’matna hirup di alam kaÂmerdèkaan teu èro nempo kana kaayaan samodèl kitu? Lamun enya embung merhatikeun hayu ah, urang kumpulkeun duit sarèÂbu saurangna salila sabulan. LaÂmun tèa mah istiqomah tina 500 rèbu urang kali Rp 30 rèbu, meuÂreun bakal kumpul duit sakurangÂna Rp 15 milyar. Maenya teu cukÂup pikeun ngahadèan gedong anu ruksak mah nya. Der ah !
Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















