Kang Karyawan Faturahman, manten Wakil Bupati Bogor pernah negeskeuun yèn Kabupaten Bogor benghar pisan ku Benda Cagar Budaya (BCB). Malah lamun dititènan kalayan daria ampir sakÂabèhna wewengkon di beulah KuÂlon timimiti Drmaga nepi ka BantÂen pinuh ku paninggalan budaya.
Anu ayeuna kabuki, saur anÂejunna, teu nepi ka 50 persenna. Tètèla teu nyalahan tah, caritaan anjeunna tèh, sabab paninggaÂlan “budaya†di Bogor, tètèla lain ngan saukur urut karajaan sarta jaman kolonialisme wungkul, tapi anu mangrupa raratan patilasan ulama anu nyebarkeun agama IsÂlam ogè kawilang rèa.
Di Jasinga aya Syeh Sochib, di Cibeureum Cisarua, aya Tubagus Andung, Syeh Rosid di wewengÂkon Ciampea, Pangeran Sakè di Citeureup sarta rèa kènèh pisan. Geus kitu umurna ogè, lain ngab saukur ratusan taun, numutkeun katerangan aya sababaraha BCB anu umurna nepi ka 5000 atawa 7000 taun saencan Masehi.
Diantarana Situs Cibalay ataÂwa Arca Domas di Kacamatan CiÂampea jeung Gunung Sodong di Kacamatan Leuwiliang. Eta tèh kaÂkara sabagèanna, sabab teu musÂtahil kahareupna bakal kapanggih atawa kaguar deui, situs-situs saÂrupa kitu. Anu can pati kacaritaÂkeun diantarana di wewengkon Jonggol Cibarusah, Sukamakmuur sarta Parung.
Salah sahiji BCB atawa makam anu kawèntar ka mana-mana sarÂta remen jadi tempat pangjugjuÂgan nyaèta makam kaum salihin, Syech Syariudin Saheh atawa anu leuwih kakoncara ku asma PanÂgeran Sakè anu kumelendang di alam dunya diantara atun 1682 nepi ka 1740 Masehi.
Pangeran Sakè atawa Eyang Sakè, nyumebarkeun agama Islam mimitina ti Banten saterusna ka Jatinegara Jakarta, Bekasi, CibaruÂsah, Cileungsi sarta dipundut yusÂwa di Kampung Karang Asem, KacaÂmatan Citeureup Kabupaten Bogor.
Mangsa ngajarkeun agama Islam di wewengkon Bogor, Pangeran Sakè geus masti manggihan halangan anu teu saeutik, ti mimiti kaayaan pangeusi Bogor anu masih kènèh papencar-pencar, kaayaanna masih kènèh leuweung luwang=liweung, ogè meunang anceman ti pihak Pamarèntah Hindia Walanda.
Tapi tèkad anu kuat, kalayan niat anu buleud kana kayakinan anu keur dipigawèna, yèn anu dijalankeun aya dina jalan bener, teu ngajadikeun Pangeran Sakè unggut kalinduhan gedag kaangiÂnan dina ngajarkeun agama Islam ka masarakat Bogor nepi ka tutup lalakonna.
Malah pikeun nyiasatan sangÂkan teu diudag-udag ku Walanda, Pangèran Sakè nyieun kuburan dirina sarta dibèjakeun tiwas ataÂwa maot. Ti harita Walanda teu pati ngudag-ngudag deui, ahirna Pangeran Sakè jongjon ngalakÂsanakeun pancènna ngajarkeun agama Islam.
Syeh Saheh tètèla masih kèÂnèh turunan atawa katalian dulur jeung kulawarga Sultan Banten jeung Cirebon. Mantenna putra ti Sultan Ageng Tirtyasa anu saterÂasna ka Syeh Abdul Fatianu ahirna ka Syeh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunungjati.
Dumasar kana catetan sajarah anu aya Sunan Gunungjati tèh, puÂtrana Lara Santang anu ibuna Nyi Subang Larang prameswari ti Sri Baduga Maharaja. Jadi sok sanaÂjan Pangeran Sake asalna ti Banten tapi bibit buitna mah ti Bogor kèÂnèh, sarta Raja anu pangkasohorÂna ti Tatar Sunda.
Nami Pangeran Sakè tètèla lain kawèntar di Bogor wungkul, tapi sumebar nepi ka luar Pulo Jawa dianatarana ka Sumatera jeung Kalimantan. Salah sahiji buktina, nu jaliarah ka makam Pangeran Sake lain saukur ti BoÂgor jeung Banten wungkul, tapi loba ogè anu ti Sumatera jeung KaÂlimantan. Malah teu saeutik anu ti Lombok sagala. Dumasar katerÂangan ti salah saurang turunanna, ajaran agama Pangeran Sake kaÂcida raketna jeung Salafiyah.
Amanatna anu kudu dijaga jeung nyaèta kudu tetep aya MauÂlid Nabi Muhammad SAW, Isra Mi’raj atawa Rajaban sarta nyaah ka kaum dhuafa jeung barudak yatim.
Teu anèh lamun anu jaliarah ka tempat ieu diperedih pisan pikeun merhatikeun barudak yaÂtim. Ajaran-ajaran ieu anu tetep dijaga jeung dilaksanakeun ku tuÂrunan Pangeran Sake anu ayeuna geus nepi ka nu ka tujuh. (*)
Bagi HalamanFollow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















