Ustad Zarkasih teu langsung nèmbalan kalahka ngahuleng salila-lila, tuluy narik nafas mani jero pisan. Sababaraha kali an­jeunna miluan buka bareng jeung para pajabat, tokoh politik, tung­tungna tèh jadi kurang hade. Sabab aya salah sahiji anu dikor­bankeun. Mangsa buka puasa babarengan komo lobaan bari jeung di rumah makan, biasana paciweuh.

Lamun di imahna ukur kolek cau atawa amis-amis wungkul dituluykeun kana Shalat Magrib berjamaah, pan di rumah makan mah teu bisa kitu ieuh. Bèrès da­har tèh, rèk wudu jeung shalatna ngantri sabab mushollana leutik, sedengkeun anu daratangna ratu­san urang.

“Tah loba diantara anu buku puasa babarengan tèh naring­galkeu shalatna, sabab kaayaan darurat. Padahal sabenerna teu kaasup darurat, sabab èta mah darurat dihaja, kasusahna ditèan­gan. Lain teu meunang buka bareng, tapi kudu diperhitung­keun sarana sèjènna, hususna tempat keur shalat. Ulah nepi ka cul dogdog tinggal igel, moro heulang ngaleupaskeun julang. Buka puasa diudag, shalat diting­galkeun,” ceuk Ustad Zarkasih.

“Leres tah tad, numatak abdi mah aya kana sapuluhna ondan­gan ngajak buka bareng teu ditar­ima Tad,” ceuk Mang Tatang

“Is, ulah ari ka sakabèhna di­tolak mah, sabab dijerona tèh aya silaturahim anu ogè kudu dimu­lyakeun,” tèmbalna deui.

“Enya tad, ngan terus terang wè kuring mah embung diajak buka puasa bareng tèh ayeuna mah, pidosaeun.”

“Ari kitu kumaha, naha bet jadi pidosaeun?” Ustad bangun nu panasaran.

“Enya ngajak bukana lain wayah, aya nu jam dua belas, jam dua beurang, paling burit jam opat sore, pan dosa atuh tad buka jam sakitu mah, lin.”

Ustad Zarkasih teu nembalan, tuluy ninggalkeun Mang Tatang. Dasar tukang heureuy! ceuk na jero hatèna. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================