Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji kagiatan anu keur ceuyah dina bulan puasa tèh nyaèta buka puasa babarengan (bukber) bari digandèngkeun jeung santunan barudak Yatim. Puguh wè hade jeung afdol, sabab sakurangna dina sataun dua kali ngabungahkeun barudak Yatim, kahiji mangsa lebaran Yatim dina bulan Muharam kadua lebaran Iedul Fitri, sanajan sabenerna mah kabutuhana tèh unggal poè.

Tapi keun wè lah, sakitu ogè komo deui pan dina bulan Ra­madhan mah, ganjaranana tèh manglipet-lipet. Urusan anak Ya­tim dina Islam kacida pentingna nepi ka sababaraha kali disebut­keun dina Al-Quranul Karim di­antarana Surat Al Baqoroh ayat 83, 77, 215, 220, Annisa ayat 2,6 jeung 31.

Malah dina Annisa ayat 127 mah Allah marèntahkeun ka manusa sangkan migawè kal­akuan anu hade ka indung bapa, kulawargana jeung barudak yatim. Wah pokona ayat Allah anu nerangkeun, sarta ngancam manusa anu ngalalaworakeun ya­tim tèh loba pisan, boh dina Su­rat Al-Anam, Al Isro, Ad-Dahr, Al Fajr, Al-Balad, Ad-Dhuha jrrd.

Saluyu sareng hadist Kangjeng Rasululloh, Muhammad SAW, sing saha anu milukeun saurang budak Yatim diantara dua kolot anu Muslim dina dahar jeung nginumna, nepi ka nyukupanana mangka manèhna asup surga.

Malah diantarana dicari­oskeun sawaktos Saib bin Ab­dulloh, ra sumping ka Kangjeng Nabi Muhammad, Mantenna nyabda, anu eusina tèh sangkan Saib merhatikeun akhlak anu bisa dilakonan sawaktu di jaman jahil­iyah sarta diteruskeun di jaman manèhna geus asup Islam nyaèta ngamulyakeun tamu jeung budak Yatim sarta hade laku lampah ka tatanggana.

Malah dina hadist sèjènna sa­kumaha anu diriwayatkeun ku Bukhori kacida tegesna, sangkan sikep urang ka barudak Yatim tèh kawas bapa ka anakna, pinuh ku kanyaah.

“Nu matak dina bulan puasa mah, loba anu ngamulyakeun ba­rudak Yatim, enya kudu bisa ng­abungahkeun maranèhanana tah, malah kuduna mah lain ngan ukur sataun dua kali lamun parengan kondisi urang kuat mah,” ceuk Ustad Kamsih Zarkasih.

“Tapi teu sakabèhna kitu Us­tad, aya anu buka bareng wungkul. boh jeung kolega atawa babaturan gawèna biasana mah dilaksanakeu­nana di restoran atawa rumah makan anu kakoncara, ngan hanjakalna, ”pokna teu kedal.

“Hanjakalna kumaha, Tad?” ceuk Mang Tatang panasaran.