Hariring-Dadang-HPNEMPO barudak sakola di Kota Bogor anu geus marakè baju adat Sunda, hate rada reugreug, sabab sakurangna, generasi ngora tèh geus nyahoeun kana pakèan budayana sorangan. Pangaruh tipi anu remen pisan ngagul-ngagul pakèan luar nagri, kayaning jas, dasi jeung nu lianna sakurangna bisa mangaruhan barudak sakola. Dina palebah dieu mah rada sirik ogè ka Nagara Malaysia jeung Karajaan Brunei Darsussalam, pamingpinna remen ngagunakeun pakèanna (Malayu). Sawatara urang mah, ukur baju batik di sagigireun jas tèh. Sabab ningali sarèat mah, barudak urang leuwih resepeun kana budaya bangsa deungeun anu cenah leuwih modern. Sabab ceuk pamanggih saayeuna, kiblat fashion atawa model-modèl baju, lolobana ka Beulah ditu, hususna Kota Paris, Francis anu diagung-agung, lain dina urusan èta wungkul, dina minyak sengitna ogè, bangsa urang leuwih resepeun marakè anu buatan sarwa luar nagri.

Rarasaana tèh, asa can modern lamun can make parabot anu lain buatan Beulah ditu. Padahal iklan, pèpèling pikeun ngagunakeun barang buatan sorangan, teu kurang-kurang, boh di tipi, radio atawa dina Koran-koran, tapi sigana tèh kawas anu ngawurkeun uyah di laut. Numatak sakapeung mah, rada bingung kudu ti mana ngamimitianana. Kitu ogè dina gambar-gambar dina kadaharan barudak, sanajan dijieunna di urang, gambarna tèh angger wè pahlawan bangsa deungeun, kayaning Jiban, Superman, Batman jeung Robin, Doraemon, ah pokona mah sarwa beunang batur wè. Padahal pikeun gambar wungkul mah, pan aya Bima, Gatot Kaca, Arjuna, atawa Cepot Dawala Garèng. Lain ngan semet dinya wungkul, saur Kang Eman, sababaraha jalan di jero komplèk paimahan, jeung ngaran-ngaran tempat ogè ayeuna mah bauna, geus bau Eropah cenah. Padahal di urang ogè, loba ngaran anu alus jeung payus dipakè sarta ngandung kasangtukang anu raket jeung ngaran-ngaran èta.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

“Jadi bangsa urang dina urusan budaya keur dikepung wakul buaya mangap,”pokna daria. Sing waspada, saurna salah sahiji cara pikeun ngancurkeun bangsa tèh nyaèta budayana, ampir sarimbag jeung ngancurkeun agama tina aqidahna. Baheula kusabab bangsa urang dina agama hèsè dipangaruhanana, ditèangan pasualan anu kacida sapèlèna tapi keuna. Ceuk dongèng salah sahijina nyimpen pasaran (tempat ngagotong mayit) di masjid, satuluyna dibungbuan ku carita-carita pikasieuneun ngeunaan jurig anu sok aya dina pasaran ka barudak. Atuh barudak tèh tara daèkeun shalat Subuh ka masjid da sieuneun, lila-lila mah, jauh wè ti masjid. Sabab harita mah masjid tèh lain ngan saukur pikeun ngalaksanakeun ibadah shalat wungkul tapi syiar Islam. Geus jauh ti masjid, dijejelan ku rupa-rupa pamaènan, ti mimiti kartu jeung nu sèjènna, sangkan poho kana waktu, satuluyna inuman jeung rupa-rupa barang haram sèjènna, kayaning ganja, madat , narkoba. Jadi wèh bangsa urang tèh ngalaman karuksakan anu pohara kacida.

BACA JUGA :  MUDIK MENDIDIK KITA UNTUK GAS POL SEKALIGUS SABAR DALAM HIDUP INI

Kitu ogè dina urusan budaya, mangaruhanna tèh ti sisi ti gigir, luhur handap, tukang hareup. Dina urusan pakèan wè diciptakeun You Can See, Tank Top, Rok Mini, anu nepi ka nempokeun sikluk-sikluk awak, di sagigireunana dikirim situs-situs porno anu kalayan laluasa bisa dibaca di internet, rek teu picilakaeun kumaha. Uteukan dipinuhan ku rasa panasaran tin gambar porno, di jalan disampakeun pakèan anu matak ngahudangkeun birahi, di warung disadiakeun inuman anu ngaleungitkeun akal, disayagikeun alat pikeun ngamankeun nafsu, atuh nya jadi pisan ruksakna tèh. Ditambahan ku kolot-kolotna anu ngabèbaskeun arulin peuting bari teu pernah tetelepèk kamana jeung saha ulinna, malah jangjiana ogè cukup ku SMS, teu barèbèja heula. Mangsa geus kacilakaan anu ripuhna tèh saha deui lamun lain indung bapana.

Iket atawa totopong anu keur ramè dibèjakeun dina unggal media, lain jaminan pikeun nyinglarkeu èta, ieu mah ukur totondèn yèn mangsana urang Sunda nginget-nginget budaya karuhunna. Sakurangna ku boga rasa èta, aya kamalirèan kana kabiasaan karuhun anu tètèla loba pisan araheunana.
“Tah ayeuna mah kendangna geus dipadungkeun, goong geus ditabeuh, kari breng ngeusian ku rupa-rupa budaya anu aya,”pokna deui. Enya kitu, yèn urang tèh keur tatan-tatan, saentas nguniang hudang?

============================================================
============================================================
============================================================