Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA LAMUN aya nu nyebutkeun yèn dina raga manusa sabagèan ma­laikat sabab aya bebeneran dina laku lampahna, ogè sabagèan deui sètan, sabab ucap jeung par­ipolahna aya nu siga sètan, kay­aning sirik pidik jail kaniaya, èta ogè teu salah.

Alesanana dina hate jalma mah aya nafsu nu nyangkaruk, lamun diumbar bakal ngaruk­sak kana dirina jeung sabudeu­reunana, Ngaruksak na tèh lain ka papada jalma wungkul tapi kaasup kana alam anu dicicinga­nana. Biasana anu kararieu mah, tara mikirkeun kapentingan nu sèjèn, dapon dirina kacumponan, nu lian mah sabodo teuing.

Asal dirina seubeuh, lubak-li­buk harta banda bari jeung meu­nang ngagalaksak sabodo teuing, padahal batur mah roroèsan dina jurang kasangsaraan ogè. Nu ngaruksak leuweung leuwih ti misti, bari jeung teu merhatikeun kana aturan, nepi ka loba bahla kawas longsor, banjir sigana tèh asup kana golongan èta.

Kitu ogè ka anu ngaharakan­an duit rahayat nepi ka teu bisa ngalaksanakeun pangwangunan, atawa dina dilaksanakeunana ogè ngan saukur jadi, rada ngadeuke­utan jeung golongan èta. Hèbatna deui (pikasebeleun) sakapeung di urang mah araranèh, lamun anu ngaruksak nagarana leuwih gedè (jumlahna rèa) loba anu ng­abaturan, malah aya anu nepi ka wani nandonkeun jabatan, harga dirina jeung ngorbankeun kula­wargana.

Kitu ogè sabalikna, napsu la­mun dihengker tur diatur kalayan hade jadi papaès dunya. Sabab ku ayana napsu, jalma jadi boga ka­hayang, boh hayang ngawangun rumah tangga atawa mibanda cita-cita anu leuwih gedè tibatan èta.

BACA JUGA :  Lokasi SIM Keliling Kabupaten Bogor, Rabu 1 Mei 2024

Ayana kapal udara, jeung tèknologi anu ayeuna digunak­eun ku umat manusa, salah sahiji­na ku ayan napsu dina hate jalma. Lain hartina kudu dipareuman kawas lilin anu ditiup, sabab nap­su tèh fitrah ti Nu Maha Widi tur Maha Kawasa.

“Tapi enya kètang, saka­peung mah manusa tèh sok poho ka temah wadi. Teu kaop dibèrè lolongkrang èh katutuluyan. Co­hagna mah dibèrè hate kalah mènta jantung,” saur Ki Mardud basa ngariung di padèpokanana.

“Maksadna kumaha Ki?” kuring mairan.

“Eta urusan wates sawah, lantaran beuki dieu galengan tèh beuki heureut waè, teu bisa dipakè leumpang ku budak-bu­dak acan nya Aki tèh ngèlèhan. Galengan tèh ku aki digèdèan, anu tangtu nyompag sawah aki.

Can aya sabulan, geus nga­heureutan deui tah galengan tèh,”waler Ki Mardud. Padahal ceuk paribasana mah tani mah pagawèan anu muklis pisan, taya patalina jeung papada manusa, ukur jeung Nu Maha Kawasa wungkul. Lian ti su’al ngarawat mah.

Ngan lamun ngagèsèrkeun wates ulah dikira dosa leutik, sa­bab pan urang teu nyaho sabara­ha jero kahandapna. Lamun geus kitu, hasil tatanèn anu tadina muhlis teu kacampuran nanaon tèh, ibarat bèas maha taya gab­ahna, jadi pinih ku sèrah jeung huut badag.

BACA JUGA :  Kecelakaan Maut, KA Siliwangi Tabrak Motor di Sukabumi, Pasutri Tewas

Anu haq jadi kacampuran anu bathil. Ibarat cai susu dina gen­tong kakècrètan cai racun atawa najis, atuh jadi kotor kabèh.

Pagawèan sèjèn salian ti tani rada hèsè muhlisna, polikus, pagawè pamarèntah,padagang aya pisan lolongkrang pido­saeunn boh dina carita, lalam­pahan, jangji anu teu ditedunan, nyarèkan bawahan, ah pokona mah loba pisan.

“Lian tina so’al èta wungkul, tapi dina widang sèjèn ogè teu saeutik, Diantarana, saentas di­wawuhkeun jeung hiji jalma anu boga pangaruh boh kapangkatan atawa kadunyaan, tah jalma anu teu boga cedo mah, sok bari ngag­ogorèng anu ngawawuhkeunana.

Nupenting dirina bisa ngarah untung tina jalma èta,”saurna deui. Lamun geus kitu, biasana sosobatanana tèh sok tuluy beng­kah. Da geus dipirucaan tèa, sifat samodèl kitu mun teu buru-buru dipiceun bakal ngaruksak dirina sorangan.

Sabab lamun kitu waè, moal aya nu ngabaturan, tur moal aya anu mere pijalaneun mangsa di­rina meunang karerepet atawa kasusah. Basana ogè kawas nu­lungan anjing kadempèt.

“Tah lamun geus kitu, saben­erna urang geus nyiptakeun nara­ka pikeun diri urang sorangan, mangsa keur sangsara taya sau­rang ogè anu daèk nulungan, ku­sabab polah sorangan. Kasusash tèh geuning lain disababkeun ku batur-batur teuing nya,”saur Ki Mardud deui. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================