Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAH di dinya, ku Andika adeg­keun èta dayeuh, laju ngaranan Bogor. Sabab Bogor tèh hartina Tunggul Kawung. Ari Tunggul Kawung, èmang ogè euweuh hartina, euweuh sotèh ceuk nu teu ngarti… jst. Sanajan teu di­judulan, pikeun sabagèan war­ga Kota Bogor, anu resep ngu­lik sajarah jeung datang atawa diondang dina Rapat Paripur­na Istimèwa mièling milangka­la Bogor unggal tanggal 3 Juni, pasti nyahoeun lamub èta Pan­tun Ngadegna Dayeuh Bogor, meunang Pa (Ki) Cilong.

Sakurangna aya dua kagia­tan dina poè èta (milangkala) nu kahiji macakeun Pantun Pa Cilong jeung sajarah Bogor dina Basa Sunda. Saking pent­ingna Pantun kinarya Pa Cilong ieu, unggal taun dibacakeun dina Rapat Paripurna Istimèwa deuih. Hartina pingpinan DPRD Kota Bogor jeung Walikota, sarta nu lianna nganggap yèn kajadian èta kawilang penting. Sanajan sakitu pentingna, di sakuliah Kota Bogor, taya pisan “pèpèling” ngeunaan pantun ieu. Sugan pèdah di Bogor mah baheulana kungsi aya puseur kabudayaan kusabab baheulana kungsi aya Karajaan Sunda Ga­luh (Pakuan Pajajaran) anu di­rajaan ku Sri Baduga Maharaja anu kaceluk ka awun-awun ka­koncara ka janapria, aya prasti Pacilong. Boh di panto gerbang mangsa asup ka Kota Bogor, di sakola-sakola, di taman-taman anu ayeuna keur diwangun di­mana-mana, ih henteu.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Lamun kitu palebah mana ngahargaan jeung malirè kana kasajarahan Bogor pituin (lain jaman Kolonial Walanda, ja­man panjajahan, anu ayeuna kuer di agung-agung). Lamun tèa mah di taman-taman aya “prasasti” Pantun Pa Cilong di sababarah tempat, sakurangna urang Bogor (bisa budak sa­kola, kolot, aki-aki jeung nini-nini) atawa anu kungsi nyaba ka Bogor nyahoeun kana ayana pantun ieu. Jadi lamun di Tan­ya naon ciri Bogor, henteu ng­abigeu, lain ngan saukur nga­jawab taleus Bogor wungkul.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Ulah ngaku-ngaku prasasti Batu Tulis, sabab èta mah geus ti baheula ayana. Kitu ogè la­mun urang ditanya, kumaha ciri mandiri wangunan Sunda? Barudak ayeuna yakin moal apaleun kana Gajah Ngupuk, Parahu Kumurep, Capit Gunt­ing sarta nu lianna, sabab taya contona pisan. Anu bisa ditem­pokeun jeung “dipikareueus” sakali deui wangunan jaman Kolonial, sèsa pangjajahan anu geus dijadikeun Benda Cagar Budaya (BCB) ku Dines Kabu­dayaan, Pariwisata jeung Eko­nomi Kreatif Kota Bogor.

============================================================
============================================================
============================================================