Lamun kitu ayana saha atuh anu kudu tanggung jawab, ata­wa pihak mana anu sakuduna tanggungjawab?. Sanajan taya urusan duit, tapi sakurangna jadi mangaruhan sanajan sa­kumaha kumaha kaayaan rèkèpna hukum di nagara ura­ng, angger wè aya lolongkrang pikeun .ngulinkeun.. Kitu ogè urusan Jambu Dua Angkahong anu keur lumangsung sing ka­pangih jurig delekana.

Nu ngageunjleungkeun pisan, pasualan pangakuan ter­pidana maot. Fredy Budiman, Fredy Buduman anu umaku ka Koordinator Kontras, Haris Azhar yèn loba aparat hokum anu .pipilueun.dina urusan Narkoba. Balukar tina pan­gakuan Fredy ka Haris, sarta dibèwarakeun kana media social, Haris dilaporkeun ka Bareskrim ku tilu instansi saka­ligus. Teuing kumaha tungtung caritana tah, sabab pasualanna rèk ditepikeun ka Presiden saga­la. Mugia wè atuh sing aya jalan kaluarna anu bener jeung adil. Nu bener dibenerkeun, nu salah tetep salah. Ulah nepi ka tibalik.

BACA JUGA :  REFLEKSI HARI PENDIDIKAN NASIONAL: REPRESI SISTEM PENDIDKAN DALAM BENTUK KOMERSIALISASI

Sabab di jaman kiwari mah, bisa rada araranèh dina nga­bereskeun urusan hokum tèh. Baheula, mah, aya ogè lain ka­was kitu, nyaèta sawaktu Raja pangahirna Pajajaran nyaè­ta Prabu Nusamulya atawa Ragamulya Suryakencana anu marèntah salila 12 taun (1567- 1579 M) pikeun nyalametkeun dirina sawaktu dijorag ku pa­sukan Banten, kungsi aya nu niru anjeunna nyaèta Senapati Kumbang Bagus sareng istrina, Purnamasari anu lumpat ka wewengkon Kidul pikeun nga­lenjokeun pihak musuh bari ny­alidungan raja.

BACA JUGA :  HALAL BIHALAL HANYA ADA DI INDONESIA DAN BANYAK MANFAATNYA

Pragu Ragamulya sorangan sareng permaisuri lumpat ka hiji tempat anu dirahasiakeun tur nyingkur anu saterusna manura­jasuniya. Dina sajarah dicarita­keun yèn raja pangahirna Paja­jaran ieu nyepi di Gunung Gedè anu ogè dingaranan Seda Kan­cana, atawa tempat pangreureu­han ahir Prabu Suryakancana. Tah saencan papisah jeunh rom­bonganana anjeun mesen ka sak­abèh rombongan anu mangrupa wangsit anu ayeuna katelah jadi Wangsit Siliwangi tèa.

Carita ieu kacatet dina Pustaka Nusantara III/I jeung Nagara Kretabumi ½ . Jadi Senapati Kumbang mah pastina lain joki, sakumaha anu keur diributkeun ayeuna. Tapi bèbèla ka dununganana. (*)

Halaman:
« ‹ 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================