Sanajan lain manggihan lang­sung tapi anu dilaksanakeun ku al-Khawarizmi mangrupakeun format sistin bilangan urang anu ayeuna. Malah pangaruh èta tèh loba mangaruhan kana èlmu Matematika di dunya Barat. Al- Khawarizmi lain ngan saukur pinter dina widang syariat wun­gkul tapi ogè dina widang bidang falsafah, logika, aritmetik, geome­tri, musik, sastra, sejarah Islam jeung èlmu kimia. Jadi tètèla geuning Al-Jabar anu ayeuna geus teu diajarkeun deui tèh beunang umat Muslim, lain ngan saukur beunang urang Barat wungkul sakumaha anu remen diajarkeun ka barudak urang. Jujutanana, barudak muslim urang ukur nya­hoeun Socaratos, Plato jeung ahli filsafat bangsa sèjènna, anu asal­na ti Yunani tibatan filsafat Islam.

Kitu ogè barudak urang teu waranoheun kana Abu Bakar Sid­dik, Umar bin Khatab, Usman bin Affan, Ali bin Abi Thalib atawa para pajuang Islam, malah para pajuang bangsana sorangan. Ma­ranèhanana leuwih nyahoeun Napoleon Bonaparte, Stallin jeung nu sèjènna. Padahal kacin­taan kana bangsa tèh kudu dimi­mitian ti keur leutik kènèh.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Dina urusan matematika ogè, sigana tèh aya anu kudu dibenerkeun ngan teuing di beulah mana tah. Sabab bangsa urang ukur pinter kakalian (nga­likeun), tambah kurang atawa ngajumlah jeung ngurangan. Kètang urusan nambahan (ang­garan/mark up) jeung ngurangan (pajak jeung jatah pikeun rahayat leutik atawa anu diharandap) mah kawilang capètang.

Anu rada bodo tèh urusan babagina, teuing mèmang api-api bodo, atawa bodo sabenerna. Sabab urusan babagi mah sok teu adil jeung salah waè. Tah teuing kudu diomèan ti lebah mana sangkan babagina bisa bener jeung adil nya Ki Dulur.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Buktina dina babagi mah sok teu saluyu jeung aturan, anu boga kasempetan sok nyokot leu­wih gedè numatak loba anu silih gorèngkeun ogè, kusabab babagi­na teu adil,”ceuk Kang Sam basa papanggih di Humas Kota Bogor. Leuheung kètang palebah anu alus, lamun anu gorèng atawa tina hasil anu haram! Tètèla uru­san babagi mah lain pagawèan gampang, sanajan matematikana meunang salapan satengah ogè nya. Wilujeng Shaum sapuluh dinten ka dua nya. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================