“Hartosna naon tatèh Mang?”

“ Enya sanajan geus teu nyekel kakawasaan angger wè dipikasèrab,”pokna tèh.

“Ih, atuh Dalem Cikundul mah langkung ti kitu Mang, sanaos tos pu­pus ogè angger pada ngadeugdeug, èta mah ciri jalma solèh,”ceuk kuring kurang panuju.

“Paribasa èta mah lumakuna ka mantèn para pamingpin anu masih kènèh hirup rupina tèh Mang, jinisna aya kènèh, tapi ku masarakat satem­pat masih diajènan kènèh, sakurang­na dipènta advisna. Tah biasana anu kitu tèh sawaktu mingpinna wijak­sana, adil jeung teu korupsi.”

BACA JUGA :  BERGERAK BERSAMA, MELANJUTKAN MERDEKA BELAJAR

“Enya nya, teu saeutik di urang anu geus teu nyangking jabatan deui di masarakatna tèh mani teu dihar­gaan pisan, bèrès ngèncagkeun kaka­wasaanana tèh kalahka jadi pamoyo­kan jeung dijejelèh.”

Saentas Mang Tatang pamitan sabab rèk siap-siap tarawèh, kuring jadi ngahuleng salila-lila, teu salah ceuk Mang Tatang, maung ompong, kareta kosong, bedil kosong. Kaka­wasaan di dunya ukur “injeuman”, lamun digunakeunna kurang hade, hasilna tangtu gorèng, lamun salila meunang injeuman èta didama-dama, dina panungtunganna bakal alus, khusnul khotimah tèa. Jadi rèk milih nu mana?

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================