Kadaharan Sunda

Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji ciri hiji lembur atawa kampung tèh lain ngan saukur kabudayaan atawa kas­enian wungkul tapi ogè bisa dirarampa tina kadaharanna. Lamun rbudaya diwakilan ku Sèrèn Taun, sakumaha anu re­men dilaksanakeun di Desa Ka­nèkès, Banten, Cipta Gelar Bant­en Kidul, Kampung Naga, Tasik Malaya jeung di Desa Cigugur Kabupaten Kuningan.

Su’al èta mah tètèla di Bogor ogè rèa pisan, ti mimiti Kampung Urug Kacamatan Sukajaya jeung di Kampung Sindangbarang Ka­camatan Tamansari, ogè remen dilaksanakeun di Desa Malasari Kacamatan Nanggung jeung di Barengkok Leuwiliang, di Ka­camatan Jonggol. Malah mun teu salah mah di Kacamatan Cijeruk ogè osok dilaksanakeun.

Hanjakalna, boh anu di Jong­gol atawa anu di Kacamatan Cijeruk, teu kapanggih raratan­na. Naha seren taun di dua ka­camatan ieu sarua jeung anu di Kampung Budaya Urug atawa di Kampung Budaya Sindang­barang? Sigana tèh perlu aya panalungtikan ku pihak-pihak anu raket patalina jeung urusan ieu, hususna Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatèn Bo­gor.

Sabab dumasar kana kaayaan Kabupatèn Bogor anu pangeu­sina hirup tina tatanen (agraris), bisa jadi kabiasaan sèrèn taun jeung sidekah bumi anu man­grupakeun ciri mandiri weweng­kon agraris pastina aya di mana-mana. Bukti liana lamun Bogor wewengkon agraris, salian ti lo­bana lembaga panalungtikan ogè sakola jeung paguron luhur aya di Bogor.

Pamilihan Bogor jadi pura­saba Karajaan Sunda Galuh (Pa­jajaran) ku Sri Baduga Maharaja, Raja Pajajaran mangsa harita, sigana teu leupas tina dua hal, tempatna strategis jeung taneuh­na subur, sabab Bogor mah teu wèlèh aya hujan sanajan mangsa usum halodo. Sèrèn Taun soran­gan dumasar kana etimologi basa, pituin basa Sunda, sèrèn hartina serah, taun mah nya taun wè. Jadi Sèrèn Taun hartina, se­rah taun anu kaliwat kana taun anu bakal datang.

BACA JUGA :  MURID BERPRESTASI SAAT LIBURAN

Anu leuwih jerona mangrupa pangwujudan rasa syukur ka Nu Maha Murbeng Alam, dumèh panènna mucekil, tur miharep hasil nu beuki alus dina pe­pelakan anu bakal datang. Dina kasempetan èta ogè aya upacara husus majikeun (ngasupkeun) hasil panèn kana leuit indung (Leuit Inten atawa Si Jimat) jeung pangiring (leuit leutik). Anu dia­supkeun ka Leuit Indung nyaèta pare indung jeung pare bapa bari ditutupan lawon bodas.

Tah ciri sabumi cara sadèwa ngeunaan kadaharan tèa, geus pasti apal, dodol mah ti Kabupatèn Garut. Sok sanajan di Bogor ogè aya anus ok nyieu­nan dodol, tapi lantaran kurang promosi jeung pangbinaan, teu kawèntar kawas dodol Ga­rut. Padahal so’al rasa mah teu èlèh ieuh. Mun teu salah anu nyieunan dodol Bogor ayana di wewengkon Kacamatan Rumpin.

Kadaharan anu “kaluar” dina waktu sèrèn taun atawa acara-acara pasamoan lianna di pil­lemburan boh hajat ngawinkeun atawa nyunatan nyaèta rangi­nang, rangining, awug, tèngtèng, opak, kembang goyang jeung kuèh semprong. Anu biasa waè, sarta jadi kadaharan sapopoè, nyaèta comro, misro, cirèng, koci kurupuk jeung tahu biasa sarta tahu Sumedang. Sawatara anu jadi udagan saluareun urang Bogor, soto Bogor, Togè gorèng Pagebro, Laksa, Roti Unyil, Asin­an Gedong Dalem, malah ayeuna mah aya lapis taleus Sangkuri­ang.

BACA JUGA :  MBG: KETIKA TUJUAN MULIA TERCEDERAI

Di Kota Bogor, tegesna di Ci­manggu, aya kadaharan khas Bo­gor nyaèta Oli Jepret, Hanjakalna kadaharan anu bahanna tina sampeu ieu teu medal unggal poè. Lamun tèa mah haying ngasaan nya kudu pesen heula samèmèhna. Anu ayeuna sok nyieunan oli jepret ieu putrana Ki Rinan. Taya katerangan anu pasti naha make diaranan oli je­prèt, naha liat kawas karèt, ata­wa sawaktu di daharna ngajeprèt kitu?

Lamun dititènan kalayan daria, karuhun urang saben­erna geus ngajarkeun cara da­har anu sèhat pisan, sakumaha dicontona urang Kanèkès. Di wewengkon ieu, aya aturan dina urusan dahar. Umur nepi ka umur 30 taun meunang dahar anu sukuna 4 (sapi, munding) umur 40 taun dahar anu sukuna 2 (hayam), sedengkeun saluhu­reun 40, dahar anu taya sukuan (lauk). Sakabèhna patali jeung kandungan kolesterol di jerona. Anu umum, urusan lalab-lala­ban, tètèla alus pisan pikeun manusa anu umurna saluhu­reun 30 taunan, kadaharan anu aya seratna. Tuh pan !

Bagi Halaman

Follow dan Baca Artikel lainnya di Google News atau whatsapp channel



======================================
====================================