Hariring-Dadang-HPDitulis Ku : Dadang H Padmadiredja

SAUMUR nyunyuhun hulu,  kakara nyaho  kumaha anu disebut tari Tayub, komo palsafahna mah. Ari ngadèngè mah remen, tapi nu kumaha tari Tayub,  sumpahna ogè daèk beunghar kakari  poè Kemis mangkukna. Panasaran naon anu dimaksud tari Tayub tèh mènta tulung ka Aki Google, geuning  ceuk dina katerangan anu kabaca mah, Tayub mangrupa salah sahiji kasenian tradisional  ti Bojonegoro, sarta bener tarian warisan ti para karuhun.

Nu narima biasana duaan nepi ka wewelasan urang . Namung numutkeun katerangan Kang R. Wawan Dewantara, di Bogor ogè aya, malah tarian ieu kènging ti apana, apana ti akina nepi ka uyutna.  Baheulana, saur Kang Wawan Dewantara, tarian ieu digunakeun di rèngrèngan dalem, tujuanana pikeun ngahijikeun para mènak ti mana-mana. Malah, dina prakna mah, sarana pikeun nyebarkeun agama Islam.  Bisa jadi di Tatar Sunda ogè, geus aya ti babaheulana, pasualanana sigana tèh kurang ngajomantara wungkul.

“Nu nari tayub, biasana nganggo acuk takwa, tur jumlah kancingna ogè genep, anu nandakeun rukun Iman,”saurna tèh. Kitu ogè, dina gerakanana tèh aya nyawang, lentong katuhu jeung  lentong kènca ditambah ku sembah, ngahijikeun dua leungeun dina palebah dada.

Lentong kiri jeung katuhu, maksudna sakabèh sikep di dunya, kudu dipikirkeun alus gorèngna, kudu asak jeujeuhan. Sawatara nyawang, hartina, kahirupan urang mah geus kudu mikiran ka hareup, sabab anu geus kaliwatan mah geus jadi panineungan, moal bisa dibalikan deui. Nu kudu dipikiran mah nyaèta poè ayeuna jeung kahareupna, kumaha carana sangkan kahirupan leuwih alus ti anu dipigawè samèmèhna.

“Hanjakalna, para pajabat pamarèntahan urang kurang waspada jeung narima, mangsa ku urang Walanda diasupan ku inuman anu matak mabok. Jadi wèh tari Tayub anu baheulana pikeun nyebarkeun agama Islam tèh, jadi gorèng jeung kiruh tungtungna,”saurna daria. Kitu deui, basa diterangkeun ku MC, yèn anu bisaeun (ngawasaan) tari ieu mung ukur duaan, salah saurangna Kang Wawan tèa.  Mun enya jiga kitu asa ku nyaah pisan, sakurangna kudu aya regenerasi, ulah nepi ka tumpur.

“Tarèkah Ibu Dewi Djukardi dina raraga ngamumulè pusaka budaya, kawilang hade, ngan leuwih alus deui lain ngan saukur saayeunaeun wungkul, manjang jeung tuluy-tumuluy, nepi ka ngahasilkeun generasi panerus,”saurna deui. Saujratna, aya sababaraha kasenian tradisi Sunda anu di jaman kiwari geus teu bisa ditempo ku balarèa, ceuk basa gaulna mah jadi eksklusif, ukur dipintonkeun di gedong-gedong jeung di tempat hajatan wungkul, sarta teu bisa rasakeun kaèndahanana ku balarèa.

Tarèkah pikeun ngajomantarakeun Seni Sunda sangkan henteu “eksklusif” geus dilaksanakeun ku sababaraha seniman Bogor, kujalan minton di Taman Kencana. Tapi ukur sababarah bulan, kusabab taya waragadna.  Lamun tèa mah aya nu haat ngamodalan, boh dianggarkeun tina APBD, komo aya sponsor mah, asana tèh pintonan anu dua minggu sakali di Taman Kencana tèh moal pati jajarigjeugan teuing.  Unggal rèk minton kudu kukurilingan pikeun nèangan soundsystem, aya nu nginjeumkeun gratis, masih kènèh dibingungkeun ku nèangan ongkos pikeun ngangkutna.

Padahal ceuk itungan, lamun sakali minton dianggarkeun sajuta waè, geus lumayan cukup pikeun mantuan para seniman anu maranggung di Taman Kencana. Lamun sakali minton sajuta, sabulan ukur dua juta, dina sataun dijumlah-jamlèh ukur Rp 24 juta. Rarasaan pikeun, jalma anu jaregud mah, duit sakitu tèh, teu dianggap loba, sabab ceuk bèja aya nu bisa mèakeun duit sapeutingna tèh nepi ka tilu jutana.

Urusana mah, ukur malirè jeung teu malirè wungkul, atawa kumaha carana sangkan anu baroga duit, bisa lèah hatèna pikeun mantuan. Enya lamun ngandelkeun ka saurang mah, bakal karasa beurat, tapi ku rèrèongan mah, asana tèh teu sabaraha. Lebar pisan lamun sumanget para seniman anu sakitu ngagudugna, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, kulantaran kurang pangrojong, lir lampu cempor bèakeun minyak lantung, beuki lila cahayana beuki cieuy, satuluyna, pes wè pareum. Muga wè atuh nya, aya nu haat nulungan, kituna tèh bari jeun songna, lain ngan saukur dina biwir wungkul. Sugan wè kahareupna mah, Tari Tayub tèh bisa minton di taman-taman.