Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji kagiatan anu keur ceuyah dina bulan puasa tèh nyaèta buka puasa babarengan (bukber) bari digandèngkeun jeung santunan barudak Yatim. Puguh wè hade jeung afdol, sabab sakurangna dina sataun dua kali ngabungahkeun barudak Yatim, kahiji mangsa lebaran Yatim dina bulan Muharam kadua lebaran Iedul Fitri, sanajan sabenerna mah kabutuhana tèh unggal poè.
Tapi keun wè lah, sakitu ogè komo deui pan dina bulan RaÂmadhan mah, ganjaranana tèh manglipet-lipet. Urusan anak YaÂtim dina Islam kacida pentingna nepi ka sababaraha kali disebutÂkeun dina Al-Quranul Karim diÂantarana Surat Al Baqoroh ayat 83, 77, 215, 220, Annisa ayat 2,6 jeung 31.
Malah dina Annisa ayat 127 mah Allah marèntahkeun ka manusa sangkan migawè kalÂakuan anu hade ka indung bapa, kulawargana jeung barudak yatim. Wah pokona ayat Allah anu nerangkeun, sarta ngancam manusa anu ngalalaworakeun yaÂtim tèh loba pisan, boh dina SuÂrat Al-Anam, Al Isro, Ad-Dahr, Al Fajr, Al-Balad, Ad-Dhuha jrrd.
Saluyu sareng hadist Kangjeng Rasululloh, Muhammad SAW, sing saha anu milukeun saurang budak Yatim diantara dua kolot anu Muslim dina dahar jeung nginumna, nepi ka nyukupanana mangka manèhna asup surga.
Malah diantarana dicariÂoskeun sawaktos Saib bin AbÂdulloh, ra sumping ka Kangjeng Nabi Muhammad, Mantenna nyabda, anu eusina tèh sangkan Saib merhatikeun akhlak anu bisa dilakonan sawaktu di jaman jahilÂiyah sarta diteruskeun di jaman manèhna geus asup Islam nyaèta ngamulyakeun tamu jeung budak Yatim sarta hade laku lampah ka tatanggana.
Malah dina hadist sèjènna saÂkumaha anu diriwayatkeun ku Bukhori kacida tegesna, sangkan sikep urang ka barudak Yatim tèh kawas bapa ka anakna, pinuh ku kanyaah.
“Nu matak dina bulan puasa mah, loba anu ngamulyakeun baÂrudak Yatim, enya kudu bisa ngÂabungahkeun maranèhanana tah, malah kuduna mah lain ngan ukur sataun dua kali lamun parengan kondisi urang kuat mah,†ceuk Ustad Kamsih Zarkasih.
“Tapi teu sakabèhna kitu UsÂtad, aya anu buka bareng wungkul. boh jeung kolega atawa babaturan gawèna biasana mah dilaksanakeuÂnana di restoran atawa rumah makan anu kakoncara, ngan hanjakalna, â€pokna teu kedal.
“Hanjakalna kumaha, Tad?†ceuk Mang Tatang panasaran.
Ustad Zarkasih teu langsung nèmbalan kalahka ngahuleng salila-lila, tuluy narik nafas mani jero pisan. Sababaraha kali anÂjeunna miluan buka bareng jeung para pajabat, tokoh politik, tungÂtungna tèh jadi kurang hade. Sabab aya salah sahiji anu dikorÂbankeun. Mangsa buka puasa babarengan komo lobaan bari jeung di rumah makan, biasana paciweuh.
Lamun di imahna ukur kolek cau atawa amis-amis wungkul dituluykeun kana Shalat Magrib berjamaah, pan di rumah makan mah teu bisa kitu ieuh. Bèrès daÂhar tèh, rèk wudu jeung shalatna ngantri sabab mushollana leutik, sedengkeun anu daratangna ratuÂsan urang.
“Tah loba diantara anu buku puasa babarengan tèh naringÂgalkeu shalatna, sabab kaayaan darurat. Padahal sabenerna teu kaasup darurat, sabab èta mah darurat dihaja, kasusahna ditèanÂgan. Lain teu meunang buka bareng, tapi kudu diperhitungÂkeun sarana sèjènna, hususna tempat keur shalat. Ulah nepi ka cul dogdog tinggal igel, moro heulang ngaleupaskeun julang. Buka puasa diudag, shalat ditingÂgalkeun,†ceuk Ustad Zarkasih.
“Leres tah tad, numatak abdi mah aya kana sapuluhna ondanÂgan ngajak buka bareng teu ditarÂima Tad,†ceuk Mang Tatang
“Is, ulah ari ka sakabèhna diÂtolak mah, sabab dijerona tèh aya silaturahim anu ogè kudu dimuÂlyakeun,†tèmbalna deui.
“Enya tad, ngan terus terang wè kuring mah embung diajak buka puasa bareng tèh ayeuna mah, pidosaeun.â€
“Ari kitu kumaha, naha bet jadi pidosaeun?†Ustad bangun nu panasaran.
“Enya ngajak bukana lain wayah, aya nu jam dua belas, jam dua beurang, paling burit jam opat sore, pan dosa atuh tad buka jam sakitu mah, lin.â€
Ustad Zarkasih teu nembalan, tuluy ninggalkeun Mang Tatang. Dasar tukang heureuy! ceuk na jero hatèna. (*)
Bagi Halaman