Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KAAYAAN di wewengkon Kam­pung Gunung Sodong Desa Karehkel Kacamatan Leuwiliang, teu bèda ti kampung anu aya di lembur sakumaha biasana. Simpè, kusabab pangeusina loba anu digarawè, boh ka sawah, ka huma miang ka tempat sèjèn pikeun kasab. Nu aya tèh loloban kaum ibu, anu migawè pagawèan rumah tangga ti mimiti nyeu­seuh, beberesih, ngasuh ataw pe­pelakan di buruan imahna.

Komo deui kampung ieu mah kaasup tungtung lembur, lain tempat pangjujugan, sabab taya tempat wisata anu bisa di jojo. Anu remen ngaliwat tèh treuk lweutik jeung mobil pick up anu ngangkutan batu. Kitu ogè tara unggal poè, sabab batuna teu kudu digali teu make alat beurat, saterusna dibeulahan dina uku­ran normal.

Batu di Gunung Sodong ieu tètè lakawilang bèda jeung batu-batu anu aya di wewengkon lian­na di Kabupatèn Bogor. Batu anu kapanggih diantarana mangrupa Menhir (batu sesembahan jeung batu Pangcalikan.

Numutkeun katerangan anu dikumpulkeun batu Pangcalikan diperkirakeun paninggalan Raja Tarumanagara katilu Maharaja Purnawarman. Rada anèh wu­judna tèh, lamun ti hareup jiga tempat diuk, tapi disawang ti gigir mah kawas makuta. Salian ti èta aya ogè totondèn atawa ciri anu mangrupakeun ayana kaka­wasaan dinatarana kujang, tapak maung sarta lambang gambar kembang.

Dumasar panitènan wakil Bu­pati anu resepeun pisan ngariksa jeung ngaraksa budaya kaasup BCB-na, Karyawan Fathurach­man, batu anu aya di wewengkon ieu umurna antara 5000 nepi ka 7000 taun saencan Masehi.

BACA JUGA :  REFLEKSI HARI PENDIDIKAN NASIONAL: REPRESI SISTEM PENDIDKAN DALAM BENTUK KOMERSIALISASI

“Aya hiji kolektor barang anu ngumpulkeun barang-barang ti Gunung Sodong sarta geus ngir­imkeun conto batu pikeun diuji. Hasilna nyebutkeun yèn batu èta umurna sakitu,” saurna mangsa ngobrol di Gunung Sodong mat­uran panalungtik para arkeolog anu geus saminggu lilana, ngay­akeun panalungtikan di Gunung Sodong.

Sanajan tacan bisa dicokot kasimpulan yèn wewengkon èta kaasup Cagar Budaya sarta mibanda “peradaban” Sunda Buhun atawa Purwa (purwa) tapi ku kapanggihna sababaraha barang anu mangrupa pakakas tanèn anu dijieunna tina batu, kaayaan Gunung Sodong diper­kirakeun mibanda patali sajarah jeung kaayaan mangsa buhun sarta paninggalan nu kapanggih èta geus aya pangaruh leungeun manusa. Eskavasi di punclut Gu­nung Sodong geus manggihan clopper choping tools atawa bahan-bahan tina batu anu di­perkirakeun dijieun dina mangsa neolitik sarta artefak paleolitik.

Sedengkeun eskavasi anu dilaksanakeun di wahangan Ci­kaniki geus hasil manggihan sa­babaraha fragment bagian barang anu dipakè di jaman harita dian­tara seuseukeut panah, bubuk keramik ti rineka dinasti Qing/ Ming jeung Eropa, Numutkeun katerangan pupuhu tim pan­alungtikan, DR. Cecep Edi Perma­na tina hasil panalungtikan anu dilaksanakeun sawatara beunang disimpulkeun wahangan Cikaniki jeung Cisadane mibanda lala­kon anu kacida pentingna jeung wewengkon Gunung Sodong.

BACA JUGA :  HALAL BIHALAL HANYA ADA DI INDONESIA DAN BANYAK MANFAATNYA

“Kètang lain ngan saukur pikeun Gunung Sodong wung­kul, tapi ogè wewengkon lianna. Kukituna masih kènèh perlu pan­alangtikan anu daria kahareupna di wewengkon Bayur Cibeber hiji jeung dua, Curug Cikoneng, Ba­bakan Gunung Wiru, Gunung Sul­ing, Gunung Parungpung, Curug Lontar, Gunung Kencana sarta nu lianna,”pokna daria. Sawatara panitèn budaya satempat nye­butleun yèn geus aya kahirupan Sunda Purwa di wewengkon Gu­nung Sodong, salah sahiji buktina loba guha anu baheulana dijieun tempat cicing.

“Sakurangna aya 20 guha di wewengkon Leuwiliang tapi anu kakara dilaporkeun kakara 13 siki,”pokna bari nambahan yèn lamun bisa diamangfaatkeun bisa jadi obyek wisata sejarah, budaya jeung alam anu kacida hèbatna.

Dumasar kana bukti anu aya gunung-gunung anu aya di Ka­bupatèn Bogor tètèla ampir sak­abèhna mibanda sajarah atawa sakurangna aya kasangtukang jeung sajarah Bogor. Geus teu anèh ari Gunung Salak mah sabab puseurna pisan. Teu salah lamun umat Hindu ngadegkeun Pure anu pangagrengna. Gunung Ci­ampea, aya bukti anu negeskeun yèn di tempat ieu baheulan man­grupa karang laut. Sabab loba-loba barang barang laut anu ka­panggih, saha anu pangangguran mawa ka tempat ieu lamun ba­heulana kungsi jadi kaut. Gunung Gede, Gunung Pangrango ogè teu jauh bèda lalakonna. (*)

Bagi Halaman
============================================================
============================================================
============================================================