Can aya sabulan, geus ngaÂheureutan deui tah galengan tèh,â€waler Ki Mardud. Padahal ceuk paribasana mah tani mah pagawèan anu muklis pisan, taya patalina jeung papada manusa, ukur jeung Nu Maha Kawasa wungkul. Lian ti su’al ngarawat mah.
Ngan lamun ngagèsèrkeun wates ulah dikira dosa leutik, saÂbab pan urang teu nyaho sabaraÂha jero kahandapna. Lamun geus kitu, hasil tatanèn anu tadina muhlis teu kacampuran nanaon tèh, ibarat bèas maha taya gabÂahna, jadi pinih ku sèrah jeung huut badag.
Anu haq jadi kacampuran anu bathil. Ibarat cai susu dina genÂtong kakècrètan cai racun atawa najis, atuh jadi kotor kabèh.
Pagawèan sèjèn salian ti tani rada hèsè muhlisna, polikus, pagawè pamarèntah,padagang aya pisan lolongkrang pidoÂsaeunn boh dina carita, lalamÂpahan, jangji anu teu ditedunan, nyarèkan bawahan, ah pokona mah loba pisan.
“Lian tina so’al èta wungkul, tapi dina widang sèjèn ogè teu saeutik, Diantarana, saentas diÂwawuhkeun jeung hiji jalma anu boga pangaruh boh kapangkatan atawa kadunyaan, tah jalma anu teu boga cedo mah, sok bari ngagÂogorèng anu ngawawuhkeunana.
Nupenting dirina bisa ngarah untung tina jalma èta,â€saurna deui. Lamun geus kitu, biasana sosobatanana tèh sok tuluy bengÂkah. Da geus dipirucaan tèa, sifat samodèl kitu mun teu buru-buru dipiceun bakal ngaruksak dirina sorangan.
Sabab lamun kitu waè, moal aya nu ngabaturan, tur moal aya anu mere pijalaneun mangsa diÂrina meunang karerepet atawa kasusah. Basana ogè kawas nuÂlungan anjing kadempèt.
“Tah lamun geus kitu, sabenÂerna urang geus nyiptakeun naraÂka pikeun diri urang sorangan, mangsa keur sangsara taya sauÂrang ogè anu daèk nulungan, kuÂsabab polah sorangan. Kasusash tèh geuning lain disababkeun ku batur-batur teuing nya,â€saur Ki Mardud deui. (*)