Palayanan jeung Pangawasan

Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

DI kampung kuring baheula aya bèngkèl mobil leutik, teu masang mèrk, tapi pada ngajugjug, pasèn­na lain wungkul urang deukeut, tapi nu jararauh ogè daratang ngadon ngomèkeun mobilna di tempat èta. Nu bogana jeung montirna, Kang H. Ujang Padla, al­marhum. Sakumaha bèngkèl anu teu dirojong ku alat-alat modern sarta, muka bèngkèlna tèh cukup di buruan imahna. Atuh mobil anu diomèanana ogè teu ditiungan sa­kumaha kawas di bèngkèl gedè, ieu mah kahujanan jeung kapa­nasan. Tapi teuing kunaon, anu nyerpis ka anjeunna teu pernah kurang, unggal poèna tèh nam­bahan waè. Horèng manahorèng, anu datang ka dinya mah, tara nepi dua tilu balikan. Komo anu dibenerkeunana urusan mesin, tara pernah aya anu kuciwa, èstu cek greng pisan. Hiji mangsa kur­ing kungsi nanyakeun ka nu keur menerkeun mobilna, kunaon jauh-jauh datang ka bèngkèl èta.

“Lantaran mobil kuring mah mobil kolot, samèmèh ka dieu tèh kungsi nguriling heula ka tempat sèjèn, ngan rata-rata teu sanggu­peun, make kudu turun mesin sagala, padahal anu diomèanana ngan saeutik. Bener ari ka ahlina mah, geuning teu hèsèeun jeung teu lila deuih,”kitu tèmbalna tèh.

Jigana hukum bèda ti nu sèjèn bari jeung hasilna alus, lumaku kana widang sèjènna, sanajan di sikluk-sikluk lembur, paribasana mah sanajan di punclut gunung ogè, angger ditèangan. Kitu ogè sabalikna, sanajan di tengah kota, lamun serpis atawa dina cara ngalayananana gorèng mah, tara aya nu nempo-nempo acan. Sumawonna daratang boh nga­don menerkeun mobil atawa bal­anja, komo deui loba diantarana geus dikuciwakeun, wah alamat ngajèngjèhè tah. Sabab di jaman kiwari mah sumebar bèjana tèh (boh anu alus atawa nu gorèng) mani cepet pisan. Ceuk basa Ki Dalang mah, selenting bawaning angin, kolèpat bawaning kilat tèa.

BACA JUGA :  SPMB dalam Perspektif Tata Kelola dan Esensi Pendidikan

Di jaman kiwari mangsa saga­la usaha geus loba saingan, palay­anan anu matak nyugemakeun ka palanggan atawa anu meuli tèh kacida pentingna. Malah beu­nang disebutkeun statègi pikeun meunangkeun persaingan,jeung lain ngan saukur anu dilayanana sugema atawa mere perhatian wungkul, tapi ogè ngawuwuh kana ngarèspon atawa merha­tikeun kahayang konsumèn sang­kan nimbulkeun katineung atawa peunteun anu alus. Saratna tèh kudu dirojong ku kualitas sumber daya manusa anu cukup, sarta bisa mekarkeun strategina sang­kan leuwih onjoy ti nu sèjènna. Anèhna, anu kitu tèh, rata-rata suksès dikembangkeunana ku pi­hak partikulir atawa swasta..

Contona dina palayanan ka pasèn rumah sakit, sanajan kudu mayar mahal, di rumah sakit swasta mah pasèn tèh teu welèh merul. Panyababna cenah di rumah sakit plat beureum mah, parawatna tèh jararudes, teu kaop salah saeutik wani nyarèkan ka pasèn atawa nu maturanana. Sanajan teu pernah kaalaman ku sorangan, ceuk pikiran mah, moal aya haseup lamun taya seuneuna.

BACA JUGA :  JIKA INGIN KE BAITULLAH MAKA TERLEBIH DAHULU KE MASJID

Salah sahiji gorèngna palay­anan tèh nyaèta lobana mini mar­ket atawa swa layan anu ayeuna geus ngaranjah ka lembur-lem­bur, sarta loba diantarana nepi ka maèhan warung leutik bogana bangsa pituin. Di Kota Bogor waè nepi ka ratusan jumlahna, encan di Kabupatèn, boa di Depok, Cian­jur atawa Sukabumi ogè, kaaya­nana tèh teu jauh bèda. Hèbatna tèh, loba diantarana teu baro­gaeun izin. Nu jadi patanyaan, pan meureun mangsa keur nga­wangun atawa rèk ngamimitian dibuka tèh, kanyahoan. Kunaon mangsa keur diwangun kènèh henteu aya tegoran, kakara kanya­hoan geus ngajenglèng jeung geus jaralan nya? Mangsa aya masalah tèh, hayoh silih salahkeun, ban­gun anu embung tanggungjawab. Barang dipaluruh tètèla aya bèda pamahaman antara aturan anu hiji jeung nu sèjènna. Lamun kitu carana cilaka, nangtukeun hiji pamasalahan ku dua pamaha­man anu bèda, terus lumpatna ka mana. Lamun duanana keukeuh peuteukeuh yèn pihakna ngarasa bener duanana.

Saur Ki Madi, kajadian lobana mini market atawa villa anu loba diwangun bari jeung teu baroga izin ogè, salah sahiji ciri yèn widang pangawasan di pamaren­tahan satempat kurang bener, atawa sakurangna koordinasi ko­munikasi diantara instansi anu boga wewenang jeung kawajiban menerkeun henteu jalan. Atawa mèmang aya nanaonna di saje­roeun èta? Teu kudu ambek, ang­gursi geura dibenahan, ambèh di mangsa hareup teu kaalaman deui nya. Prung ah!. (*)

Bagi Halaman

Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel



======================================
====================================