Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
ISUKAN, Jumaah, tanggal 3 Juni, Bogor, Kota jeung Kabupatèn bakal milangkala anu ka 534 taun. 534 taun kaliwat, mangsa Sri Baduga Maharaja diistrènan pikeun kaduakalina di Karajaan Sunda, saentas dijadikeun raja di Karajaan Galuh sarta meuang geÂlar Prabu Jaya Dewata.
Di Karajaan Galuh jeung SunÂda, Prabu Jaya Dewata anu ngaÂran keur ngorana Raden PamaÂnah Rasa, sarta ngarajaan dua nagara gede nepi ka gelarna ogè Maharaja Ratu Haji di Pakwan PaÂjajaran marèntahna teu kawilang lila, ti taun 1482 nepi ka 1521 Masehi, ukur 39 taun.
Tapi sanajan teu nepi ka 49 taun, loba pisan hasilna. Malah di jaman mantenna pisan, Karajaan Pakuan Pajajaran, (dina sajarah mah teu kacatetkeun, Karajaan Pakuan Pajajaran anu aya Sunda Galuh. Pakuan ngaran purasaba atawa ibu kota), kawèntar sepi maling towong rampog, gemah ripah rèpèh rapih tur loh jinawi.
Aturan anu aya dina kitab Siksakand(ang) Karesian, bener-bener dijalankeun, kawajiban setor ka nagara anu mangrupa ngadongdang sakumaha parènÂtah akina, Maharaja Nilawastu Kancana dina Prasasti KabaneÂtenan dileungitkeun. Sri Baduga anu ceuk sabagèan urang Sunda mah Prabu Siliwangi, dijadikeun panutan.
Malah loba pisan jujulukna, ti mimiti Prabu Tanduran Gagang, Prabu Haris Maung jeung rèbuan gelar anu ngagambarkeun kawani atawa wawanèn, kanyaah ka nu leutik, remen nyamur jadi aki-aki, patani, baramaèn, ngan sauÂkur pikeun ngayakinkeun naha rahayatna tèh bener-bener dina kaayaan bagya, atawa ngan sauÂkur laporan ti bawahanna yèn kaayaanna sugih mukti?
Ngeunaan sikep kasiliwangian ieu, saujratan teu kacatet atawa taya catetanana dina sajarah. Nu aya ukur dongèng jeung dongèng ti jalma-jalma anu ngarasa seuÂweu-siwina.
Kitu ogè baheula mah (kurang leuwih 20 taun kaliwat) nyaritaÂkeun kahèbatan Prabu Siliwangi tèh kudu bari susulumputan, saÂbab cenah agamana Hindu, lah pokona mah rèa pisan “madaÂratna†tibatan maslahatna. KumÂpulan-kumpulan kasundaan ogè harita mah teu pati loba anuterus terang, wakca balaka muhit ka Eyang Prabu.
Ayeuna mah kaayaan geus tibalik, loba anu nembrak, malah Kiai geledegan sarta kacida kawèntar ogè, mani terang-teranÂgan nyebutkeun yèn Sri Baduga Maharaja atawa Prabu Siliwangi Islam.
Kajadianna mangsa keur niÂkah jeung Nyimas Subanglarang, putrina Ki Gedeng Tapi, anu jadi santriwati Syech Qurotol Ain nu boga pasantrèn di wewengkon Wadas Karawang.
“Teu mungkin Syech Quro anu madzhabna Hanafi ngizÂinkeun anak didikna nikah jeung nu bèda agama,†saurna tatag pisan. Dumasar kana catetan saÂjarah, pasantrèn anu diadegkeun ku Syeh Hasanuddin atawa Syech Quro geus aya ti jaman akina Raden Pamanah Rasa, Maharaja Nilawastu Kancana.
Pasantrèn anu teu sabaraha gedè tèh diantepkeun teu dijorag, tapi diantepkeun salila sabaraha puluh taun. Raden Pamanah Rasa anu harita masih belejag, buta tuÂlang buta daging sarta mibanda kasaktian dipiwarang ngariksa ka pasantren ieu.
Mangsa tepi ka dinya, kadanÂgu ku Raden Pamanah Rasa NyÂimas Subanglarang keur maos Qur’an. Kabandang ku sora nu halimpu sarta bacaan anu nemÂbus ati maragat kana manah sumarabah kana bayah, Raden Pamanah Rasa kapupul bayu, hatèna kabandang ku nu geulis kawanti-wanti, èndah kabina-bina. Ahirna mojang Subang ieu ditikah kalayan mas kawinna lintÂang kerti jajar saratus.
Ceuk sabagèan lintang kerti jajar saratus anu dimaksud tèh tasbèh anu aya di Mekkah. Tah ngeunaan lalakon kumaha Raden Pamanah Rasa meunangkeun tasÂbèh ieu aya deui caritana.Mun diÂcaritakeun matak hookeun jeung hèsè pisan dipercayana.
“Di palebah deui pisan PraÂbu Siliwangi ngagem agama IsÂlam. Kunaon make teu balaka lamun mantenna geus Islam? Lamun balaka karajaan PajajaÂran anu bakal dirajaana bakal geunjleung malah bisa jadi nolak anjeunna,†saur salah sahiji kasÂepuhan Bogor.
Kayaan nagara Sunda di BoÂgor harita keur bancang pakèwuh sabab antara Galuh jeung Sunda keur harènghèng. Di palebah dieu ogè, lumaku madarat jeung maslahat.
Dumasar kana pangalaman èta, pamingpin tèh kudu singer, naha kaputusan anu dijieun tèh leuwih loba madaratna atawa maslahatna. Ulah maksakeun, komo bari didasaran asa aing panÂgpinterna, nu sèjèn mah bodo. Bogor dina poè isukan bakal miÂlangkala anu ka 534, geus leuwih ti dèwasa sakuduna mah nya.
Bagi HalamanFollow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel
====================================== ====================================
















