Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KACAPRIT kana calna, hongma jaken pa, wato lobabel ingna, bakana kana longwit tikan ka, nganwe teugi teugi sakeun son­gan. Kalimah di luhur lain meu­nang nyutat tina salah sahiji buku “Sunda buhun., anu basana teu kaharti ku jalma biasa kawas kur­ing. Kalimah èta lain tina basa deungeun, boh ti Inggris, Per­ancis atawa Romawi pèdah aya kecap Longwit atawa wato. Ka­limah di luhur sabenerna ucap-ucapan budak cadèl anu kakara diajar nyarita ka lanceukna. Lamun diucapkeun ku geus bisa ngomong kalayan bener, kira-kira eusina kieu :

Kacapirit na calana, ngabo­hong ka ema engkè dibèjakeun ka bapa, dahar sambel loba teuing sambelna. Nyokot duit tina calana bapa, teu bagi-bagi, rasakeun ku sorangan.

Jigana èta budak tèh mupuas ka lanceukna anu ngadahar soto sorangan waè, duitna meunang nyolong tina calana bapana. Pikeun indungna basa kitu pasti kaharti kacida, sabab sakumaha hèsèna basa / caritaan budak, pasti karampa kamana loyogna. Di antara indung jeung anak, geuis pasti aya rasa, basa anak jeung indung atawa sabalikna dijerona aya rasa anu clik putih clak hèrang. Komo budak leu­tik kènèh pisan mah. Bèda deui jeung anu papalinter, pinter nga­bobodo, ngalèjokeun jeung nipu nu lian. Tah lamun geus gedè jeung pinter sarta geus jadi politi­kus (sanajan teu sakabèhna), ba­sana pasti geus aya jangjangan, pinter ngèlès jeung teu bisa ditar­jamahkeun salancar. Tong boron­ing ahli politik dalah anu birokrat ogè teu bèda jauh. Ti mimiti ekse­kutif jeung yudikatif ogè pan loba ngagunakeun basa anu mèmang ngahaja di sina multitafsir. Nu kitu tèh lain ngan saukur pagawè rèndahan, malah nepi ka Sekre­taris Mahkamah Agung ogè teu jaih bèda. Sanggeus sababaraha kali teu ngaku, sanggeus kade­sek ku lobana bukti mah, ahirna ngaku sarta mundur tina jabatan. Kajadian di sababaraha tempat, Gubernur, Bupati, Jaksa nepi ka Pulisina ogè pan ayeuna tèh mani ramè, loba anu ditèwak ku KPK, Jaksa nèwak eksekutif, èh Hakim jeung Jaksa ogè ditèwak ku KPK. Puguh ogè rada anèh, patugas hokum anu sakuduna ngadeg­keun hokum ditèwak kusabab ngarumpak hokum. Kitu ogè anggota legislative make kongka­likong jeung eksekutif, babaren­gan ngadagoan duit nagara. Tah anu kitu mah geu kaleungitan rasa, boha rasa èra atawa rasa dosa.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR
============================================================
============================================================
============================================================