Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
KABEUNGHARAN patilasan para karuhun di Bogor, hususna di Kabupatèn Bogot tètèla lain baÂbasan, atawa bèja ti manuk wunÂgkul, tapi bener-bener kanyataan.
Sentas dua minggu kamari nganjang ka Situs Cibalay, Ahad kamari mah ka Guha Langkop, pernahna di Kampung Tapos, Dèsa Sukaharja, Kacamatan CiÂjeruk, sawatara Cibalay ogè teu jauh ti Dèsa Tapos, Kacamatan Tenjolaya.
Basa dititènan kalayan daria, aya kasaruaan, antara Guha LengÂkop jeung Cibalay, sarua di deuÂkeut ngaran Tapos. Teuing aya sabaraha puluh anu make ngaran Tapos tèh, mun teu salah poyèk sapi Pa Harto ogè ngaranna Tapos.
Bisa jadi di tempat ieu aya ogè patilasan anu mangrupa siÂtus, jeung aya deui ngaran Tapos di sagigireun anu disebutkeun di luhur. Pikeun sawatara wakÂtu èta mah ulah dipikiran ukur babadèan, sugan jeung sugan, naha enya èta tèh ciri anu pasti atawa ngan kabeneran wungkul.
Tapi lamun tina sapuluh aya kana tujuh atawa dalapanna, beuÂnang dipastikeun èta lain ngan saukur kabeneran, tapi bebenerÂan atawa mèmang dihaja.
Ceuk katerangan para ahli, sakurangna aya dua ahli anu haÂdir di tempat èta, nyaèta Kang Ahmad Yanuar Samantho jeung Kang Inotji Hayatullah, situs Guha Langkop sajaman jeung Situs Cibalay, umurna kurang leuwih antara 2000 atawa 2500 taun samèmèh Masèhi jadi geus kolot pisan, lamun di itung ti ayÂeuna mah, sakurangna 4000 taun samèmèh Masèhi.
Jaman èta disebutkan mègaliÂtikum, atawa jaman kajaayaan batu. Anu pasti boh ceuk Kang Wawan Khusnun, Kang Anto, Kang Inotji jeung Kang Eman sapuk sapagodos yèn karuhun urang geus mibanda peradaban anu luhung di jamanna.
Sabab jelas pisan, boh CibaÂlay atawa Guha Langkop buatan manusa, lain jieunan alam. Jadi lamun kitu mah ècès pisan, yèn karuhun urang tèh geus mibanda tatanan kabudayaan, sabab ceuk Kang Anto tatanan pamarèntahÂan diwengku ku tilu anu disebut Tri Tangtu tèa.
“Samèmèh itungan masèhi aya, urang Sunda baheula geus bogaeun itung-itungan anu sumÂberna tina bèntang, bulan, panon poè anu ayeuna geus aya kalenÂderna anu disebut Kalasunda. Salah sahiji titinggal karuhun dina widang astronomi nyaèta sukrakala, pergerakan bèntang, suryakala (panon poè jeung canÂdra kala, panampakan bèntang.
Kitu ogè para karuhun geus bisa nangtukeun aturan waktu tebar, tandur jeung laranganana. Tah balik deui kana Guha LangÂkop tèa, saujratna anu disebut guha tèh teu kawas guha anu diÂimplengkeun ku urang, kawas Guha Gudawang, tapi ieu mah ceruk, atawa tempat nyerengkeÂdong di sahandapeun batu, anu diluhurna jiga anu di(ka)sangga ku tatangkalan.
Ceuk anu ngaharèwos sabenÂerna, èta tèh lain saguha-guhana, tapi lawang gaib pikeun karuhun urang, mangsa nganjang ka alam sèjèn. Saur Kang Wawan, panÂgna nganjang ka dinya tèh aya saÂbabaraha tujuan. Anu kahiji ngaji rasa, yèn karuhun urang tèh benÂer-bener aya, sabab aya buktina anu mangrupa situs, mènhir.
Kaduana ulah nepi ka dijaÂdikeun tempat pamujaan ku jalÂma-jalma jaman kiwari, hayang dikabulkeun kahayangna bari jeung mènta-mènta ka tempat anu samodèl kitu, katiluna sangÂkan dikanyahokeun ku balarèa boh anu nagara urang sorangan atawa bangsa deungeun yèn di urang tèh loba paninggalan-panÂinggalan anu bisa diguar tur dijaÂdikeun tujuan wisata.
“Bangsa urang ukur bisa huÂdang èkonomina tina budaya jeung pariwisata, sabab nu kitu moal kasiksik wanci katutuh wakÂtu jeung laas ku jaman. Tah ayeuÂna tugas urang pikeun ngaguarna, moal samata-mata dijieun jeung ditinggalkeun pikeun anak-incu, buyut, udeg-udeg gantung siwur, jaringao bau-bau sinduk lamun taya gunana,â€pokna tandes.
Saur Kang Inotji loba pisan titilar karuhun di wewengkon dinya, anu geus kapanggih jeung can ngalaman ditataan ogè loba, encan anu can kapanggih atawa nyamuni kènèh.
Tètèla saentas nganjang ka Guha Langkob mah kakara nyaho yèn Sunda tèh geuning beunghar, ngan meureun urangna anu teu waspada jeung cicing waè, nepi ka teu nyaho kana kabeungharan sorangan. Atawa urangna geus kaleungitan udagan urang soranÂgan, nepi ka poho saha jeung tiÂmana asalna? Duka atuh nya?