Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
ILMU matematika anu baheula mah dibagi tilu bagian nyaèta alÂjabar, geometri jeung aritmatika, anu ayeuna mah geus teu pernah diajarkeun deui, sabab dianggap geus kuna atawa katinggaleun jaÂman. Tina sababaraha situs anu kapanggih, salah saurang anu nyÂiptakeun malah nepi ka disebut bapana Ilmu Aljabar, Aritmetika jeung Astronomi tèh nyaèta Al- Khawarizmi.
Taya loba nu nyahoeun kana riwayat hirupna. Anjeunna lahir dina tahun 780 masehi atawa 194 Hijriah numutkeun kalender islam sarta pupus saentas 847 Masèhi. Nami lengkep anjeunna nyaèta Abu Abdullah MuhamÂmad Ibnu Musa, pangna disebut al-Khawarizmi kusabab asalna ti Khawarizm, salah sahiji wewengÂkon di Timur Laut Kaspia.
Abu Abdullah Muhammad Musa atawa Al-Khawarizmi diÂperkirakeun hirup di pasisian Baghdad dina mangsa Khalifah al-Ma’mun (813-833 M) zaman dinasti Abbasiyyah, Khalifah Al Ma’mun tèh nyobat pisan jeung anjeunna, malah ngajadikeun soÂbat dalitna (al-Khawarizmi) jadi anggota Bait al-Khikmah (Wisma Kaarifan) di Baghdad, salah saÂhiji lembaga panalungtikan èlmu pangaweruh anu diadegkeun ku Khalifah Harun ar-Rasyid. KaÂsuksèsan al- al-Khawarizmi dina widang Astronomi jeung Aljabar, tur diajangkeun pikeun Khalifah al-Ma’mun, sawatara Khalifah al-Ma’mun sorangan rèa mere panghargaan ka al-Khawarizmi.
Ku èlmu Astronomina, anÂjeunna bisa mukakeun ngeunaan waktosna Kangjeng Nabi MuhamÂmad SAW kalayan bener, malah inyana ogè kacatet minangka salah saurang anu nyieun peta dunya pamèntana Khalifah al- Ma’mun sarta satuluyna peta èta kakoncara ku ngaran Peta Ptolemy. Karya intelèktualna ngeunaan Aritmetika jeung AlÂjabar jadi sumber Ilmu MatemaÂtika di beulah Barat (Kulon) jeung Timur (Wètan). Malah salah sauÂrang panulis sajarah Matematika moyan, George Sarton, nyebutÂkeun yèn al-Khawarizmi salah saurang Ilmuwan Muslim pangaÂgungna jeung panghadèna dina mangsana.
Sarton ngagolongkeun yèn periode antara Abad kaopat nepi ka lima minangka Zaman al-KhaÂwarizmi, kusabab anjeunna ahli matematika panghadèna dina mangsa harita. Tulisanana ngeuÂnaan asritmetika dina basa Arab munggaran ditarjamahkeun kana basa Latin mibanda lalakon pentÂing dina kamekaran wilangan Arab jeung sistim bilangan anu diterapkeun manga kiwari.