Wangunan Sunda? Ukur aya dina internet, bari mènta ban­tuan ka Mbah Google. Palebah dieu kawijakan pingpinan dina mutuskeun anu aya patalina jeung budaya atawa kasajara­han Kasundaan diperlukeun pisan. Teuing teu ngarti atawa pura-pura teu ngarti tah !

Pantun anu salengkepna nyaritakeun ngaran Bogor sar­ta balukarna lamun teu malirè atawa ngahina ku sikepna anu calutak sakumaha disebutkeun dina padalisan, Amun kadupak bakal borok nu ngadupakna, tah cokorna, moal geuwat ca­geur tah inyana. Amun kata­jong, matak bohak nu na­jongna, moal matak waras tah cokorna. Tapi amun dijieun kèkèsèd, sing nyaraho! Isukan jaganing gèto, bakal hudang patingkodongkang, nu nga­warah si calutak. Tah kitu, laju adegkeun èta dayeuh, laju nga­ranan Bogor.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

“Kasaktian” Pantun Pacilong anu nyebutkeun bakal hudang patingkodongkang nga­warah si calutak ayeuna keur diuji deui, sanajan geus aya tilu urang anu asup samèmèhna, sarta rombongan jeung nu li­anna. Pa Cilong anu hirup di jaman Walanda sarta ngamèn kaditu-kadieu, bari mantun, geus bisa nyiptakeun hiji pan­tun anu kacida rohakana, bari tangtuna pendidikanna teu sabaraha, sabab di jaman har­ita mah, hayang sakola luhur tèh hèsè pisan. Ukuran turuna mènak anu bisa sakola luhur, cacah mah geus bisa sakola ra­hayat ogè geus kacida hèbatna.

BACA JUGA :  PENTINGNYA SERAGAM SEKOLAH UNTUK KEBERSAMAAN

Tah ngeunaan, saha Pa Cilong ieu, dikorèhan kamana-mana ogè, welèh taya raratan­na, lamun enya Pa Cilong kungsi aya kumelandang di Bo­gor, naha dimana kuburanna, sabab jamanna tèh lain jaman batu, geus kadieunakeun. Sa­bagian aya anu nyebutkeun yèn makam (patlisan)na tèh aya di wewengkon Kulon. Tapi nu­mutkeun Kang Iman Sobar, ura­ng Buniasih, makam Pa Cilong aya di wewengkon anjeunna, dikuribeng ku pager beusi sarta di jerona aya majlis pangajian. Yu ah, urang saksian, “kasak­sian” Pantun Pa Cilong kahare­upna. Naha aya lalakon anyar pikeun pajabat Kota Bogor? Wallahualam bissawab. (*)

Halaman:
« 1 2 » Semua
============================================================
============================================================
============================================================