Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji .kaunggulan.Basa Sunda tèh nyaèta bogaeun kiÂrata, dikira-kira tapi nyata. MisÂalana waè tampolong pan tina tempa tempo ka kolong, calana tina dipancal salilana, modiste-modal ledis becus henteu jeung rèa-rèa deui. Malah ceuk salah saurang kasepuhan Cigudeg mah, sanajan wujudna sarua, èta-èta kènèh, lamun istilahna bèda, hartina ogè sèjèn, cenah. Kuring anu rumasa kurang faÂham kana kalimah-kalimah siÂloka, nepi ka sababaraha kali nanyakeun ka Ki Sopandi, kasÂepuhan ti Cigudeg tèa.
“Asa teu kaharti, Ki, naha wujudna èta-èta kènèh, kunaon hartina jadi bèda,?’pok tèh paÂnasaran.
“Yeuh bèda pisan hartina manusa jeung jelema, sanajan wujudna èta-èta kènèh,â€tembal Ki Sopandi (Andi). Teu ditèmÂbalan ieuh, diantepkeu wè, kumaha karepna. Sabab kuring apal pisan adatna, komo deui lamun nepi ka dipotong kaÂlimahna, urusanna jadi beurat. Numatak mending jadi purah ngadèngèkeun wè, tibatan panÂjang lalakonna mah. Komo deui ayeuna mah geus kaasup kana golongan maki, manus aki-aki, beuki gancang ambek jeung gampang kasigeung, teu kaopan pisan. Sigana tèh, nu kitu tèh panyakit lumrah, umum ka ungÂgal manusa, beuki kolot umurna beuki delitan. Komo anu geus rada bau-bau taneuh mah. SakaÂpeung mah, rada harorèam tah ngobrol jeung aki-aki samodèl kitu tèh, sabab sok hah deui, hah deui. Ma’lum pangdèngèna geus rada kaganggu. Sakapeung mah sok sarwa salah, ari lalauÂnan tara kadèngèeun, parengan rada tarik majar tèh, siga nu amÂbek, make gogorowokan sagala.
Jelema, saur anjeunna, kirata tina merejel tina beuteung ema, orok wè lah. Jadi lamun anak Adam kudu dihuapan waè kawas orok, can nyaho kana jati dirina jeung kawajiibanna. Lamun èta jelema umat Islam kudu geus hideng dina ngalaksanakeun shalat, sabab èta kawajibanna.
“Anu delitan, pundungan, teu daèk ngadèngè nasèhat nu lian, asa aing pangpinterna jeung pangbenerna, asup kana golongan jelema,â€pokna tatag pisan. Sedengkeun manusa mah, jelema anu geus nyaho kana diriÂna sarta manggih saha jatidirina.
“Ari manusa?â€
“Manusa mah kiratana, mana nu sia hartina geus nyaÂhoeun hak jeung kawajibanna. Geus bisa milah-milah, ieu meuÂnang itu henteu, èta haram, ieu halal. Hartina dirina teu ngaboga-boga. Sakabèhna baÂrang injeuman. Waruga jeung nyawana mangrupa injeuman ti Allah SWT, anak pamajikan, harÂta banda, ukur barang titipan. Ngaranna ogè barang titipan laÂmun sawaktu-waktu dipènta ku nu bogana nya kudu dibikeun. Geus kitu salila dinjeumkeun kudu dirawat sakumaha misÂtina,†waler Ki Andi. Umumna, ukuran jadi jalma tèh nyaèta pangkat, jabatan jeung harta banda. Pan aya paribasa tuh anak Pa Anu mah geus jadi jalÂma, ukuranna geus boga imah gedong, mobil, pangkat atawa jabatan. Harta bandana bru di juru, bro dipanto, ngalayah di tengah imah, sawahna upluk-aplak, kebonna lega, balongna gedè, mobilna pabalatak. Anu kitu ceuk ukuran dunya geus jadi jalma, can tangtu jadi manusa. Naha geus ngaluarkeun zakat maal tina hartana, naha geus ngalaksanakeun naèk haji, kusabab geus kawasa di jalanna, jeung kawajiban lianna. Lamun geus jadi manusa mah, geus tara daèkeun ngadahar barang haÂram, ngalèjokeun batur, nindes jalma leutik, dasar kawijakanna mihak ka rahayat leutik, lamun èta jelema dikersakeun jadi paÂmingpin. Dina surat Ad-Dzariyat ayat 56, Allah SWT ngadawuh anu tarjamahan bèbasna, yèn saenyana pangna Allah SWT nyÂiptakeun jin jeung manusa tèh taya lain pikeun ibadah, nyemÂbah ka Alllah. Sedengkeun dina ayat sèjènna nyaèta dina Surat Al Anam jeung Al Baqarah- AlÂlah negeskeun yèn saenyana AlÂlah hayang ngajadikeun manusa jadi khalifah di dunya.
“Kitu ogè dina surah Al Anam, disebutkeun yèn saenyaÂna, shalat, ibadah, hirup jeung paèhna manusa anging kanggo Allah Nu Maha Murbeng Alam. Tah pituduhna geus jelas pisan kudu kamana nya lunta. Nu nyaÂhoeun kana urusan èta ayeuna mah geus loba pisan. Ulama loba, Kiai aya di mana-mana, syiar IsÂlam teu sirikna di unggal tempat jeung unggal waktu. Kari uraÂngna, naha rèk nèangan atawa cicing waè,†saurna tandes pisan.
“Jadi geuning tètèla loba anu geus jadi jelema tapi can jaradi manusa, lamun kitu mah!†ceuk gerentes hate. (*)
Bagi Halaman