Puasa Munggaran

Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

POÈ kamari Senèn munggaran puasa, teu anèh kamari peuting musholla jeung masjid pinuh ku anu tarawèhan. Malah lamun teu “ngabooking” tempat heula, ku cara datang pangheulana dina Shalat Isya, sok kabagèan pang­tukangna.

Tarawèh munggaran biasana mah jalma tèh “arinsap” kènèh, atawa kapangaruhan ku pangbi­bita ti para Kiai, Ustad atawa guru ngaji anu nyaritakeun yèn bulan puasa mah, bulan panèn ibadah. Sabab tong boroning shalat lail jeung dzikir, dalah sarèna wun­gkul dianggap ibadah. Bauna baham anu puasa, pikeun Allah mah lir seungitna minyak kasturi.

Lain ngan saukur musholla jeung masjid wungkul, di imah sèwang-sèwangan ogè, ngadadak loba anu ngaderes Qur’an. Isukan mah nu daragang ogè ngadadak simpè, malah loba jalma anu “lan­glayeuseun, tur leuwih resep cari­cing di masjid. Sigana tèh masjid ti mimiti poè isukan mah jadi tem­pat utama pangreureuhan, salian ti bisa nengtremkeun batin, ogè tempat anu pangcocokna pikeun ngabrangbrangkeun cacing dina peujit sangkan ulah nanagih waè.

Puasa, mangrupa hiji ciri kataatan manusa ka Nu Maha Kawasa, Allah SWT, sabab di­wajibkeun tur mangrupa salah sahiji Rukun Islam. Jadi lamun teu ngalaksanakeun puasa wajib bari jeung taya alesanana (uzur, gering), pikeun nebusna ukur ku tobat. Sabab teu bisa digantian pisan, sanajan ku ngajalankeun puasa saumur hirup.

BACA JUGA :  MBG: KETIKA TUJUAN MULIA TERCEDERAI

Parèntah Allah SWT dina Surat Al Baqarah ayat 183 jelas pisan anu tarjamahan bèbasna, Hè jalma anu ariman diwajibkeun ka maranèh ngalakonan puasa sakumaha anu diwajibkeun ka jalma-jalma samèmèhna sangkan manèh tarakwa. Tapi nya kitu tèa, dumasar kana kabiasaan, normalna tèh tilu poè. Enya dina salila tilu poè mah, anu biasa go­din ogè mareketkeun manèh “mi­luan” puasa.

Tah nincak poè ka opatna, sanajan bari jeung èra-èra, nu ng­aradon godin tèh daharna di wa­rung anu sakurilingna dikuribeng ku lawon. Mimitina mah, nu “bal­anjana” dina daharna tèh lantip, lamun tèa mah hayang ngaleun­gitkeun “hahaseum”, dina udud­na tèh sok di jero warung. Kabèh­dieunakeun anu arududna geus pindah kalaluar.

Eta mah baheula, ayeuna mah insya Allah, moal jauh ti kitu. Saka­peung, sok hayang seuri soran­gan, kètang kuduna mah ceurik ngageuri. Rèk teu kitu kumaha atuh, para kiai, dai, ulama jeung pamarèntahan, pabrik-pabrik, boh dina radio, tipi, jeung dina Koran, malah di jalan-jalan mah rapang, pèpèling anu eusina sang­kan umat sèjèn (saluareun Islam) ngahargaan anu keur paruasa.

Tapi pan anu ngaruksakna tèh, umatna sorangan, anu godin, dahar sangeunahna jeung udud sakadaèkna tèh, mun ditempo KTPna mah, Islam. Geus kitu teu aya cicirèn yèn maranèhanana tèh keur meunang udzur, anu nyababkeun meunang teu puasa. Biasa wè jagjag waringkas, atuh daharna rewog, kawas sabihari.

BACA JUGA :  MURID BERPRESTASI SAAT LIBURAN

Urusan puasa jeung teu puasa, saur Kiai Asèp, mèmang hakna sèwang-sèwangan. Pikeun anu ngajalankeun atuh meunang pahala keur dirina, anu teu ngal­aksanakeun, doraka keur mara­nèhanana ogè. Nu penting kawa­jiban salaku umat muslim, komo ulama mah geus ditepikeun, jadi kawajiban syiarna geus gugur.

“Sanaan teu puasa, ulah nepi ka terang-terangan pisan komo nepi ka ngahajakeun mah. Malah aya diantarana anu ngarasa jago pèdah teu puasa,”saur Kiai Asèp. Salian ti ngaleutikeun agamana sorangan, ogè mere pangajaran kurang alus ka nu keur diajar atawa latihan shaum. Kaduana, karunya bisi maranèhanana (anu teu daèkeun puasa) teu nya­hoeun kumaha leubeutna pahala anu bakal diala dina bulan puasa.

“Lamun tèa mah maranèha­nana nyahoeun kumaha hèbatna pahala puasa, loba anu mènta yèn dina dua belas bulan anu aya tèh sakabèhna bulan puasa,”saurna. Ah, lamun nginget-nginget ka dinya mah, asa ku lebar lamun nepi ka teu puasa tèh, komo bari jeung teu bisa digantian pisan, iwal anu katarajang uzur atawa gering, sarta anu aya dina per­jalanan jauh. Wilujeng tarawèh, saur sarta saum. Mugia dipaparin kaberkahan sareng kakiatan dina ngalaksanakeun ibadah Shaum ! Amien (*)

Bagi Halaman

Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel



======================================
====================================